PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Minggu, 06 Agustus 2017
Yasana: Kang Dedih.

Panonpoé karék bijil. Gerung...! Gerung...! Sora motor Komod, eureun hareupeun imah Juhdi nu jadi sobat dalitna, tuluy keketrok.
"Mihapé jeujeur euy!" ceuk Komod
"Baku ilaing mah, alesan ka nu di imah nguseup, padahal ulin jeung nu lian!" ceuk Juhdi
"Nya, rek kumaha deui atuh, masina téh didinya bujangan kénéh, rék ulin jeung saha waé gé bebas!" témbal Komod, bari ngusiwel ngaluarkeun roko sabungkus, tuluy dicokot sabatang, sésana diasongkeun ka Juhdi.
"Aya korék teu?" ceuk Komod bari ngarampaan pésak, lebeng teu manggih.
Song Juhdi ngasongkeun béngsin kelir héjo nu geus euweuh gasan.
"Euweuhan euy...!" ceuk Komod.
"Aya sakalieun deui mah!" témbal Juhdi.
Cekés, cekés, Komod nyekéskeun béngsin, serebung haseup roko mulek. Song béngsin diasongkeun deui ka Juhdi
"Déwék inditnya!" ceuk Komod bari ngaléos.
"Heueuh! Kadé wé euy sing ati-ati, bisi aya nu manggihan!" ceuk Juhdi
Geuleuyeung Komod indit, dituturkeun paneuteup Juhdi. Tuluy Manéhna gé ngoloyong indit.
Pasosoré Komod balik, teu poho nyimpang heula ka imah Juhdi.
"Geus balik ning?" tanya Juhdi
"Ah, da ngan ukur lalajo ka bioskop, rék ngalaan lauk tuh?" ceuk Komod bari nyokot jeujeur nu dipihapékeun tadi isuk.
"Lah, jug wé bawa kadituh! Kurang ngeunah lauk ti Pasar mah, teu cara lauk ti balong!" ceuk Juhdi bari nyéréngéh.
"Keun baé atuh, da sarua lauk...! Nya, geus atuh, déwék balik nya," ceuk Komod bari tuluy ngaléos.
"Mah, Mah...! Yeuh, bersihan lauk!" Komod ngagorowok ka pamajikanana, bari tuluy manéhna mah ngagebrus mandi.
"Nya, sok wé simpen didinya!" témbal pamajikan Komod.
Bérés mandi, sup, ka kamar ganti baju, tuluy gogoléhéan dina kasur. Karasa aya nu ngaganjel kana tonggong, ku Komod dirampa, goréhél..., béngsin kelir héjo, nu eusina geus euweuhan.
# SCS_Kang Dedih.

1 koméntar:

Anonim mengatakan...

Manfap