Minggu, 30 Juli 2017
Yasana: J S HIDAYAT
Bulan Puasa harita téh, Minggu panungtung mun teu salah nginget mah. Di hiji désa nu perenahna aya di wewengkon Kabupatén Sumedang. Wanci geus muru ka burit, liwat ti waktu ngingsir ngulon. Di hiji lapang leutik paranti barudak méngbal, loba jalma nu keur ngaronyok. Kolot-budak, awéwé-lalaki, sarua padangagimbung di sisieun lapang.
Aya walungan nu teu pati lega, nu misahkeun dua désa éta.
Keur usum nyeungeut lodong harita téh. Malah jiga nu dihajakeun pisan, sok aya istilahna 'acara perang-perangan' di dua désa nu natangga bieu.
Désa Tarikolot Wétan, harita nu keur ngayakeun kamonésan di lapang téh, ngalawan Désa Tarikolot Kulon nu di peuntaseun walungan.
"Jadi saha anu rék wani nyeungeut ieu lodong téh, euy?" Kuwu Kusmana nanya ka anak buahna nu harita aya, maturan manéhna.
"Duka atuh pangersa. Ulah abdi ah, teu wantun, seun!" Hansip Usup nu di gigireun godeg, ngabirigidig.
"Jéh, silaing mah! Kumaha atuh ari euweuh nu wani mah, pasti dilélécé ku desa tatangga! Mangkaning geus jelegur deui-jelegur deui pan tuh batur mah!" Kuwu ngomong pinuh kakesel.
Jeung enyana tuda, Kampung nu peuntaseun mah geus ti tatadi mula ngamimitian ngayakeun serangan téh.
"Piraku euweuh nu wani ti désa urang?" deui-deui Pa Kuwu ngomong dibarung ku rasa hanjelu.
Tibang silihrérét papada baturna nu araya di dinya téh.
Tuda rék teu sawan kumaha nu nyeungeut lodong, ningali senjata nu kakara anggeus dijieun. Bahan lodong dijieun tina tangkal kawung nu geus kolot, diukir dialus-alus. Diteundeun na tangkal cau manggala nu kabeneran aya dua tangkal. Diselapkeun na lolongkrang tangkal, nyanghareup ka beulah kulon. Ka désa musuh.
Sangkan lodong teu hiber nalika diseungeut, ngahaja diheumpikan ku tatapakan imah panggung. Aya kana opatna pan. Dua di hareup, dua di beulah tukang.
Can aya nu ngomong. Can aya nu wani 'ngemban tugas nagara' ceuk paribasana. Kabéh ogé sebér haténa. Kabayang tuda pisakumahaeun eundeurna éta senjata. Sigana moal éléh ku bom sééng nu kamari ngageunjleungkeun puseur nagara.
"Hilik ku déwék!" ceuk hiji sora ti tukangeun nu keur ngaliud.
Kabéh ngalalieuk. Ana bréh téh katingali hiji aki-aki nu geus lumayan kolot. Mun dina umur mah, moal kurang ti tujuh puluh taun. Maké pakéan sarwa hideung. Maké kaén nu dibengkerkeun dina sirah nu katutupan ku buuk panjang nu geus ngeplak bodas. Maké kacapanon hideung. Ari ka handapna, maké sapatu bot nu geus dipotong, kari satengah jangkungna téh.
"Aééh ...! Abah Jumanta ning. Abah wantun nyah, ngemban tugas beurat ieu?" ceuk Kuwu, nanya meni daria.
"Heueuh. Cikan ku déwék wéh. Geus ayeuna mah ... kabéh malinggir ka sisi!" ngagantawang.
"Wu, geus dieusian can peluruna? Tong sok ngérakeun désa urang euy!" cenah, angger semu ngajorowok.
"Parantos Abah, kantun némbak waé panginten. Seueur da tadi mésér karbit téh. Aya kana dua kintalna, seun," Pa Kuwu méré béja.
"Sukur atuh ari loba mah! Méh nyerah désa batur téh, nyah? Cikan ka dieukeun tah oncorna, Katma!" maréntah RT Katma nu harita keur nyenyekel oncor.
"Jig ka ituh ayeuna mah geura nyarumput heula. Bisi kahébos deuleu!"
Atuh nu lainna téh meni teu sirikna balecir, nyumput ka nu rada buni bari anggang. Kari Abah Jumanta sorangan nu nyésa di médan laga téh. Memener sarung nu ditalikeun na cangkéngna, laju luak-lieuk sakedapan. Bisi aya kénéh nu nyésa di dinya, ceuk pamikirna. Jang Didi mah nu harita masih kénéh umur dua taun kurang, meni murungkut na aisan indungna, Néng Kenoh.
"Iiih ... Mamah tatut!" cenah, bari ngabebeskeun beungeutna kana beulahan dada nu jadi indung. Atuh indungna téh tuluy wé ngusapan nu jadi anak, laju babacaan. Istighfar.
Kaayaan sepi comrék. Ngan kadéngé hawar-hawar sora anjing babaung ti kajauhan. Matak kukurayeun pisan anu aya di dinya.
Abah Jumanta kaciri kunyam-kinyem, mapatkeun élmu panemu, jampé pamaké. Sanggeus dirasa aman tur teger haténa, atuh jorowok wé, ngajorowok tarik nakeranan.
"Merdeka, Allohu Akbar...!" laju nutugkeun oncor kana liang lodong nu kaciri ngaluarkeun haseup ipis.
"Jelegééér ...!" alam inggeung siga nu katiban ku bom atom, eundeur. Dunya ogé asa ngariyeg sakedapan, teu mampuh nahan rongkahna sora lodong. Atuh anu tadi nyarumput téh meni burial, ka luar tina bunkerna masing-masing. Kabéh melong ka palebah lodong nu ayeuna katutupan ku haseup bodas anu mulek mumbul ka jomantara. Arolohok ngembang kadu.
Abah Jumanta geus euweuh di dinya, jiga nu leungit ngahiang.
Patingkuciwes, nanyakeun ka papada baturna, nu dijawab ku gideug. Nya da kabéh ogé pan teu apal ka mana laratanana Abah Jumanta téh.
"Bah, Bah, Baaah ... di mana Abah ayeuna ...?" kitu rata-rata pananya nu aya di dinya. Nini Suminten mah, enya pamajikan Bah Jumanta, nu tadi mimilu nganteur pujaning ati ka médan danalaga, meni langsung adug-lajer, ceurik gogoléran. Teu maliré ka awakna nu pinuh ku kebul.
"Di dieu déwék mah. Tulungan dak euy, tulungan Abah ...!" ceuk hiji sora nu datangna ti jomantara.
Kabéh nu aya di dinya gasik ngalalieuk, muru ka tempat datangna sora. Ana bréh téh, kaciri Abah Jumanta keur nyangsaya dina dahan tangkal jambé. Pakéan rangsak, kacamata euweuh.
Buuk nu tadina gondrong téh kari sapasi. Nu sabeulah deui mah euweuh, teu nyésa. Ngan katingali tina sabeulah sirahna, haseup ipis anu ngelun.
Nini Suminten kocéak dengék, ningali salaki geus aya dina tangkal jambé nu sakitu luhurna téh. Lenggerek wé kapiuhan, teu inget di gaganda wiati. Kasubuhnakeun, Abah Jumanta bisa diturunkeun téh. Kitu sotéh sanggeus aparat kecamatan satempat ngahallow ka kabupatén, ménta supaya dikirim mobil Pemadam Kebakaran.
#SCS_Carpon_Jshidayat.
Balik deui ka beranda, klik di dieu!

Jejer:
Humor
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Diantos kamandang atanapi pairan-pairanana!