PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Minggu, 30 Juli 2017
Yasana: Wilma Sari

"Montong dibawa budak mah, antep sina diurus ku bapana! Bongan geus nganyenyeri manéh! Buru milu ka Abah, teu nurut moal diaku anak siah ...!" sora lalaki sesengor bari kerewek ngalésotkeun aisan nu napel dina awak hiji awéwé. Laju éta awéwé dibetot paksa ka luar nyingkahan imah. Budak dirawu, dipangku.
"Ku naon geulis, Nyai téh lapar? Tos ah tong ceurik, urang ngala deui cécéndét sareng Tétéh ayeuna mah!" sora budak awéwé umur tujuh taunan ngupahan. Koloyong ka luar muru galengan sawah. Di dinya loba tangkal cécéndét, buahna leubeut karonéng. Tap, diala. Hiji-hiji dihuapkeun ka adina nu keur ceurik tepi ka répéhna.
     Wanci beuki nyérélék, teu karasa peuting geus datang.
"Ka mana atuh ema téh? Apa gé tos lami teu uih ...!" kitu gerentesna. Lieuk kana dipan, adina teu kecét-kecét, saré tibra. Gur, seuneu hurung.
"Ema, Euis gé tos tiasa mirun seuneu ayeuna mah," nyéréngéh bungah. Sok, kastrol eusi béas ditumpangkeun na liang hawu. Manéhna ngadeluk pipir hawu bari ngasur-ngasur seuneu. Sakapeung digeber, sakapeung dikepohan. Ari ku sabar mah teu wurungan asak ogé liwet téh. Seduk, nyiuk sapiring tuluy dipurulukan uyah. Celebek, celebek manéhna dahar semu ni'mat pisan.
    Tengah peuting ngewang-ngewing, hawa beuki karasa tiis, angin tarik ngagelebug. Kulisik manéhna lilir, koréjat hudang. Berengbeng ka tengah imah, luak-lieuk.
"Ema ... di mana ema ...?" ngahinghing na lawang panto.
"Cééh ... cécéh ...!" sora adina nu kakara diajar leumpang jajarigjeugan muru manéhna. Budak dipangku, karasa panas nyebrak saawak-awak. Gap, kana samping aisan, budak diais diéyong-éyong. Beuki lila awakna beuki panas. Ras inget, mun manéhna gering panas ku indungna sok dikomprés. Cag, budak diécagkeun, kilicid nyokot cai jeung lamak urut samping. Lamak dikunclumkeun kana cai tuluy dipeureut. Pel, ditapelkeun kana tarang budak.
     Wanci ngagayuh ka Subuh, budak panasna angger teu turun. Budak téh aya ku soléh, teu hariwuk, teu ceurik. Ngalelempréh waé dina lahunan, leungeunna muntang pageuh ka manéhna. Teu lila, kerejet, kulapés!
Teu karasa cipanon ngalémbéréh maseuhan pipina. Sanajan geus lila, kasedih, kapeurih nu baheula tumiba masih kénéh nanceb dina ati pangjerona. Dua puluh taun kalarung teu bisa nyinglar kangéwa ka nu jadi bapa. Bapa nu jadi alatan hirupna katalangsara. Sanggeus bapana kawin deui, manéhna sasat dialung-alung, ditatawarkeun ka unggal jalma. Geus puguheun indungna mah saprak adina tilar dunya téh apan hirupna gé teu normal deui. Walahwah-weuleuhweuh matak watir.
     Ayeuna manéhna geus rarabi, hirup normal siga batur. Teu munapik, bisa tepi ka kitu téh sabab aya pitulung ti Gusti ngaliwatan kulawarga bageur nu haat ngurusan manéhna.
"Kumaha Téh, kersa ngarawatan abdi? Ka saha deui abdi minangsaraya? Da puguh dulur nu saindung mah geuning taya nu haat, kabéh gé haré-haré,' sora budak lalaki semu ngingsreuk.
"Ti iraha bapa ngilesna Jang?"
"Ti tujuhna ema gé tos teu aya, Téh ...!" budak dirangkul pageuh.
"Duh, Gusti ... énggal sadarkeun pun bapa téh!" duaan paungku-ungku.

#SCS_Carpon_WS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

0 koméntar: