Rabu, 02 Agustus 2017
Yasana: Tjétjép Akhmad Kamaluddin Alfaridji
Saban poé nikreuh, ngeureuyeuh, capé malah kapateuh teu dirasa. Alatan rumasa teu boga pangabisa saperti nu lian, pikeun nutup bubutuh, nyocok résiko, nyubadanan kawajiban salaku kapala rumahtangga. Indit isuk balik peuting geus jadi kabiasaan sapopoé pikeun Panca, purah naktak-mundak di salahsahiji Perkebunan nu patempatanana suwung ku angkutan umum, pikeun nepikeun lalampahanana ti saturunna tina angkot nu ngaliwatan ka wates éta Perkebunan, lintang ti ojég bari langka, dina ayana ogé ongkosna nu matak méakeun buruh sapoé.
"Jang, duitan tah motor Uwa, lumayan méh teu capé teuing dijalan!" ceuk Wa Abu, nu taya lian uwana Nyi Éti pamajikanana Panca, mangkarunyakeun ka nu jadi salaki suanna. Nu waktu harita Panca keur kabeneran istirahat tina pakasabanana, nu ngahaja hayang reureuh sapoé harita mah, manéhna aya di imah.
"Emh ...! Sanés teu hoyong, Wa, namung teu gaduh kanggo ngaartosanana!" témbalna.
"Keun baé Uwa mah teu kudu punah ayeuna asal aya sawaréh bé, keur nambahan DP nyokot nu anyar, itu geuningan Si Jalu keukeuh hayang maké nu weuteuh pikeun indit sakola," Wa Abu nyusul caritaan Panca.
"Sabaraha kirangna kitu, Wa?"
"Sajuta kurangna mah, Jang. Sangkan papada maké wé Uwa mah, atuh pikeun ka hareupna Ujang nyicil, itung-itung silihbantuan," Wa Abu ngajéntrékeun.
"Upami sajuta mah aya atuh, Kang, ieu di Nyai, artos nu kanggé sadidinten ku Nyai sok disisihkeun!" Nyi Éti milu mairan. Nu antukna papada sapuk.
Isukna Panca inditna gawé téh geus teu naék deui angkot, teu leumpang deui. Manéhna ngadius kana motor. Pasosoré nu biasana gura-giru balik, soré harita mah rada nyalsé. Boga rasa moal lila ieu di jalanna jeung moal kapoékan teuing. Di tengah pasimpangan motor ngadadak eureun teu hirup, terus didorong ka hiji warung nu sok dipaké pangistirahanana ba'da turun tina angkot. Motor diuprak-oprék malah aya nu marantuan motor weléh teu daék hirup. Antukna motor dipihapékeun ka nu boga warung. Tuluy manéhna laju balik naék angkot.
Dina angkot nu ku manéhna ditumpangan nyampak aya hiji awéwé nu ngais budak, éta budak katingalina rada réwél, bari ceurik waé.
"Je ... jep ...!" indungna ngolo ngarépéhkeun budakna bari ngasongkeun kirincing cocoan budak, tapi budak angger ceurik. "Ka Uukeun geura nya ieu kirincing na?" éta awéwé ngolo ku nyingsieunan, bari ngarérét ka Panca.
"Aéééh ... geuningan, Akang?"
"Muhun, Néng!" tayohna papada wawuh. Budak angger teu répéh, burahol ... éta awéwé ngaluarkeun pinareupna, "Nénén atuh yeuh!" budak terus diolo sangkan répéh, nepi ka sababaraha kali tapi budak angger ceurik.
"Ka Uukeun geura nya nénénna!" pokna semu kawalahan ku budak. Teu kudu dicaritakeun deui birahi lalaki mun seug ningali lir cengkir sakembaran mah.
"Yap, ka Uu, Dé!" Panca nga'uu'keun. Budak terus dipangku dibawa bacéo, dadaksakala budak répéh dina pangkuanana, jékét jemblong tur tembus kana kaos jerona, manéhna teu loba omong.
"Kiri ... Pir!" Jut, duanana tarurun, terus Si Néng mayar ongkos duaneun.
Bari reureuh di hiji patempatan, Panca nyarita, "Néng, pan padumukan Akang mah geus kaliwat, ngan éta badé iraha ka Akangkeunana?" jeplak dampal leungeun Si Néng nyayang kana pipi Panca.
#SCS_Carpon_TAKA.
Balik deui ka beranda, klik di dieu!

Jejer:
Humor
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
0 koméntar:
Posting Komentar
Diantos kamandang atanapi pairan-pairanana!