PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Kamis, 02 Juli 2020
L: lalaki
A: Awéwé

A: “Néng téh bingung, kapidangdung.”
L: “Na ku naon?”
A: “Duka kalah ngangseg dibandunganana ogé. Sebel Néng mah.”
L: “Ari Néng ku naon? Hég carita, aya naon?”
A: “Nya apan ayeuna téh sanés jaman Siti Nurbaya nya. Leres teu A?”
L: “Maksadna?”
A: “Enya sanés usumna pasang jodokeun murangkalih. Piraku wé Néng téh badé diamprokkeun sareng pameget anu teu dipisuka. Bujeng-bujeng suka, ningalna gé da geuleuh.”
L: “Aéh, ké heula. Naha maksadna Néng badé dijodokeun kitu?”
A: “Enya leres A.”
L: “Ka saha, urang mana?”
A: “Duka wartosna mah urang Pasiringan.”
L: “Kantos ka bumi.”
A: “Kantos. Ih A nya, sajaba ti kolot téh da hideung si lalakina téh. Kabayang pami janten téh, matak geueuman ninggang pasatemon, xixi.”
L: “Ah na ka batur téh.”
A: “Enya leres atuh, A. Sanés tipe Néng pisan. Kahoyong mah nu sarimbag, keun teuing teu patos ogé kétang, mung nu rada leuheung lah katingalna. Da ari bogoh mah bogoh ka Si Jungkok Néng téh, hehe.”
L: “Ih mana kersaeun ka nu goréng patut.”
A: “Aa mah ih.”
L: “Teras éta naha bet dijodokeun sagala?”
A: “Kieu yeuh A.”
L: “Enya kumaha?”
A: “Sok rajeun kukupingan nalika mamah sareng abah nuju ngobrol. Kawas nu nyawalakeun sangkan Néng kedah énggal-énggal nikah.”
L: “Hmmm... teras.”
A: “Tah kelerasan aya nu hoyongeun ka Néng téh, A. Salasawiosna urang Pasiringan éta. Duka ngilik kana naonna abah téh dugi ka maksa sangkan amprok. Mung saur béja mah nya si lalakina rada jegud, enya rada beunghar, bari gaduh pausahaan nyalira deuih.”
L: “Aéh da saé atuh Cunéng. Kantenan gaduh pausahaan mah, moal matak hariwang.”
A: “Na ari Aa. Apan Aa nu ngajarkeun sanés? Kalo cinta itu tidak bisa dipaksakan. Soal hati siapa yang tahu. Kitu pan?”
L: “Enya kitu téa mah. Mung badé ngiblat wae kana paribasa éta mah badé dugi ka iraha Néng, angger wé nyah ngajomblo sacan kénging nu sreg mah.”
A: “Nya enya atuh. Yeuh, Néng mah héwa ka abah. Teu paliré perkawis nu sanésna mah, anu penting bandana. Apan naon atuh namina nu kitu téh?”
L: “Matérialistis?”
A: “Éta pisan. Isin Néng mah ku réréncangan. Majar kin téh salakina goréng patut. Ih tun inji.”
L: “Hih sok ka mana karep émutan téh. Sok tinyuhkeun heula kopi! Kin urang ngalalakon.”
A: “Badé kopi naon, A?”
L: “Kapal Api aya mah.”
A: “Nya kedap Aa.”

(Serebung udud, bangun meueusan tengah poé ditimpah kopi anu caina meunang naheur ngadadak), jero haté.

A: “Aa nyanggakeun. Mung hapunten teu aya lalawuhna. Kur réstana wungkul, goréng ényé.”
L: “Sawios geulis.”
A: “Naon tadi téh, A?”
L: “Naonna kumaha?”
A: “Ih nu tadi, nu badé ngalalakon?”
L: “Aéh enya. Kieu Sarnéng, urang mah teu meunang nujulkeun yén abah sareng mamah téh matérialistis.”
A: “Maksadna?”
L: “Ké nguyup heula kopi.”
A: “Aéh enya mangga Aa. Tah cobian ényéna!”
L: “Enya lantaran abah sareng mamah ngamprokkeun Néng ka nu rada jegud . Yeuh, sepuh mah moal aya nu nyuksrukkeun, sadayana pada-pada asak warah kantenan asak riksa, moal sagawayah ngamprokkeun, beuting mah ladang sawala ka ditu ka dieu. Apan saha nu hoyong ningal nu janten putrana walurat. Pami kitu mah sugan rada dileuleuheungkeun, ngéndahan kana nasib.”
A: “Enya muhun ngartos Néng ogé. Nanging kabagjaan mah moal cekap ku banda, kantenan teu pada-pada silih pikahoyong mah.”
L: “Kitu téa mah. Apan teu saalit nu nékad papirak lantaran masalah ékonomi.”
A: “Yeuh, A. Sadayana gaduh lalakon tur caritaan séwang-séwangan. Teu beunang disaruakeun.”
L: “Néng, maksad Aa kieu. Néng tong sagawayah majar abah téh ngilik kana banda teras disebat jalmi matré. Saleresna basajan, nya alim dugi ka ningal Néng ngajerit kalaparan.”
A: “Atuh A bakat ku sebel Néng mah.”
L: “Pangna teu resep téh lantaran Néng can wanoh kana sikep tur watekna. Nu kasampak téh iwal tina cangkangna wungkul, naon tadi saur Néng?”
A: “Enya hideung bari kolot begog deuih.”
L: “Tah geuning, ngandelkeun paningal soca mah moal matak pinanggih bagja. Heug lomakeun, diajar narima.”
A: “Kin heula atuh A. Da Néng gé gaduh pilihan atuh.”
L: “Néng mah sanés gaduh pilihan, namung pilih-pilih. Kahadé, milih sareng pilih-pilih éta béda. Enya embé jeung kuda.”
A: “Apan piraku wé maksa ka nu teu hoyong. Teu saalit ning anu teu layeut pédah bénten ageman.”
L: “Ogé teu saalit anu sauyunan, cacak baheulana ladang diamprokkeun.”
A: “Leuheung-leuheung pami sauyunan. Kumaha pami henteu?”
L: “Matak ogé tong sok pasang ngageuleuhkeun. Kitu tah ngandelkeun alak-ilik jeung loba dédéngéan téh. Saur Aa ogé heug paluruh heula, lomakeun! Apan abah sareng mamah mah ngamprokkeun ogé lain rék nitah harita kawin. Cik geura wawanohan heula.”
A: “Ah angger ning A, dumareuda, eungap kakupingna ogé.”
L: “Matak sing déwasa geura. Ulah ngukur waé kana kujur. Sok tumutkeun sakumaha kahoyong abah sareng mamah. In Sya Allah Aa mah ngarojong.”
A: “Aa...!” (Hiks... Hiks... Hiks... )
L: “Baku manéh mah Sarbonéng. Kalah ceurik.”
A: “Alim Aa alim.” (Hiks... Hiks... Hiks... )
L: “Badé dugi ka iraha, bageur. Meujeuhna Néng téh.”
A: “Aa... Néng mah angger hoyong ka pilihan Néng.”
L: “Sok teu beunang diwarah. Cik saha kitu beubeureuh atawa nu dipikaresep téh?”
A: “Aa....”
L: “Enya saha?”
A: “Nya Aa.”
L: “Aa mana?”
A: “Aa nu teu weléh ngélingan Néng. Sok sanaos urang tos teu aya kakaitan ogé geuning rasa nyaah mah angger karaos, A.”
L: “Hmmm deudeuh teuing. Nya sami pami wawartos mah. Namung urang tos bénten, teu siga baheula. Aa mah asa ngaadikeun ka Néng téh.”
A: “Aa Néng kumaha?” (Hiks... Hiks... Hiks... )
L: “Tos ayeuna mah geura tumut ka abah ogé ka mamah. Sing tiasa tumampi. Jep, répéh, ngéwa.”
A: “....”
L: “Mirun seuneu angguran jung. Tos tabuh hiji geuning. Aa mah badé teras mulang, badé ka kebon.”
A: “Aa....”
L: “Jep ah. Henam ka ditu. Aa ti payun nya. Assalamu'alaikum.”
A: “Wa'alaikumsalam Aa. Ati-ati tong tarik-tarik teuing nyandak motorna.”
L: “Hooh, kitu wé nya.”
A: “Ih Aa kedap. Acis Aa kakantun.”
L: “Keun kanggo Néng éta mah. Kanggo jajan.”
A: “Ih Aa mah.”
L: “Nya Assalamu'alaikum.”
A: “Wa'alaikumsalam. Ati-ati Aa.”

Cag