PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Sabtu, 29 Juli 2017
Yasana: Ros Fink

     Angin ngahiliwir niupan awak nu karasa panas jeung hareudang. Pangaruh halodo geus lima bulan. Cai geus mimiti hésé, taneuh ngarebul, sawah-sawah garapan geus padangantep antukna jadi leuweung.
     Handapeun tangkal mahoni Rusja keur ngiuhan tina nyongkabna hawa panas panonpoé. Bari ngararasakeun hiliwirna angin, matak nundutan. Lengut Rusja peureum bakating ku nikmat.
"Kang calikna palih dieu atuh!" ceuk hiji sora awéwé ngagareuwahkeun Rusja nu keur lelengutan satengah sadar.
"Hatur nuhun Néng, teu sawios Akang ngiring ngiuhan sakedap," ceuk Rusja bari nangtung muru imah éta awéwé.
"Hapunten Kang! Geuning mung sakieu kaayaanana matak isin," ceuk éta awéwé bari nyampeurkeun. Gék diuk deukeut Rusja.
Selengseng seungit kembang malati. Haté Rusja norowéco teuing ngomongkeun naon.
"Aéh, nepangkeun Akang Rusja," tanya Rusja bari nyolongkrong leungeun sasalaman.
"Nepangkeun deui abdi Nurma," pokna bari nampanan leungeun Rusja.
      Sup Rusja asup ka patengahan imah jiga karaton, Rusja ngahuleng bari gék diuk dina korsi empuk ngadelewo. Sor Nurma nyuguhan lalawuh. Aranéh lalawuh téh. Rusja nginum sirop warna beureum anu disuguhkeun leguk-leguk saking hanaang sagelas érép. Bray tetempoan Rusja asa caraang, rét ka Nurma nu keur diuk hareupeun.
"Kang icalan tos lami?" ceuk Nurma bari ngarindat imut.
"Lumayan lami Néng, palih dieu kinten-kinten aya nu peryogieun barang kelontong teu nya?" ceuk Rusja bari ngarérétan ka luar.
"Seueur Kang, atos wé icalan di dieu atuh!" ceuk Nurma bari ngaléndéan Rusja. Rusja teu puguh rasa da puguh manéhna mah masih bujang can pangalaman.
"Muhun jigana ramé di lembur ieu mah tapi kumaha Akang rereb di saha?" walon Rusja.
"Ari Akang sok di abdi atuh di dieu, tempat mah lega mangga téh teuing," walon Nurma atoh.
      Rusja ahirna cicing di imah Nurma usaha kana barang kolontong, asalna ngiriditkeun lila-lila boga toko muka di imah Nurma. Nurma ka Rusja geus jiga ka sakakina, nyakitu deui Rusja geus teu asa-asa deui. Rusja nurut kana sagala panitah jeung kahayang Nurma. Rusja boga anak ti Nurma awéwé, ayeuna geus umur opat taun.
      Hiji poé Rusja ulin jeung budakna kapilemburan beulah wétan. Asa kakarék Rusja ka éta lembur. Keur leumpang nuyun budakna, reg manéhna eureun bari nyidik-nyidik dedegan nu keur muru ka manéhna.
"Jang Rusja, ieu Jang Rusja?" pokna bari ngadeukeutan.
"Aéh, Mama Ajengan, badé ka mana?" pokna bari sasalaman. Ajengan Yusup nungtun Rusja ka saung sisi jalan.
"Bener ieu Jang Rusja?" ceuk Ajengan Yusup bari babacaan.
"Alhamdulillah, Jang Rusja hayu mulang, Jang, Ma Esih keur gering parna. Ieu budak saha?" Ajengan nanya bari ngarérét ka budak awéwé.
"Pun anak Mama Ajengan," ceuk Rusja.
"Ma Esih teu damang, teu damang naon?"
"Hayu ayeuna mah, Jang Rusja longok heula Ma Esih!" Ajengan Yusup sasat ngagusur Rusja bari terus babacaan ngajauhan éta tempat. Rusja hémeng, manéhna dipaksa kudu milu, antukna nuturkeun bari mangku budak. Pikiran Rusja asa ngalayang, suwung.
      Anjog ka imah Ma Esih loba jalma keur ngaji, Rusja asup alak-ilik jiga nu hémeng teu warawuh, rét kana dipan Ma Esih keur ngagolér diriung-riung.
"Ema, Ema ku naon Ema téh?" ceuk Rusja bari nyekelan leungeun Ma Esih. Bray Ma Esih beunta neuteup nu ngagentraan. Rusja ngarangkul indungna bari ceurik. Paungku-ungku. Geus leler Ma Esih nanya ka Rusja "Ka mana teu balik geus genep taun?" Rusja ngahuleng. Da rarasaan na mah can lila. Indit ti imahna. Rusja derekdek ngadongéngkeun lalampahanana, saréréa ngahuleng da Ma Esih mah can pernah ngawinkeun Rusja. Ajengan Yusup tuluy ngubaran Rusja sangkan pikiranna teteg, budak nu dibawa ogé diurusanan. Rusja téh kabawa ka alam lain, untung manéhna ayeuna salamet.
       Mang Gani mikeun tanggungan wadah dagangan kolontong anu ngagolér handapeun tangkal mahoni waktu Rusja eureun ngiuhan. Rusja inget, harita manéhna kapulesan satengah sadar aya nu ngajak eureun di hiji imah.

#SCS_Carpon_Ros.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

0 koméntar: