PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Senin, 31 Juli 2017
Yasana: Mahmud

     Pasosorè, panonpoè geus condong ka kulon. Langit béngras narawangan. Keur jajaka nu séngsérang panon mah kapapag pisan haténa hayang nongkrong ka jalan.
"Kang ... Kang ...!" kadèngè Si Édih, babaturan nyalukan di luar. Geuwat kuring mareuman TV anu ti tadi ngabaturan kuring ku lagu Siti Nurhaliza. Gura-giru kuring nyampeurkeun Si Édih.
"Siap ...!" ceuk kuring bari nyéréngéh, atoh aya batur manggihan si èta ... nu pasini jangjian.
"Lain ... anteur ka nini uing yu sakeudeung!" ceuk Si Édih.
Haté mah embung, teu panuju kana ajakanna. Ngan asa teu genaheun ari nolak sobat dalit mah. Nya rada kapaksa ogé ngahayukeun téh.
"Piraku meunang dangdan bèbèakan kieu kalah ditempo ku nini manèh ...?" cekéng, kukulutus bari leumpang nuju ka imah nini Si Èdih.
     Sèahna sora daun awi katebak angin, tongérèt réang dina tatangkalan sabudeureun imah nini Si Èdih. Asa nambahan kana teu betahna kuring. Kulusad-koléséd diuk téh bakating hayang buru-buru balik.
"Dih ... buru atuh cuang balik, koh moal lila!" cekéng ngaharéwos bari nyiwit bujur Si Èdih.
"Kéla sakeudeung deui" témbalna. Jongjon manéhna mah betaheun pisan katingalina téh. Da éta wé kalah nyantéi gogoléhéan.
Ari ninina sanggeus ngawangkong sakeudeung téh léos ka dapur.
"Hayu geuwat ucu, kasèp aremam heula ka dieu ...!" sora ninina satengah ngagorowok ti dapur nawaran dahar.
"Manéh wungkul jung, uing mah embung" cekéng bari nyurungkeun tonggong Si Èdih.
"Hayu ...!" ulah nampik rezeki, pamali, barokah ti nini!" ceuk Si Édih ngajiwing leungeun kuring satengah maksa.
Keur mah beuteung wareg, haté inget ka si éta téa anu boa keseleun ngadagoan, mani asa teu kaduga nyolék sangu téh. Rurat-rérét kana deungeun sangu sugan aya nu pikabitaeun, angger asa murengked euweuh nu matak gumétap.
"Ngan itu naon, aéh kornét ning," gerentes kuring bari nyomot. Laju dihuapkeun.
"Naha garihal ...!" beu horéng pais teri dikalapaan campur irisan cabè beureum. Deuh ... mingkin rieut haté.

#SCS_Carpon_Mahmud.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Evi Sulastri

     Mang Oman ngaranna téh. Geus dalapan taun gawé di Sakola SMA Negeri 1 Kancana. Sanajan Buruhna leutik teu nyukupan keur pangabutuh sapopoé tapi dilakonan pinuh ku kasabaran. Ngabogaan sipat jujur. Umurna karék nincak lima puluh taun.
Kabeneran harita téh keur usum hujan. Langit kacida angkeubna, di luhur pihujaneun geus ngagarayot. Dangdaunan katebak angin tingsaléor. Gelap tinggurilap, tingjelebét patémbalan matak awor, teu lila cur hujan siga nu ditamplokkeun.
     Lantaran inget kana tugas jeung kawajiban, maksakeun indit gawé maké payung bari kikiciprikan. Leumpang mapay-mapay galengan malipir jalan sabab jalan nu pangdeukeutna ka sakola. Unggal poé jalan ka dinya motong jalan, bari paningalina ka jauhna. Boga harepan amisna hirup tangtu bakal kalakonan.
Satepina di sakola, gancang muka gerbang sakola nu tukang, tuluy sasapu hareupeun kelas dituluykeun ngepél. Keur ngepél ti tukangeun geus kadéngé keteplak-ketepluk sora sapatu siswa nu geus mimiti daratang. Téras nu karék dikepél jeung baseuh kénéh ditarincak sangeunahna, nya puguh ledok deui-ledok deui, teu kaur anggeus. Sanajan kitu tara ngarasula komo mun ambek mah. Kahayang mah ambek, tapi jaman ayeuna téa mun ambek gé teu bisa sagawayah. Mun ambek kudu maké uteuk bisi kaduhung engkéna. Jalma kiwari téa teu kaopan, nanaon dilaporkan. Kumaha mun keur ambek téh dipoto atawa dirékam ku siswa terus dilaporkeun ka indungna, indungna ngadu deui ka pihak sakola. Bakal cilaka dua belas bisa-bisa dipecat ti ieu sakola.
     Geus réngsé ngepél dituluykeun ka taman sakola bagian ngusen kekembangan, mun halodo diséboran maké émbrat ngalaan caina. Tamanna lega jeung loba pepelakan. Kitu jeung kitu unggal poé, matak pantes ari kausen taman téh jadi asri, dangdaunana ngémploh héjo, tatangkalanana ngaroyom matak betah keur siswa dariuk dina waktu istirahat.
     Poé isukna di sakola rék ngayakeun hiji kagiatan nya éta kagiatan Musapala, Mang Oman asup kana kapanitiaan, meunang pancén ngabaturan, ngabantuan, jeung ngajagaan barudak. Musapala tempatna maké kelas XI IPS 2 dilaksanakeunana ba’da Asar nepi ka peuting, kabéh siswa dikudukeun ngéndong tangtu Mang Oman kudu milu ngéndong. Kira-kira ba’da Magrib kabéh istirahat.
     Sanggeus acara réngsé runtah ambalayah di mana-mana, korsi jeung méja tingjumpalik, témbok kalotor. Mang Oman teu langsung balik tapi méréskeun heula kelas. Kira-kira wanci Lohor karék réngsé. Langit geus poék pihujaneun geus ngagarayot, tinggal dicurkeun. Mang Oman gura-giru balik ka imahna. Can gé nepi ka imah cai hujan turun mantén. Satengah lumpat leumpangna sieun kahujanan. Bakat ku rusuh jeung taneuh leueur tisereuleu nepi ka awakna tigedebut, sukuna pisan nu beunang, tiparieus. Mang Oman kapaksa hudang tuluy leumpang ingkud-ingkudan muru ka imahna.
    Awak rancucut baseuh jeung bajuna laledok tayohna labuh kana cileuncang. Tepi hareupeun imah, Mang Oman ngagoroan ka pamajikanana, Bi Ésih. Pamajikanana norojol reuwaseun nempo Mang Oman keur ésod-ésodan sukuna semu digusur.
“Jiiihna ari Bapa kuvnaon?” ceuk pamajikanna.
“Tiseureuleu, sigana misalah," ceuk Mang Oman.
    Pamajikanana gancang nyangkéh, Mang Oman dibawa ka tengah imah tuluy digolérkeun dina dipan hareupeun tipi. Song cai diasongkeun, regot-regot diinum bangun nu halabhab.
   Sababaraha poé dampal sukuna beuki ngabareuhan, sanajan geus di pencét ka Ma Uti. Tapi can aya karasana. Kapaksa unggal poé ngagolér sabab sukuna teu bisa diusikkeun jeung teu bisa gawé di sakola. Isukna, Pa Budi ngarasa hémeng panto gerbang can dibuka, gelas pabalatak kénéh can dikumbahan, kantor guru jeung téras hareupeun kelas can disapukeun. Dua poé, tilu poé les teu datang. Pa Budi nanyakeun ka sababaraha babaturanna, weléh euweuh nu apalan. Bakating ku panasaran, balik sakola boga maksud rék nyampeurkeun ka imahna. Satepi di imahna, Pa Budi colohok nempo Mang Oman keur ngagolér dina risbang bari suku nu kéncana dibalur ku réndos cikur jeung béas. Pa Budi karék nyaho yén Mang Oman gering.
     Mang Oman sasadu can bisa gawé, alatan sukuna bareuh kénéh. Pa Budi nanyakeun ka Mang Oman sugan boga dulur jang gantina. Kabeneran tatangga Mang Oman aya nu ngaranna Sukarya. Pajar mah sok markiran di alun-alun, ngan ayeuna mah keur peré heula.
     Poé isukna Mang Sukarya ngamimitian gawé. Datangna isuk-isuk saméméh barudak datang. Tugas nu kudu digawéan saméméhna geus dibéjaan ku Pa Budi. Meunang sababaraha Minggu getolna téh, tuluyna mah sok remen kabeurangan jeung loba pisan alesanana téh. Guru-guru teu pati raresepeun, beuki dieu beuki ngedul.
    Bubar sakola, Mang Sukarya beberesih di kantor, tayohna méh jongjon isuk, di luhur méja guru kasampak aya lokét. Dibuka lalaunan bari haténa mah tagiwur. Bréh di jero lokét aya KTP nu boga éta lokét. Diitung duitna, kabéhna aya sapuluh juta, karék nempo saumur nyunyuhun hulu duit nu sakitu lobana. Mang Sukarya luak-lieuk ka katuhu jeung ka kénca, haténa sabil dicokot atawa diampihan isuk dibikeun ka nu bogana. Manéhna inget pamajikanana hayang meuli tipi anyar, budakna nunggak SPP, kontrakan ngajeblug lima bulan, inget wadah béas geus ngelentrung. Teu mikir panjang deui dompét disesepkeun kana pésak calanana.

#SCS_Carpon_Evis.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Kang Emsur

     "Dul, déwék anteur meuli hénpun ka kota!" ceuk Ki Uma, ka Si Sedul.
"Wédéw, gaya euy Si Aki. Boga duit ti mana rék meuli henpun, Ki?" walon Si Sedul, bari sura-seuri.
"Kamari anak déwék anu jadi TKW di Saudi ngiriman duit lima yuta. Majar téh cenah meuli hénpun anu bisa pidiokol. Ngarah mun sono tèh bisa nempo beungeut déwék cenah," ceuk Ki Uma.
"Hayu atuh mun kitu mah. Éta meulina nu mérék naon cenah hénpunna, Ki?" ceuk Si Sedul.
"Ceuk anak déwék mah, baé anu séken ogé nu penting mah mulus no minus," ceuk Ki Uma, bari nyuruput cikopi.
     Sanggeus kitu mah, dius Ki Uma jeung Si Sedul indit ka kota.
Anjog ka toko hapé.
"Badé mésér hénpun, Ki?" ceuk nu pelayan toko.
"Nya heueuh. Piraku meuli sendal ka toko hénpun?" walon Ki Uma, bari ngadelik.
"Muhun mangga atuh! Badé mérék naon sareng nu pangaos sabaraha?" ceuk pelayan toko bari nunjuk ka hénpun anu ngajajar dina étalase.
"Euh, hénpun séken anu bisa pidiokolan. Harga mah nya nu wajar wéh. Semet dua yuta ka handap," walon Ki Uma, bari ngilikan hapé anu dipajang.
"Badé mérékna naon, Ki? Mérék Nok, Samsai, Advin, Léno atanapi naon?" walon pelayan toko.
"Euh, samah teu ngarti. Apan déwék hayang hapé séken. Naha kalah nyebut anu séjén. Ari manéh ngarti teu?" ceuk Ki Uma, rada molotot.
"Oh, muhun ngartos, Ki. Mangga kantun milih. Ieu sadayana tos tiasa pidiokolan," témbal pelayan toko, bari mésem.
"Tah nu ieu! Nu siga talenan Si Nini," ceuk Ki Uma, bari nunjuk salasahiji hénpun.
"Oh, nu ieu. Mangga, Ki. Pangaosna sayuta satengah!" ceuk pelayan toko, bari nyokot hénpun pilihan Ki Uma.
"Kumaha ceuk manéh, Dul, alus teu?" ceuk Ki Uma, bari némbongkeun hénpun tablét ka Si Sedul.
"Wah, gandang pisan, Ki. Tegep! Ngan kadé disangka talenan ku Si Nini," walon Si Sedul, bari nyengir.
"Ah samah ari nanaon téh sok aya-aya waé. Nu ieu wéh, Jang! Sabaraha tadi téh regana?" walon Ki Uma, bari nanyakeun deui hargana ka pelayan toko.
"Sayuta satengah, Ki. Dupi kartuna, badé nganggé kartu naon?" ceuk pelayan toko.
"Na geuning kudu maké kartu hénpun téh?" ceuk Ki Uma, ngahuleng.
"Nya muhun atuh, Ki. Mangga, kartuna badé nu mana, Si Biru, Si Mérah atanapi Si Konéng?" tèmbal pelayan toko.
"Si Konéng wéh mun kitu mah," walon Ki Uma, bari rada bingung kénéh.
"Oh, Si Konéng. Tapi punten, dupi Aki linggih di mana? Bilih kirang saé," ceuk pelayan toko.
"Déwék mah di Legok Hangseur," walon Ki Uma.
"Di Legok Hangseur mah anu saé téh Si Mérah, Ki. Supados tiasa pidiokolan," ceuk pelayan toko.
"Na ku naon kitu ari Si Konéng?" ceuk Ki Uma.
"Sinyalna, Ki."
"Euh samah, naha atuh ngajual kartu téh lain jeung sinyalna? Sakalian wéh mun kitu mah meuli jeung sinyalna," témbal Ki Uma.
"Sanés kitu, Ki. Di Legok Hangseur mah, tacan aya towerna."
"Euh, samah ngalilieur déwék. Nya geus kieu wéh, sakalian déwék meulina sapakét.. Hénpun, kartu, sinyal jeung towerna sakalian. Tah lima yuta mahi moal?" ceuk Ki Uma, mikeun duit sagepok bari molototan pelayan toko.

#SCS_Carpon_Emsur.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Ros Fink

    Hujan peuting nyésakeun baseuh dina tatangkalan. Cileuncang masih ngemeng dina taneuh nu legok jajalaneun. Keur wanci haneut moyan manuk tingaraclo dina dahan kekembangan anu dipelak hareupeun imah.
    Panonpoé nyorot cahayana asup ka ruang tamu. Di téras aya méja jeung korsi ngahaja keur niis ningali nu lalar liwat di jalan.
Saurang lalaki umuran tilu puluh tujuh taunan keur ngalangeu nitenan tapak cai hujan nu masih kénéh ngagarénang dina dangdaunan.
"Cinta, ngalamun énjing kénéh!" pokna bari meungpeunan mata ku leungeun, nu diuk asa ka gareuwahkeun.
"Aduh, Ayang sok ngareureuwas," pokna bari mukakeun ramo nu nutupan matana.
"Cinta, badé ngopi?" pokna bari ngalendéan diuk dina lahunan éta lalaki.
"Muhun Ayang, sok atuh kopina sareng pisang goréng kéjuna, karesep Akang!" pokna bari nangkeup cangkéng anu diuk dina lahunan. Celengok nyium tarangna deudeuh pisan. Kadeudeuh Restu nyebut ka Zia, Ayang, ari Zia ka Restu nyebut Cinta.
Teu lila kopi jeung lalawuhna geus nyampak dina méja. Pikiran Restu ngambah zaman keur manéhna masih kénéh jadi jalma teu eucreug. Ayeuna ngarasa tenang sanggeus hirup babarengan jeung Zia nu jadi pamajikanana. Duka teuing hirupna kumaha lamun teu panggih jeung Zia. Restu estuning nyaah ka Zia, ku alatan Zia Restu bisa hirup bener jeung masarakat, bisa gawé, bisa ditarima ku lingkungan.
"Ayang tadi wengi hujan nya?" pokna bari anteng neuteup baseuhna taneuh.Ngalangkang deui kajadian dua puluh taun ka tukang. Dina hujan éta aya carita getir, hirup teu puguh lunta.
"Cinta émut ka Mamah, nya?" ceuk Zia bari nangkeup ti tukang sirah disanggeuykeun kana taktak Restu, celengok nyium Restu.
Restu ukur unggeuk. Bari leungeun nyekelan ramo-ramo Zia.
Hujan pikeun Restu mah matak ka gagas, dina hujan loba carita hirup nu pinuh ku lara balangsak, ogé dia hujan aya bungahna.
Keur hujan Restu indit jeung lanceukna, sasat digusur leumpang kudu ninggalkeun imah kolotna. Lanceukna Mila mawa Restu ka imah uwana, sapanjang jalan cimata Mila jeung Restu ngahiji, bapana geus nirca jeung awéwé lain hareupeun indungna. Indungna keur gering lumpuh, teu pernah dipiroséa, anak katalangsara. Restu jadi budak badung, teu kaopan, émosian, hirupna gelut jeung gelut, sipat heuras jeung égois éta geus kapangaruhan lingkungan. Kulawarga ancur, boro lamun ngurus anak mah. Hirup Restu jadi budak jalanan, untung wé Mila nu getén ka adi mah, Restu disakolakeun, ngan cicing mah tetep jeung uwana. Indungna maot keur Restu SMA. Hirup Restu beuki teu puguh, indit ka ditu ka dieu pundah-pindah tempat.
     Keur hujan ngagebrét Restu ngiuhan di halteu, beuteung peurih ti isuk can kararaban sangu saeutik-eutik acan. Awak lungsé beungeut pias késang tiis ngucur. Teu boga duit sapérak-pérak acan, diuk nyangsaya dina korsi tunggu. Hujan beuki gedé, jalma geus coréngcang maju ka burit. Di gigireun aya wanoja keur diuk, jiga nu keur nungguan jemputan. Manéhna ngarérét ka Restu, anu katingali langlayeuseun. Éta wanoja nyampeurkeun.
"Kang nuju ngantosan jemputan, ku naon teu damang?" pokna ngawani-wani manéh nanya ka Restu. Di halteu tinggal duaan.
"Henteu, Téh,"pokna haros-hos jiga taya tanaga.
"Sok ieu dileueut heula caina!" pokna bari mikeun cai mineral nu dibawa. Leguk ku Restu diinum rarasan asa teu pati ranyay.
"Hatur nuhun, Téh!" pokna bari ngarérét.
"Akang badé ka mana, tos sonten masih di halteu?" ceuk éta wanoja.
"Akang wangsul milari padamelan mung teu hasil, tos tilu dinten kukurilingan unggal pausahaan. Teu acan karereban sangu sakedik- kedik acan ti kamari," pokna terus terang.
"Oh, dupi linggih di mana?" ceuk éta wanoja.
"Akang mah tebih, mung di kota ieu ngahaja milari padamelan, di mana wé rereb mah.
     Teu lila jol jemputan, reg mobilna eureun. Jrut turun supirna jigana mah, nyampeurkeun bari mawa payung song dibikeun ka éta wanoja.
"Kang bilih peryogi padamelan, énjing sumping ka alamat ieu!" pokna bari mikeun kartu nama. Léos indit bari teu poho pamitan. Restu nampanan kartu nama.
     Jam salapan hujan masih kénéh ngecrék, Restu nuju ka alamat nu aya dina kartu nama. Baju jibrug, turun tina angkot, sup ka hiji kantor. Amprok jeung satpam laju ngomong nyebutkeun alamat nu aya dina kartu nama. Satpam langsung nalipun ngaran nu di maksud. Restu dititah asup laju muru rohangan nu dituduhkeun.
     Bray panto dibuka, nyampak aya bapa-bapa umur lima puluh taunan, di gigireunana aya wanoja geulis teu poho nu kamari di halteu. Tayohna éta wanoja geus nyaritakeun kaayaan Restu, sanggeus diwawancara jeung ngobrol nu séjénna. Restu bisa gawédi peusahaan éta.
     Restu gawéna kapaké, keur mah percéka deuih, atuh teu kungsi satengah taun geus pindah posisi anu leuwih alus. Malah sanggeus aya Restu, pausahaan jadi leuwih maju. Restu di sakolakeun deui ku pausahaan.
"Restu, Bapa ayeuna geus percaya ka Restu, Bapa geus nganggap anak ka Restu, sok ayeuna ieu pausahaan cekel ku Restu jeung anak Bapa. Tapi leuwih genah keur Bapa, Restu kudu ngarumah tangga ngarah teu kagok!" ceuk Pa Usman. Restu bingung jeung atoh, atohna geus dipercaya, bingungna kudu kawin jeung saha, bébéné ogé teu boga.
"Punten Bapa, abdi kedah nikah sareng saha? Papacangn ogé teu gaduh," ceuk Restu bari tungkul. Asa bingung aya dipercaya tapi saratna kudu kawin heula.
"Restu, teu kudu bingung geus aya calon mah, kumaha mun ka anak Bapa?" pokna bari neuteup.
"Aduh Bapa teu wantun abdi kedah nikah sareng anak dunungan, calutak atuh."
"Bapa jeung anak Bapa geus satuju, malah anak Bapa nu ménta," pokna bari mikeun kartu undangan, Restu nampanan kartu ondangan, bray dibuka. Ngadahup Zia Anisa sareng Restu Adilah.
     Restu ngembang kadu teu sangka sacongo buuk bakal hirup babarengan jeung Zia nu bageur, soméah, daék tutulung. Sagagang kembang ros geus jadi milik Restu sagemblengna.

#SCS_Carpon_Ros.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Minggu, 30 Juli 2017
Yasana: Ravy Casper

      "Yu, Bah!" incu saged, kalacat tukangeun, "Teu hilap bekelna?" ngingetan. Bisi titah nalangan deui jajanna. "Atos, ieu," témbalna. Belenyeng motor ngadius ka tempat latihan maén balna, nu teu pati anggang ti imah anak. Can pati loba nu daratang.
Gék handapeun tangkal, bari ngararasakeun angin nu ngahiliwir. Rét ka kéncaeun, sapuluh deupaan katémbong nu keur diuk maké switer anu diuplukkeun, pangawakanana semu ngeusi, panon maling rérét kana suku bodas tur montok anu ukur maké sontog bari semu kasinglidkeun. Terr, dada asa ngageber, asa hayang sosorodotan dina éta pakulitan nu teu bina ti humut kawung.
      Nu séjén geus daratang, ayeuna mah teu luas nemen teuing ngarérétan éta tetempoan téh, inggis aya nu nangenan. Bari api-api gigideug. Panon mah nyimpang deui najan ukur sarérétan. Beuki lila, rénghap asa beurat, haté bati ngageremet.
"Emh moal teu sugema nu bogana, mun seug aing bakal mindeng mindo, da," pipikiran ka mana karep, najan pelong ka barudak anu keur dialajar ngahéden bal.
     Priiit! Pelatih muru sisi lapang, barudak nyalampeurkeun kolotna séwang-séwangan pikeun ngarinum. "Eueut Bah!" ceuk incu bari namprak, sooong, kempis diasongkeun, teu poho duit bekelna. Léos, incu jarajan jeung baturna.
      Teu bisa mungkir, panon keukeuh hayang ngarérét deui kana tetempoan anu asa éndah.
Lir dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, basa budakna anu pétét ngaliwat hareupeun bari ngagorowok, "Punya Papa paké pedes gak?" pokna.
"Dikit aja!" témbal si kokoh anu karék sidik beungeutna.
     Nyel, karasa murel. "Kasebelan, ari panya téh bikang," ukur kutuk géndeng bari gura-giru nyangking bekel incu, pindah diuk ka gul peuntas, bari haté mah hayang gura-giru mulang, atawa ngejat ti éta lapang. Tapi teu wasa sieun katanyaan ku minantu. Ahirna kuring ukur bisa nyarandé handapeun tangkal bari peureum, ngadagoan mangsa marulang. Ngemu éra ku diri sorangan.

#SCS_Carpon_RC.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Muhammad Rhamdhan Al Khahfie

      Dina hiji waktu Cépot jeung Dawala keur uplek di pos ronda. Sakapeung seuseurian bari siliséréd, silisuntik, silibeubeutkeun.
"Kang, urang tatarucingan nu éléh méré udud, kumaha ...?" pok Dawala nanya.

"Who is affraid?" témbal Cépot bari nyengir.

"Rada taohid yeuh! Nabi Adam diciptakeun tina taneuh, tah ayeuna naon anu diciptakeun tina taneuh salian ti Nabi Adam?" Dawala nanya deui.

"Wah beurat euy bau-bau ma'ripat ieu mah, taluk ah," témbal Cépot.

Dawala ngajawab deui bari seuri, "Nu diciptakeun tina taneuh salian ti Nabi Adam mah nya bata, batako, kenténg."

"Anjriiit jebakan bétmén," ceuk Cépot hayang naur, laju pok ngomong deui, "ayeuna uing. Na ku naon ari nyieun surabi tara dibalikkeun ...?"

"Nya ngarah ngeunah didaharna?" Dawala ngajawab tandes.

Cépot ngawalon, "Salah siah!" pokna bari nyokot udud Dawala. Pok nyarita deui. "Sabab nu sok dibalikkeun mah TKW ilégal."

"Géhél téh, déwék katipu. Tah ayeuna bagian uing deui. Naon basa Arabna nyaah ka pamajikan?" Dawala nanya deui.

"Ana uhibbu ajwajina," témbal Cépot.

"Karep ilaing mah. Taluk ...?" ceuk Dawala.

"Lieur, taluk da kudu apal nahwu-shorof atuh!" ceuk Cépot semu kerung.

"Nyaah ka pamajikan basa Arabna, wa'as ku munu'una," ceuk Dawala teu kireum-kireum.

#SCS_Carpon_MR.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: J S HIDAYAT

     Bulan Puasa harita téh, Minggu panungtung mun teu salah nginget mah. Di hiji désa nu perenahna aya di wewengkon Kabupatén Sumedang. Wanci geus muru ka burit, liwat ti waktu ngingsir ngulon. Di hiji lapang leutik paranti barudak méngbal, loba jalma nu keur ngaronyok. Kolot-budak, awéwé-lalaki, sarua padangagimbung di sisieun lapang.
     Aya walungan nu teu pati lega, nu misahkeun dua désa éta.
Keur usum nyeungeut lodong harita téh. Malah jiga nu dihajakeun pisan, sok aya istilahna 'acara perang-perangan' di dua désa nu natangga bieu.
     Désa Tarikolot Wétan, harita nu keur ngayakeun kamonésan di lapang téh, ngalawan Désa Tarikolot Kulon nu di peuntaseun walungan.
"Jadi saha anu rék wani nyeungeut ieu lodong téh, euy?" Kuwu Kusmana nanya ka anak buahna nu harita aya, maturan manéhna.
"Duka atuh pangersa. Ulah abdi ah, teu wantun, seun!" Hansip Usup nu di gigireun godeg, ngabirigidig.
"Jéh, silaing mah! Kumaha atuh ari euweuh nu wani mah, pasti dilélécé ku desa tatangga! Mangkaning geus jelegur deui-jelegur deui pan tuh batur mah!" Kuwu ngomong pinuh kakesel.
Jeung enyana tuda, Kampung nu peuntaseun mah geus ti tatadi mula ngamimitian ngayakeun serangan téh.
"Piraku euweuh nu wani ti désa urang?" deui-deui Pa Kuwu ngomong dibarung ku rasa hanjelu.
     Tibang silihrérét papada baturna nu araya di dinya téh.
Tuda rék teu sawan kumaha nu nyeungeut lodong, ningali senjata nu kakara anggeus dijieun. Bahan lodong dijieun tina tangkal kawung nu geus kolot, diukir dialus-alus. Diteundeun na tangkal cau manggala nu kabeneran aya dua tangkal. Diselapkeun na lolongkrang tangkal, nyanghareup ka beulah kulon. Ka désa musuh.
     Sangkan lodong teu hiber nalika diseungeut, ngahaja diheumpikan ku tatapakan imah panggung. Aya kana opatna pan. Dua di hareup, dua di beulah tukang.
Can aya nu ngomong. Can aya nu wani 'ngemban tugas nagara' ceuk paribasana. Kabéh ogé sebér haténa. Kabayang tuda pisakumahaeun eundeurna éta senjata. Sigana moal éléh ku bom sééng nu kamari ngageunjleungkeun puseur nagara.

     "Hilik ku déwék!" ceuk hiji sora ti tukangeun nu keur ngaliud.
Kabéh ngalalieuk. Ana bréh téh katingali hiji aki-aki nu geus lumayan kolot. Mun dina umur mah, moal kurang ti tujuh puluh taun. Maké pakéan sarwa hideung. Maké kaén nu dibengkerkeun dina sirah nu katutupan ku buuk panjang nu geus ngeplak bodas. Maké kacapanon hideung. Ari ka handapna, maké sapatu bot nu geus dipotong, kari satengah jangkungna téh.
"Aééh ...! Abah Jumanta ning. Abah wantun nyah, ngemban tugas beurat ieu?" ceuk Kuwu, nanya meni daria.
"Heueuh. Cikan ku déwék wéh. Geus ayeuna mah ... kabéh malinggir ka sisi!" ngagantawang.
"Wu, geus dieusian can peluruna? Tong sok ngérakeun désa urang euy!" cenah, angger semu ngajorowok.
"Parantos Abah, kantun némbak waé panginten. Seueur da tadi mésér karbit téh. Aya kana dua kintalna, seun," Pa Kuwu méré béja.
"Sukur atuh ari loba mah! Méh nyerah désa batur téh, nyah? Cikan ka dieukeun tah oncorna, Katma!" maréntah RT Katma nu harita keur nyenyekel oncor.
"Jig ka ituh ayeuna mah geura nyarumput heula. Bisi kahébos deuleu!"
Atuh nu lainna téh meni teu sirikna balecir, nyumput ka nu rada buni bari anggang. Kari Abah Jumanta sorangan nu nyésa di médan laga téh. Memener sarung nu ditalikeun na cangkéngna, laju luak-lieuk sakedapan. Bisi aya kénéh nu nyésa di dinya, ceuk pamikirna. Jang Didi mah nu harita masih kénéh umur dua taun kurang, meni murungkut na aisan indungna, Néng Kenoh.
"Iiih ... Mamah tatut!" cenah, bari ngabebeskeun beungeutna kana beulahan dada nu jadi indung. Atuh indungna téh tuluy wé ngusapan nu jadi anak, laju babacaan. Istighfar.
Kaayaan sepi comrék. Ngan kadéngé hawar-hawar sora anjing babaung ti kajauhan. Matak kukurayeun pisan anu aya di dinya.
Abah Jumanta kaciri kunyam-kinyem, mapatkeun élmu panemu, jampé pamaké. Sanggeus dirasa aman tur teger haténa, atuh jorowok wé, ngajorowok tarik nakeranan.
"Merdeka, Allohu Akbar...!" laju nutugkeun oncor kana liang lodong nu kaciri ngaluarkeun haseup ipis.
"Jelegééér ...!" alam inggeung siga nu katiban ku bom atom, eundeur. Dunya ogé asa ngariyeg sakedapan, teu mampuh nahan rongkahna sora lodong. Atuh anu tadi nyarumput téh meni burial, ka luar tina bunkerna masing-masing. Kabéh melong ka palebah lodong nu ayeuna katutupan ku haseup bodas anu mulek mumbul ka jomantara. Arolohok ngembang kadu.
     Abah Jumanta geus euweuh di dinya, jiga nu leungit ngahiang.
Patingkuciwes, nanyakeun ka papada baturna, nu dijawab ku gideug. Nya da kabéh ogé pan teu apal ka mana laratanana Abah Jumanta téh.
"Bah, Bah, Baaah ... di mana Abah ayeuna ...?" kitu rata-rata pananya nu aya di dinya. Nini Suminten mah, enya pamajikan Bah Jumanta, nu tadi mimilu nganteur pujaning ati ka médan danalaga, meni langsung adug-lajer, ceurik gogoléran. Teu maliré ka awakna nu pinuh ku kebul.
"Di dieu déwék mah. Tulungan dak euy, tulungan Abah ...!" ceuk hiji sora nu datangna ti jomantara.
Kabéh nu aya di dinya gasik ngalalieuk, muru ka tempat datangna sora. Ana bréh téh, kaciri Abah Jumanta keur nyangsaya dina dahan tangkal jambé. Pakéan rangsak, kacamata euweuh.
Buuk nu tadina gondrong téh kari sapasi. Nu sabeulah deui mah euweuh, teu nyésa. Ngan katingali tina sabeulah sirahna, haseup ipis anu ngelun.
     Nini Suminten kocéak dengék, ningali salaki geus aya dina tangkal jambé nu sakitu luhurna téh. Lenggerek wé kapiuhan, teu inget di gaganda wiati. Kasubuhnakeun, Abah Jumanta bisa diturunkeun téh. Kitu sotéh sanggeus aparat kecamatan satempat ngahallow ka kabupatén, ménta supaya dikirim mobil Pemadam Kebakaran.

#SCS_Carpon_Jshidayat.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Didih Setiadi

     Poé Saptu bagian libur gawé teu ka mamana, itung-itung ngareureuhkeun awak tos gawé saminggu, tapi sok tara betah haté mah di imah téh, hayang indit ka nu tiiseun ngarah euweuh nu ngaganggu, tapi ka mana atuh, katambah awak carapé.
     Jam dua beurang, pamajikan siga nu riweuh, pak-pik-pek kana pagawéan, malah kuring gé teu kapaliré, pajarkeun téh sieun katingaleun cenah, duka rék ka mana.
"Ah urusan awéwé meureun," pikir kuring.
     Di lapangan nu teu jauh ti imah geus ngageder musik dangdut koplo, asa ku gararandéng.
Cenah saminggu dua kali, ngagederna téh unggal poé Rebo jeung Saptu, teu apal ieuh da jarang aya di imah.
Wanci ngeus ngagayuh ka Magrib, pamajikan karék hol, bari sura seuri.
“Tos t imana ari Mamah, mani poho kana nanaon?” tanya kuring.
“Tos senam, Pa," pokna bari gék diuk gigireun.
“Ka cai heula Mah ah! Éta barau késang kitu geuning,” ceuk kuring.
“Oh nya atuh ah," pokna bari cengkat deui tina diukna, tuluy ngaléos.
“Paingan atuh ari rék senam mah meni riweuh, nepi ka poho ka salaki,” gerentes téh.
     Teu kungsi lila, pamajikan tos nyampeurkeun deui, ayeuna mah sareungit, teu cara tadi barau haseum.
“Naha pa, siga nu teu panuju Mamah ngiringan senam téh?" pokna bari ngarérét ka kuring.
“Mangga waé Mah badé senam mah, ngan ulah poho kana kawajiban! Ka salaki meni teu ngarérèt, padahal Bapa téh tara unggal poé aya di imah, hayang wé atuh sakali-kali mah di perhatikeun ku pamajikan, jeung lain miluan senam téh ngarah naon atuh, ceuk Bapa mah kacapé-capé?” tanya kuring bari jongjon lalajo tipi.
“Naha Bapa teu ningal ka Mamah, sakitu awak Mamah téh sagedé kieuna. Hyong langsing Pa matak ngiringan senam ogé, pan Bapa moal beurat panginten nyanyandak Mamah téh pami langsing mah," pokna
Kuring seuri bari ngarérét kana awak pamajikan. Mémang bener pamajikan téh awakna montok, sakalieun ménta di anteur balanja waé ka pasar, motor nu di tumpakan téh ngadeyenden beurateun.
“Ari Mamah, naha da tara diakod ieuh atuh, maké beurat sagala. Ari hayang langsing mah teu kudu senam, teu kudu diét, gampang atuh!" ceuk kuring bari nyéréngéh.
‘’Kumaha kitu, Pa?" pamajikan melong panasaran.
“Satujuan wé Bapa rékbnyandung, di jamin dua bulan gé langsing," ceuk kuring bari ngaléos ka kamèr..
Hawar-hawar kadéngé pamajikan kukulutus.

#SCS_Carpon_DS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Yulianti Hafiz

    Rarasaan wawuh jeung manéhna karék tilu bulan, tapi asa geus wawuh mangtaun-taun. Unggal papanggih jeung manéhna teu weléh uplek mun ngobrol téh, da sakur topik obrolan nu diobrolkeun téh nyarambung waé. Éndah jeung bagja aya disagigireun manéhna. Silihpaheutkeun jangji, kembang tresna mangkak ligar na ati.
    Kawas ayeuna, asa cikénéh gék dina jukut sintétis Alun-alun Bandung. Teu karasa érloji geus nuduhkeun wanci sariak layung, sakeudeung deui ogé bakal ngong adan Magrib.
Seunggah kacida rék cengkat téh, beuratna nataku asa mangku munding sarakit.
"Urang netepan magrib heula wéh yu!" Kang Galih nyarios bari cengkat.
"Hayu, Kang!" cekéng, ngiclik nuturkeun muru ka masigit.
Réngsé solat Magrib kuring jeung Kang Galih teu tuluy mulang, kalah gék deui di tempat nu tadi. Uplek deui waé, silihgonjakan. "Néng hayu atuh tos wengi!"
Kuring teu ngajawab kalah ngeluk, duka ku naon poé ieu asa ku teu wasa papisah jeung manéhna. Tapi dalah dikumaha waktu geus ngagayuh ka peuting. Bisi nu jadi indung arep-arepeun.
Sajajalan Kang Galih terus ngagonjakan kuring, ngerém motor gé ngahaja dicentok-centok da méh kuring tipepereket nangkeup ka manéhna. "Mangga geura lungsur geulis, parantos dugi! Akang teras wangsul nya," bari neuteup geugeut.
Belenyéh imut bari gugupay terus ngaléos.
Kring ... kring ... hapé disada. "Kang Galih," kuring ngagerentes. Laju diangkat, "Sareng Néng Ratna?" ceuk nu nalipun.
"Muhun, dupi ieu sareng saha?" kuring nanya bari kerung da lain Kang Galih nu ngomongna.
"Abdi ti Rumah Sakit Harapan, nu gaduh hapé ieu kacilakaan dicandak ka dieu. Mangga geura pilari!" leng, dunya asa tungkeb na luhur sirah.

Kang Galih, geuning gupay anjeun téh gupay panungtungan. Gupay katineung ti anjeun. Tresna anjeun, asih anjeun dibungkus ku lawon bodas. Kembang tresna nu karék mangkak ligar milu maluguran mapaésan gundukan taneuh beureum. Pileuleuyan panutan.

#SCS_Carpon_YH.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Djamhur Ahmad

Tirilik, aya SMS, “Bunda, Gilang ngabantun cuti. Tos lami teu nyekar ka makam apa, sakantenan ngenalkeun Méméy. Calon mantu téa.” Ti harita, pikiran marojéngja. Rungsing pikir. Teu ngeunah saré. Teu genah haté. Indung mana, nu teu bungah diwanohkeun jeung piminantueunana. Tapi naha kudu Méméy. Duh, kumaha nerangkeun ka ibu-ibu majelis, ka tatangga upama piminantueun téh teu saiman, keun palebah sipitna mah. Haté can ihlas narimana. Teu mikeun. “Méméy téh geulis, cool and smart. Soantenna halimpu!” kitu nu apal ngeunaan Méméy tina SMS-na Gilang.
     Nyaah ka anak jeung keuheul ku statusna Méméy, pagalo dina perang batin. Teu karasa, cimata mimiti nyitu.
“Ya Allah, pasihan pituduh. Kang Cécép, Euis neda dihapunten. Teu tiasa ngatik sareng ngadidik Gilang. Teu tiasa nyumponan kahayang Akang. Hoyong gaduh minantu saléha téh moal laksana!”
Ciiit ... sora mobil eureun. Diintip tina hordéng. Gilang turun tina mobil, bareng jeung mojang geulis jangkung lénjang.
“Gusti, pasihan kakiatan!”
Gilang anun. Disusul ku Méméy. Kuring nangkeup piminantueun. “Mani geulis. Satadina mah, Bunda téh ...,” teu wasa neruskeun. Cimata nu nyitu bedah saharita maseuhan hijab Méméy.

#SCS_Carpon_DjamhurA.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Sumarni Rachman

     Ngaran kuring Nie, buuk dibeungkeut siga kuncir kuda, erok pondok, leungeun baju ditikel geus jadi ciri has kuring. Boga sobat tiluan, sarua nyalaléntrik. Aris boga awak jangkung badag ngan mun ngomong sorana leutik jeung cempréng deuih. Iwan, pangawakan pernékel pendék jeung busekel ngabogaan sora nu gedé jeung resep heureuy , mun aya Iwan pasti wéh bakal ramé. Rahmat, nu hiji ieu mah boga kumis ipis, kabisana imut jeung imut dilandih Si Ustad, da jago kana agama, sagala hal sok dipatalikeun jeung agama. Paribasa "Teu kénging saur agama gé! ". Sapopoe kuring layeut jeung maranéhna téh. Cepel kawas parangko, ceuk jaman harita mah.
     Hiji waktu pas poé Saptu, kuring sabalad-balad ngariung di kantin sakola, biasa wé éak-éakan saruka bungah bari jeung nembang lagu lawas.
    Pas waktu istirahat rék béak, Iwan nanya ka kuring.
"Nie, rék milu Pramuka moal? " ceuk Iwan.
"Teuing ah, asa horéam Nie mah, ari nu lain kumaha, rék marilu moal? " ceuk kuring.
"Nya ari Nie moal mah nu lain gé sigana maroal, kumaha nya carana ngarah urang bisa kabur, pan gerbang mah sok ditulak jaba dijaga ku Satpam?" ceuk Aris bari culang-cileung.
"Ah ... kuring mah moal milu kabur, rék Pramuka waé, da saur agama gé teu meunang kabur! " ceuk Rahmat bari imut.
"Ih ... manèh mah teu solidér! " ceuk Iwan bari muncereng.
"Nie kumaha, Si Ustad moal milu kabur, euy?" tanya Aris.
"Ari Nie mah terserah. Nu rêk milu kabur engké pas palajaran Pramuka kumpul di deukeut gudang nya, hayu urang asup heula ayeuna mah! " ceuk kuring.
      Bél geus ditakol tandana kudu bararis di lapang. Aris, Iwan, jeung kuring mah nyalingker mawa kantong ka deukeut gudang. Teu lila kuring badami jeung maranéhna. Kuring culang-cileung néangan akal ngarah bisa kabur.
Nyéh kuring seuri leutik ningali aya tarajé di juru gudang.
"Wan, cokot tarajé ka dieu, sarandékeun kana bénténg! " kuring maréntah Iwan.
"Rék naon euy, maké tarajé sagala?" tanya Aris.
"Geus buru, ulah loba omong! Bisi kaburu kapanggih ku Pembina Pramuka," kuring rada muncereng.
Tarajé geus disarandékeun ku Aris. Térékel kuring naék kana tarajé. Bari culang cileung. Dina luhur bénténg kuring ningali Rahmat lumpat ngadeukeutan. Tuluy kuring ngagajleng ka luar bénténg. Geus nepi kana taneuh kuring ngajorowok.
"Alungkeun kantong euy! Kaayaan aman terkendali."
Lung, lung kantong dialungkeun ti jero, kuring nyanggap di luar.
Kuring rada mésem ningali kantong jadi aya opat.

#SCS_Carpon_Niearcana.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Wilma Sari

"Montong dibawa budak mah, antep sina diurus ku bapana! Bongan geus nganyenyeri manéh! Buru milu ka Abah, teu nurut moal diaku anak siah ...!" sora lalaki sesengor bari kerewek ngalésotkeun aisan nu napel dina awak hiji awéwé. Laju éta awéwé dibetot paksa ka luar nyingkahan imah. Budak dirawu, dipangku.
"Ku naon geulis, Nyai téh lapar? Tos ah tong ceurik, urang ngala deui cécéndét sareng Tétéh ayeuna mah!" sora budak awéwé umur tujuh taunan ngupahan. Koloyong ka luar muru galengan sawah. Di dinya loba tangkal cécéndét, buahna leubeut karonéng. Tap, diala. Hiji-hiji dihuapkeun ka adina nu keur ceurik tepi ka répéhna.
     Wanci beuki nyérélék, teu karasa peuting geus datang.
"Ka mana atuh ema téh? Apa gé tos lami teu uih ...!" kitu gerentesna. Lieuk kana dipan, adina teu kecét-kecét, saré tibra. Gur, seuneu hurung.
"Ema, Euis gé tos tiasa mirun seuneu ayeuna mah," nyéréngéh bungah. Sok, kastrol eusi béas ditumpangkeun na liang hawu. Manéhna ngadeluk pipir hawu bari ngasur-ngasur seuneu. Sakapeung digeber, sakapeung dikepohan. Ari ku sabar mah teu wurungan asak ogé liwet téh. Seduk, nyiuk sapiring tuluy dipurulukan uyah. Celebek, celebek manéhna dahar semu ni'mat pisan.
    Tengah peuting ngewang-ngewing, hawa beuki karasa tiis, angin tarik ngagelebug. Kulisik manéhna lilir, koréjat hudang. Berengbeng ka tengah imah, luak-lieuk.
"Ema ... di mana ema ...?" ngahinghing na lawang panto.
"Cééh ... cécéh ...!" sora adina nu kakara diajar leumpang jajarigjeugan muru manéhna. Budak dipangku, karasa panas nyebrak saawak-awak. Gap, kana samping aisan, budak diais diéyong-éyong. Beuki lila awakna beuki panas. Ras inget, mun manéhna gering panas ku indungna sok dikomprés. Cag, budak diécagkeun, kilicid nyokot cai jeung lamak urut samping. Lamak dikunclumkeun kana cai tuluy dipeureut. Pel, ditapelkeun kana tarang budak.
     Wanci ngagayuh ka Subuh, budak panasna angger teu turun. Budak téh aya ku soléh, teu hariwuk, teu ceurik. Ngalelempréh waé dina lahunan, leungeunna muntang pageuh ka manéhna. Teu lila, kerejet, kulapés!
Teu karasa cipanon ngalémbéréh maseuhan pipina. Sanajan geus lila, kasedih, kapeurih nu baheula tumiba masih kénéh nanceb dina ati pangjerona. Dua puluh taun kalarung teu bisa nyinglar kangéwa ka nu jadi bapa. Bapa nu jadi alatan hirupna katalangsara. Sanggeus bapana kawin deui, manéhna sasat dialung-alung, ditatawarkeun ka unggal jalma. Geus puguheun indungna mah saprak adina tilar dunya téh apan hirupna gé teu normal deui. Walahwah-weuleuhweuh matak watir.
     Ayeuna manéhna geus rarabi, hirup normal siga batur. Teu munapik, bisa tepi ka kitu téh sabab aya pitulung ti Gusti ngaliwatan kulawarga bageur nu haat ngurusan manéhna.
"Kumaha Téh, kersa ngarawatan abdi? Ka saha deui abdi minangsaraya? Da puguh dulur nu saindung mah geuning taya nu haat, kabéh gé haré-haré,' sora budak lalaki semu ngingsreuk.
"Ti iraha bapa ngilesna Jang?"
"Ti tujuhna ema gé tos teu aya, Téh ...!" budak dirangkul pageuh.
"Duh, Gusti ... énggal sadarkeun pun bapa téh!" duaan paungku-ungku.

#SCS_Carpon_WS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Sabtu, 29 Juli 2017
Yasana: Abie Zekka

     Wanci sareupna, kuring cicing dipatamanan. Katingali kukupu nu rék ngampih, mani ngaleut eungkeuy-eungkeuyan. Ngulinting malipir kebon, ngalingkung kembang. Hanjakal wanci kieu mah kembang tas nutupkeun éndahna.
    Cleg, kukupu téh kalah eunteup na leungeun. Hiji, dua, tilu tuluy ngalobaan ngagimbung kabéh ngabébérkeun jangjangna hayang ditulisan. Kukupu jiga nu surti kana kahayang diri.
    Heueuh, kuring teu nampik rék nuliskeun talatah kasono, rék néplakkeun kacinta ka panutan ati nu jauh duka di mana. Kukupu dipapaés, dipapay, ditulisan hiji-hiji. Lain tulisan samanéa, ogé lain sajakna sang pujangga. Tapi kuring nulisna ku rasa kadeudeuh jeung kanyaah nu taya hinggana. Dipulas ku kelir kasono, nu éndah pisan.
    Trét, kuring nuliskeun dina jangjang nu sabeulah.
"Jungjunan, Akang sono." Pung, dihiberkeun. Heuleut sarénghapan kukupu datang deui. Jangjangna nu sabeulah deui jadi aya tulisan.
"Abdi gé sono panutan." Haté kacida bungahna geus nampa béja ti manéhna. Les, kukupu ngarampih.
    Hatur nuhun kadeudeuh, hatur nuhun kukupu geus nepikeun talatah kuring ka nu dipikacinta.

#SCS_Carpon_AZ.

Balil deui ka beranda, kik di dieu!
Yasana: Evi Sulastri

Bulan Dèsémber katompérkeun harita téh, bareng hudang leungeun keram, biwir karasa baal teu bisa kéom-kéom acan. Gancang lumpat ka kamér rék ngeunteung. Na ari bréh téh biwir jadi béngo. Hanjakal mah tara ti heula, nya teu nurut ka nu jadi salaki, titah uubar teu deui-teu deui disangka téh panas tiris biasa. Diupah-apéh ulah ceurik, ké gé bakal cageur sabihari. Tapi nya kitu nu keur ngarandapan gering mah teu cukup ku dibeubeurah. Tangtu kuring bakal éra panggih jeung batur. Bakal diseungseurikeun jeung pasti padananya kana éta mah panyakit ajab ti Gusti.
     Uubar mah uubar tapi Gusti can marengkeun. Kuring beuki sadar yén ieu mah cocoba ti Gusti. Rumasa sok rumatu, kabadéga ari nitah kudu pok torolong, ka salaki wani nitah
    Adan Magrib ngalanglaeung ti ka jauhan, kuring muru ka cai rék abdas. Kuring nyuuh dina amparan sajadah, nyuhunkeun pangampura dosa nu dilakonan ku kuring boh nu karasa boh nu teu karasa. Kakara haté ngarasa longsong. Kuring yakin moal samata-mata Gusti nibankeun ieu cocobi mun kuring teu mampu pikeun nandanganna.
    Peuting ieu, rarasaan téh teuing asa ku tingtrim. Angin tingtrim geus nyaliara kana haté sagemblengna. Lantaran kuring geus tumarima.
    Enya tingtrim. Langit cangra narawangan, béntang-béntang tingkaretip narémbongan. Lir nu ngabéjaan. Naon nu kasorang geus tangtu, urut tatapakan diri sorangan.
“Hampura abdi, Kang!" kuring ngagerendeng. Cimata bulan Désémber, malidkeun kasombongan diri.

#SCS_Carpon_Evis.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Ardhie DA Setiana

     "Wilujeng énjing Aki!" ceuk saurang awéwé pagawé salon anu katelah ngarana Enok. Manéhna soméah pisan dina narima palanggan salon, keur mah geulis soméah ongkoh, matak kayungyun.
"Wilujeng enjing ogé Enéng!" walon Si Aki.
"Badé diparas aki téh?" tanya Enok ka éta aki-aki.
"Muhun Enéng badé diparas aki téh."
"Mangga aki kapalih dieu calik heula!" gék si Aki diuk na korsi hareupeun eunteung badag. Teu kungsi lila Enok nyampeurkeun ka Si Aki bari pok nyarita.
"Aki rambutna urang wasuh heula supados beresih!"
"Aéh ... mangga Néng! Aki mah ngiringan wé kumaha saéna," témbal Si Aki.
"Aki, mani saé rambutna gomplok kénéh sanaos tos sepuh gé, ari yuswa sabaraha Aki téh?" ceuk Enok ngajak ngawangkong ka éta aki-aki.
"Aki mah yuswa 73 taun, Néng."
"Euleuh geuning tos sepuh, tapi katawis jagjag kénéh, aki rambutna tos bodas nya, kumaha pami urang cét wé ku warna hideung supados katingal anom?" ceuk Enok basa-basi.
"Aaah ... mangga Néng! Aki mah ngiringan wé kumaha saéna."
      Sanggeus bérés dikujamas jeung dipikok hideung, Enok nyokot gunting jeung sisir maksudna mah rék nyukuran Si Aki.
"Aki, dikujamas atos, dipikok ku warna hideung atos, tah ayeuna kantun diparasna, Aki hoyong diparas modél kumaha?" ceuk Enok nanya deui.
"Aéh ... Néng, Aki mah dibotakan wé, da geuning hareudang ari buuk panjang téh!" walon Si Aki teu kireum-kireum. Enok beungeutna ngadadak euceuy beureum bari kukulutus.
"Koplok sia ah ... dasar aki-aki, hanas capé-capé aing ngumbah sirahna mikokan buuk, na kalah ménta dibotakan, mun ti kaheuleutan!" peletuk sirah Si Aki ditéké.

#SCS_Carponn_AS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Ahmad Firdaus

     Luhureun lawang asup ka warungna aya plang maké aksara gedé diraéh "WARUNG SURABI BANDUNG". Harita diajak ku babaturan basa balik lalajo lomba kréasi seni. "Néng, tilu nya!" harita babaturan pesen nu maksudna tilu porsi. Méméh ka luar ti warung kuring nyampeurkeun ka awéwé palayan nu tadi.
"Neng, pami pesen tiasa henteu kanggé dina acara rapat atanapi kempelan, nya sapertos kitu lah?" tanya kuring.
"Oh, tiasa atuh, Pa, mangga mung kedah dua dinten sateu acanna supados teu kabebereg di dieuna," manéhna némbalan.
"Pami badé pesen ka saha nya?" kuring nanya deui.
"Ka nomer abi wéh nya, Pa!" manéhna imut bari ngasongkeun hapé, katémbong ngaran Yunita jeung nomer hapéna. Sanggeus beres babayar langsung saréréa ka luar ti warung.
     Ti harita geus dua kali pesen surabi minangka senékna dina raraga kumpulan guru-guru nu husus ngokolakeun duit sakola. Tapi ari SMS-an mah jeung nalipun ampir unggal poé.

     "Tos kulem teu acan?" manéhna nga-SMS jam dua welas peuting.
"Teu acan atuh," kuring malesan.
Kitu wéh ampir unggal peuting SMS jeung inbokan, panon gé asa carindul balas teuing kurang saré. Rarasaan mah asa buni wawuh jeung manéhna téh, padahal loba nu apaleun geuning. Da éta wéh basa dina ondangan kawin manéhna babaturan loba nu dédéhéman pas keur sasalaman jeung manéha waktu rék pamitan.
"Surabi, surabi yeuh, héhéhé!" babaturan ngalédék minangkana mah.
"Ah da barina gé ukur heureuy," kuring némbalan neger-neger manéh. Mémang salah kuring waktu manéhna geus méréan daék didua, kuring teu wani méré kapastian.
     Harita kungsi geus ngalamun, malah boga pikiran nu rada ngeres. Cacakan surabi nu ukur dijieun tina tipung béas sakitu pelemna, komo surabi aslina mah. Geduk! Karasa helem nu diboncéng ngageduk kana punduk. "Eueuh, tong ngalamun atuh bisi nabrak tukang surabi hahaha!" ceuk nu diboncéng nyarita tuluy ngahaha.
     Kasebelan, teu ngarasakeun batur keur handeueul surabi nu dipicangcam kiwari kapimilik ku batur.

#SCS_Carpon_AF.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Rumpaka Rasa

     Keur ramé usum PILKADA ayeuna téh. Di unggal lembur kaasup di Désa Nyolotod, malah geus diistrenan Kepala Désana ogé nya éta Jang Omad.
    Teu kaasup jalma pinter jeung gaul ogé Jang Omad téh ngan muji ari kana kawani jeung kawantér mah.
    Hiji mangsa Pa Kadés Omad kapéto pidato dina acara peresmian pabrik nu anyar ngadeg. Atuh naskah geus sayagi cacak bari beunang ngéngkén gé rédaksina, diapalkeun.
    Cunduk waktu Kadés dihancengan waktu biantara, atuh jug golontang wé katalar nepi ka puncak pidato.
"Parawargi sadaya, ngalangkungan acara ieu maka pabrik TEKTIL ku simkur ...." Ditoél ku Sékdés bari ngaharéwos.
"Pa, S na kakantun?"
"Oh parahadirin sadaya, ngalangkungan acara ieu, maka pabrik TEKTIL ogé pabrik S ku sim kuring resmi dibuka," dipapag keprok jeung surak nu hadir dina éta acara.

(Sareuri atuh lah, karunya ka nu mosting).

#SCS_Carpon_Rump.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Listati Sunarti

      "Aduh ... Dédé ganteng, kasé sini sama ibu!" kuring ngadeukeutan budak lalaki umur lima taunan. Ana goak budak soak bari undur-unduran panonna mencrong seukeut ka kuring tuluy lumpat nyampeurkeun bapana.
"Ayaaah ... awas jangan deket sama ibu itu, dia jahat ayah, jahat!" teuteupna beuki seukeut bari rut-rét ka kuring niténan ti luhur nepi ka handap, bari panon muncereng teu leupas, tuluy ngagugunyéng bapana nu saukur olohok teu ngarti ku pamolah budak, nu teu pupuguh ngadat.
      Kuring gé reuwas nataku, ningali kalakuan budak nu teu pupuguh siga nu ambek jeung keuheul ka kuring. Rét kuring neuteup paroman bapana teup silihpencrong, nyéh seuri maur, tuluy ngarérépéh budak bari mangku, budak tetep amuk-amukan.
"Ayah ... ayo pulang, jangan deket sama ibu itu lagi, dia jahat, jahaaat ...!" budak beuki rosa ngamukna, mangkaning harita keur kaayaan istirahat jam kantor, batur silihrérét ningali budak ngamuk.
"Ayo sini Dé, yu beli jajan sama ibu ...!" kuring ngupah-ngapéh, tapi budak beuki ngadat teu répéh panonna tuluy mencrong bangun nyimpen kaceuceub ka kuring.
"Sana ... pergi! ibu jahat, jahat, aku gak mau ayah deket sama ibu jahat ...!" mingkin kocéak dengék.
Bapana keukeuh teu ngarti ku naon ieu budak ngadat jeung keukeuh pisan ngéwa ningali kuring, padahal kuring karék panggih munggaran jeung bungsuna Kang Arya, nu salila ieu jadi bébéné kuring di pagawéan.

      Teu lila Tita batur sakantor kuring kurunyung, sigana kagareuwahkeun ku sora budak nu ngadat.
"Aduh, ku naon atuh Kang Arya Si Dédé bet ngamuk kitu ...? Ayo sini sayang sama tanteu, yu!" teu sakara-kara budak répéh sanggeus dipangku ku Tita babaturan kuring.
"Wah ieu mah Téh, budak téh masih polos, batinna bisa ngarasakeun yén Tétéh tos ngarebut bapana, sanajan Kang Arya sareng Tétéh teu balaka, tapi budakmah suci, bisa ngarasakeun kajadian antara Tétéh sareng Kang Arya ...." Tita ngabéléhém ka kuring jeung Kang Arya. Kuring saukur silihpelong jeung Kang Arya. Nya ukur Tita sobat kuring nu apal yén kuring jeung Kang Arya aya patali ati, anu sabenerna nu disebut cinta terlarang téa, lantaran séwang-séwang boh kuring boh Kang Arya sarua pada-pada geus kulawargaan. Meureun ku sering panggih di pagawéan sanajan béda bagian gé, kuring di kantorna ari Kang Arya bagian lapangan, malah sok dines ka luar, tapi kuring jadi deukeut jeung Kang Arya, nu saban usik manéhna curhat ka kuring ngeunaan rumah tanggana, sanajan cenah bagja jeung pamajikanana, tapi ka mamana unggal usik ditaringakeun, balik ulah laat, mun geus waktuna mulang jam sakitu kudu geus aya di imah.
       Kang Arya lalaki anu nyaah ka kulawargana, oge daékan bunta-bantu kana naon waé pagawéan rumah tangga, nyeuseuh, beberesih imah jeung sajabana, ogé mantuan usaha pamajikanana nu pinter tur lincah dina ngajalankeun usaha kana konféksi.
      Kuring gé reueus ku motékarna pamajikan Kang Arya. Tapi kuring meunteun Kang Arya téh susis ceuk kuring mah, nya éta suami takut istri téa meureun.

#SCS_Carpon_List.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Basyar Isya

      Mun keur diuk nyorangan kieu téh, uingah sok tuluy anteng ngalamun. Nu matak ulah héran mun sakapeung uing sok nyéréngéh sorangan. Lain pédah keur ngalamunkeun éndahna bobogohan jeung Syahrini. Omat ulah hadé sangka kitu, Lur. Ngan ieu mah sok inget kana talajak sobat uing, ngaran Si Rahul. Lain urang India ki sobat téh, euy. Da éta mah ukur ngaran landihan. Ari ngaran aslina mah ... teu kudu nyaho kétang. Nu jelas, pasti geus kateguh ku didinya gé meureun, yén si éta mah mun ngawangkong téh sok teu jauh-jauh ti ngarahul. Samalah mah éta panyakit rahulna téh bakal beuki maceuh mun keur ditanggap ku balaréa.
      Tah ieu yeuh di antara ketakna ki sobat mun keur ngawangkong jeung saha waé. Hiji waktu basa keur ngariung jeung uing sabatur-batur, jug celengkeung wé manéhna muka paguneman.
“Éta mah, euy, kajadian nu karandapan ku uing. Moal bisa dipopohokeun saumur hirup gé jigana mah …,” pokna.
“Mémangna pangalaman naon kitu, Hul? Cik dongéngkeun atuh!" uing sabatur-batur ngawalon méh saur manuk. Panasaran tuda.
“Kieu geura dongéngna téh: Hiji waktu pasosoré, uing ulin ka hiji tegalan nu loba jukutna. Maksud téh rék néangan simeut keur parab domba adu nu uing. Keur anteng dodongkoan, na atuh ari jelengéng téh ceuli asa katorékan. Jaba karasa peureus pisan jiga aya nu nyintreuk. Bari ngagoak bawaning ku nyeri, uing ngalieuk ka tukang. Ari bréh téh aya buta keur ngabedega bari nyolodorkeun deui leungeunna. Tayohna rék mindo nyintreuk deui ceuli uing meureun. Maranéh hayang nyaho, jiga kumaha dedeganana éta buta téh?”
“Enya jiga kumaha atuh? Teruskeun dongéngna euy …!”
“Éta buta téh awakna badis sagedé beus kota. Jangkungna mapakan tugu Monas. Jaba éta mah curukna euy, mun dilempengkeun, aya meureun satangtung awak uing mah. Ah ... tapi uing mah teu ngarasa sebér saeutik-eutik acan. Babakuna mah éta ku hayang males kanyeri euy. Tuluy uing téh ngarénghap, narik napas panjang. Puuuh! Éta raksasa ku uing ditiup satakerna. Na atuh ari belewer téh si raksasa mecleng jauh pisan bari kocéak dengék. Ngadéngé béja mah muragna gé pas pisan di tengah-tengah Situ Paténggang, di Ciwidéy."
“Bel siah, ngawadul téh teu kapalang. Hanas didéngékeun,” babaturan uing méh rampak arambek.
“Na ari maranéh? Pan tadi maranéh nitah uing ngadongéngkeun. Na di mana uing salahna?” pokna téh teu euleum-euleum.
      Dina poé nu séjénna deui, kasampak Si Rahul keur dirariung di hiji buruan nu lega. Teuing ti mana daratangna éta jalma-jalma téh, da mani sakitu noyékna. Jeung deuih, teuing kumaha carana Si Rahul ngondang éta balaréa. Naon cik, nu diomongkeun ku ki sobat? Ukur ieu yeuh, teu kurang teu leuwih:
“Cik teguh. Barang naon nu gampang pisan mecleng?” ceuk Si Rahul. Tapi, tétéla aya wé geuning nu haat ngajawab. “Korong dina tungtung curuk disintreuk,” jawab salasaurang nu lalajo.
“Huuu ... teu ramé ah. Langsung kateguh,” ceuk nu séjénna mani rampak bawaning ngarasa kuciwa meureun. Laju sakabéh nu ngariung mani noyék téh bubar marulang ka lemburna séwang-séwangan. Sawaréh kana treuk. Sawaréh deui kana karéta api. Sésana mah aya nu laleumpang. Aya ogé nu baroncéngan kana motor.

      Tah, ayeuna uing rék nanya ka maranéh sakabéh pamaca. Logis henteu ieu “laporan réportaseu” beunang uing téh? Naon, teu logis? Majar uing ngabohong? Naha atuh maké dibaraca? Na ari nyanéh ...?

#Carpon_BI.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Ros Fink

     Angin ngahiliwir niupan awak nu karasa panas jeung hareudang. Pangaruh halodo geus lima bulan. Cai geus mimiti hésé, taneuh ngarebul, sawah-sawah garapan geus padangantep antukna jadi leuweung.
     Handapeun tangkal mahoni Rusja keur ngiuhan tina nyongkabna hawa panas panonpoé. Bari ngararasakeun hiliwirna angin, matak nundutan. Lengut Rusja peureum bakating ku nikmat.
"Kang calikna palih dieu atuh!" ceuk hiji sora awéwé ngagareuwahkeun Rusja nu keur lelengutan satengah sadar.
"Hatur nuhun Néng, teu sawios Akang ngiring ngiuhan sakedap," ceuk Rusja bari nangtung muru imah éta awéwé.
"Hapunten Kang! Geuning mung sakieu kaayaanana matak isin," ceuk éta awéwé bari nyampeurkeun. Gék diuk deukeut Rusja.
Selengseng seungit kembang malati. Haté Rusja norowéco teuing ngomongkeun naon.
"Aéh, nepangkeun Akang Rusja," tanya Rusja bari nyolongkrong leungeun sasalaman.
"Nepangkeun deui abdi Nurma," pokna bari nampanan leungeun Rusja.
      Sup Rusja asup ka patengahan imah jiga karaton, Rusja ngahuleng bari gék diuk dina korsi empuk ngadelewo. Sor Nurma nyuguhan lalawuh. Aranéh lalawuh téh. Rusja nginum sirop warna beureum anu disuguhkeun leguk-leguk saking hanaang sagelas érép. Bray tetempoan Rusja asa caraang, rét ka Nurma nu keur diuk hareupeun.
"Kang icalan tos lami?" ceuk Nurma bari ngarindat imut.
"Lumayan lami Néng, palih dieu kinten-kinten aya nu peryogieun barang kelontong teu nya?" ceuk Rusja bari ngarérétan ka luar.
"Seueur Kang, atos wé icalan di dieu atuh!" ceuk Nurma bari ngaléndéan Rusja. Rusja teu puguh rasa da puguh manéhna mah masih bujang can pangalaman.
"Muhun jigana ramé di lembur ieu mah tapi kumaha Akang rereb di saha?" walon Rusja.
"Ari Akang sok di abdi atuh di dieu, tempat mah lega mangga téh teuing," walon Nurma atoh.
      Rusja ahirna cicing di imah Nurma usaha kana barang kolontong, asalna ngiriditkeun lila-lila boga toko muka di imah Nurma. Nurma ka Rusja geus jiga ka sakakina, nyakitu deui Rusja geus teu asa-asa deui. Rusja nurut kana sagala panitah jeung kahayang Nurma. Rusja boga anak ti Nurma awéwé, ayeuna geus umur opat taun.
      Hiji poé Rusja ulin jeung budakna kapilemburan beulah wétan. Asa kakarék Rusja ka éta lembur. Keur leumpang nuyun budakna, reg manéhna eureun bari nyidik-nyidik dedegan nu keur muru ka manéhna.
"Jang Rusja, ieu Jang Rusja?" pokna bari ngadeukeutan.
"Aéh, Mama Ajengan, badé ka mana?" pokna bari sasalaman. Ajengan Yusup nungtun Rusja ka saung sisi jalan.
"Bener ieu Jang Rusja?" ceuk Ajengan Yusup bari babacaan.
"Alhamdulillah, Jang Rusja hayu mulang, Jang, Ma Esih keur gering parna. Ieu budak saha?" Ajengan nanya bari ngarérét ka budak awéwé.
"Pun anak Mama Ajengan," ceuk Rusja.
"Ma Esih teu damang, teu damang naon?"
"Hayu ayeuna mah, Jang Rusja longok heula Ma Esih!" Ajengan Yusup sasat ngagusur Rusja bari terus babacaan ngajauhan éta tempat. Rusja hémeng, manéhna dipaksa kudu milu, antukna nuturkeun bari mangku budak. Pikiran Rusja asa ngalayang, suwung.
      Anjog ka imah Ma Esih loba jalma keur ngaji, Rusja asup alak-ilik jiga nu hémeng teu warawuh, rét kana dipan Ma Esih keur ngagolér diriung-riung.
"Ema, Ema ku naon Ema téh?" ceuk Rusja bari nyekelan leungeun Ma Esih. Bray Ma Esih beunta neuteup nu ngagentraan. Rusja ngarangkul indungna bari ceurik. Paungku-ungku. Geus leler Ma Esih nanya ka Rusja "Ka mana teu balik geus genep taun?" Rusja ngahuleng. Da rarasaan na mah can lila. Indit ti imahna. Rusja derekdek ngadongéngkeun lalampahanana, saréréa ngahuleng da Ma Esih mah can pernah ngawinkeun Rusja. Ajengan Yusup tuluy ngubaran Rusja sangkan pikiranna teteg, budak nu dibawa ogé diurusanan. Rusja téh kabawa ka alam lain, untung manéhna ayeuna salamet.
       Mang Gani mikeun tanggungan wadah dagangan kolontong anu ngagolér handapeun tangkal mahoni waktu Rusja eureun ngiuhan. Rusja inget, harita manéhna kapulesan satengah sadar aya nu ngajak eureun di hiji imah.

#SCS_Carpon_Ros.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Yasana: Ambu Lies

      Teu karasa, umur téh geus tengah tuwuh. Sadar soténan, ku incu padanyebut ema jeung ambu. Jeung salaki gé, geus ganti nyebut jadi abah jeung ambu. Rumah tangga geus ampir tilu puluh taunan. Asa tingtrim wé, tara cékcok, sanajan pangadatan salaki rada alus ogé. Diparengkeun boga turunan salima-lima. Nu kahiji jeung nu kadua mah geus kurénan.

       Hirup téh asa ngaguluyur, unggal poé kitu jeung kitu wé. Ka béh dieunakeun rada gaul, maké jeung boga akun Pésbuk. Niat awal mah tamba kesel teuing, gawé ukur nguwek di imah. Salaki gé teu garah-geureuh kajeun wé cenah ari tamba kesel mah. Beuki lila asa beuki resep, komo mun pareng silihtempas dina pairan mah. Asa poho wé kana umur mah, salaki gé rada béda budi karasana téh. Sabodo, kuring angger, unggak poé téh ukur riweuh jeung hapé.
       Isuk-isuk geus haliwu, kokotéténgan néangan hapé kameumeut, lebeng teu kapanggih.
"Baah ... mendakan hapé Mbu?" nanya ka salaki.
"Hhmmm ...," ukur kitu.
"Ari Abah, di taros téh. Padu waé ngawaler téh ...?" rada keuheul.
"Tuh, dina gelas. Tadi téh hoyongeun ngopi cenah!" jongjon. Kojéngkang ka dapur, rét kana méja. Enya wé hapé téh aya dina emuk nu pinuh ku cikopi. Ngahuleng, leketey kakara sadar. Paingan salaki béda budi, da geuning kuring téh salah.
Ku lantataran katungkulkeun pangaresep, ngaulaan salaki ogé tangka kapopohokeun. Hayang ngopi gé werat ninyuh ku sorangan.
"Hampura Abaaah, Ambu rumasa salah." Aya nu ngeclak, basa nyuuh kana lahunan salaki.
"Sukur, ari Mbu geus sadar mah ...." Aya usap héman kana buuk nu geus carambang.

#SCS_Carpon_Lies.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Kamis, 13 Juli 2017
Yasana: Cinta Wahyu Lestari

    Rap kaos lékmong katut anderok pungsat némbongkeun pingping nu geus maju ka péot, lédak-lédak wedak jeung lipensetip nu beureum urahak teu poho sebrot-sebrot minyak seungit murahan nu segak kaambeuna.
"Geulis, mamah angkat heula nya, kadé Si Dédé antosan!" ceuk kuring ka budak nomber tilu, kabéhna budak téh aya opat.

    Reg angkot eureun, jrut kuring turun laju mayar ongkos. Kuring nyingkur néang tempat nu rada poék, gék diuk dina korsi taman. Cetrék ngahurungkeun roko, pelenyun udud bari jeung panon mah rut-rét néang lalaki léngér nu biasa jadi palanggan. Bréh, di béh kidul aya wanoja tiluan ngarora kénéh gareulis deuih. Sigana sarua jeung kuring nungguan nu rék datang, sidik béda katempona, ogé tina rindat panon jeung papakéan. Duh ...! Beuki euweuh wé langganan téh, pikir kuring ngaheruk. Nepikeun ka tilu jamna kuring nungguan langganan bet euweuh hiji-hiji acan nu datang, kuring geus luh-lah inget ka budak nu di imah, tangtu barudak téh nungguan kuring bari jeung kudu angkaribung.
Parat nepi ka janari gedé euweuh nu ngarérét ka kuring.

    Gap kana eunteung leutik, nyidik-nyidik beungeut sorangan.
"Bener manéh téh geus kolot, kulit geus tinggal péotna, pantes teu payu ogé da pasti ari nu meuli mah hayangna nu seger tur alus," gerentes haté kuring.

   Jung nangtung rék balik waè teu meunang duit ogé, dalah kudu dikumahakeun, kuring randa anak opat nu ditinggalkeun maot ku salaki sapuluh taun ka tukang, éstu taya andelkeuneuneun tina diri téh, dagang suwung waragad, ari beuteung mah anggeur kudu dieusian.
   Hawar-hawar kadéngé haleuang di sajoreun gedog sigrong, dirasa tembangna Titik Puspa "Kupu-kupu Malam", rembey cikaséér nyimbeuhan sakujur nu ngan jadi lacur.

#SCS_Carpon_Ciwal.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!
Rabu, 12 Juli 2017
Yasana: Ravy Casper.

Réngsé sholat Magrib jeung wiridna, gap, Mang Ghaos kana Al-Qur'an anu ngajagrag dina bubupétan. Sora sato peuting kasilep ku galindengna sora Mang Ghaos anu ngagalindengkeun Surah Al-Alaq, dina langgam bayyati. Teu kungsi lila kapireng sora adzan anu hawar-hawar ti masigit nu aya di lembur landeuheun saung nu jadi padumukan Mang Ghaos.

Mang Ghaos harita nyarandè kana tihang kamerna bari nyanghunjar, panonna niténan kitab nu keur dikeukeuweukna. "Iqra kitabbaaqa, kaffa binafsika, aljauma alaika hasiiba," Mang Ghaos ngagerendeng bari peureum, semu aya nu keur dipikiran. Pulang-antingna sukma Mang Ghaos tina alam lahir nganjang ka alam batin, éstu ukur sakiceup ngéléhkeun kingkilaban anu keur babarasatan dina peuting éta. Aya pananya dina dirina. "Naon atuh kitab anu langgeng téh, Al-Qur'an, kitu?" sukmana nganjang ka hiji tempat, katingali di dinya jalma-jalma anu keur ngaduruk Al-Qur'an, di gigireun éta jalma ngajanteng dua jalma anu keur nincak Al-Qur'an. Matak getir pikir. Belesat deui, sukmana geus aya di alam lahir. Gideug. Laju niténan kalimahtuluyanana. "Nya kumaha ngitungna, bari geus dipaparinkeun ka kuring, bari jeung loba?" belesat, sukmana rék nganjang deui ka alam batin.

Kacaturkeun dina éta lalampahan. Sukma Mang Ghaos sasat ngarandeg, basa ngadéngé aya sora anu geus teu bireuk deui. "Ulah ka luar tina diri!" ceuk éta sora. Belesat deui sukmana balik deui ka alam lahir. Mang Ghaos ngarénjag bari istighfar. "Hapunten abdi, Nun Gusti Nu Maha Agung!" pokna bari sujud.

Cangkang nyawa anu geus semu karényod téh, kiwari nyuksruk, nyuuh, ngasongkeun pongkol bodo ka Dzat Laysa Kamislihi, banyu suci kasadaran sasat malidkeun leutak anu namblog dina eunteung dirina anu teu nyaho di nanaon, mun seug taya nu nuduhan. Teu bisa ngiceupkeun panon mun taya nu ngiceupkeun. Dibarung isin anu tigin, sakujur awakna tumut ka imamna anu ngéstokeun kana kasucian, anu hak kénging pamuji, Nunggal, turta Agungna MantenNa. Raga nu lungsé kabawa anteng, nganjang ka alam tentrem, méakkeun panjangna peuting cacap nepi ka janari leutik.

Cag.
#SCS_CARPON_RC.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!