PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Minggu, 06 Agustus 2017
Yasana: Rumpaka Rasa

      Nina murungkut nyuuh dikarimbun. Masih reuwas tayohna, disentak bari bonéka kameumeutna dijéwang jaba dialungkeun ka tengah imah ku Siska, indung téréna.
"Papah, geura uih atuh! Nina sieun jabi hésé bobo. Pan teu acan tamat dongéng Sakadang Kuya sareng Monyét téa gé Pah ... Bona gé tadi ku Bunda dialungkeun, hawatos nya Pah nyerieun bari tiriseun di luar nyalira. Padahal biasa gé sok bobo sareng Nina, dikeukeupan. Asa tos kangen hoyong ameng di kamar Papah. Ti tos aya Bunda mah pan teu kéngingeun sareng sok dikonci waé. Saur Bunda mah teu sopan sok asup ka kamar kolot téh. Tapi ari Om réréncangan Bunda mah meureun wios nya Pah, da tos ageung. Bunda mah sieunan nya Pah tos ageung gé, pan mun Papah teu aya téh sok diréncangan ku Om. Tapi saur Bunda téh, awas cenah tong nyarios ka Papah, Om sok bobo di dieu. Mun bébéja rasakeun wé ditinggalkeun sorangan cenah."

      Sajeroning haténa galécok sorangan, angger bari inget waé ka bonéka nu dilandih 'Bona' téa. Nina ngeteyep mukakeun panto kamarna. Bréh, katempo bonéka téa ngagolér hareupeun lawang kamar. Tapi mun dicokot, tada teuing indung téréna ambek. Antukna ukur ditéuteup bari carinakdak. Bonéka téa males paneuteup Nina bari lewa-lewé, ranggah ménta dipangku. Ukur semet diajak imut alum bari didadahan, saméméh nutupkeun deui panto kamarna. Nina nginghak midangdam. Ras kana kajadian peuting harita dua taun kalarung. Sabot manéhna lilir kahudangkeun ku sora Asti, indungna nu keur cacarita bari ceurik rada bedas.
"Jadi ayeuna rék kumaha?"
"Siska rék dikawin. Daék waé didua sukur, mun henteu nya kari kumaha dinya!"
"Heug, abdi rék indit mihapé budak wé!"
Isukna Arman, Bapana mawa Siska ka imah éta.
Ti harita bulan-bulan munggaran mah bageur karasana Siska téh ka Nina. Kadieunakeun sanggeus Arman remen ninggalkeun imah dina waktu rada lila dines luar, karasa ogé ku Nina parobahan sikep Siska nu kasar malah mindeng sesentak nepi ka ngageuweungkeun. Jeung saban bapana keur taya di imah, pasti aya lalaki éta unggah nepi ka mondok moék.

      Peuting beuki simpé, kadéngé nu patinggereneng di pavilyun. Kuniang bonéka cengkat laju ngeteyep muru pavilyun. Bréh, Siska jeung lalaki sawawa keur silihrungrum. Jleng, Bonéka ka hareupeun nu duaan bari panon bulaona ngempur hurung. Teu antaparah, habek! Nonjok si lalaki. Bangkieung. Si lalaki cengkat bari reuwas. Kalayang, jekuk! Suku bonéka najong kekemplong, dayagdag ... bru, si lalaki nambru bari muringis nyekelan hulu angen. Kocéak, Siska ngocéak bari calangap reuwas. Bonéka malik muncereng bari huntuna kekerot, leungeunna ranggah duanana ngagaramang bangun rék ngerekeb Siska. Sabot kitu, gerung ... reg, sora mobil eureun di buruan. Brug, pantona kadéngé ditutupkeun.
Mireungeuh kitu, satengah luncat bari sasampoyongan si lalaki nu tadi muru panto dapur. Siska nu can pati leler tina kareuwas, geuwat nguniang nuturkeun nu ngaléos ka dapur ku paneuteupna. Sarérétan katempo bonéka nu tadi ngagolér di tengah imah, dina tempat mimiti. Teu ieuh maliré kahéranna, bray mukakeun panto hareup.
"Naha teu ngiberan heula badé mulih ayeuna, malih hapé teu aktif, Kang?" Siska basa-basi nyieuhkeun gugupna.
"Puguh anéh hapé bisa leungit, Sis," témbal Arman ngemu héran bari gék diuk.
"Naha can tidur, Sis?"
Can kaburu némbal pananya Arman, Siska ngoloyong ka dapur rék nyokot cai. Meunang sajongjongan, teu lila kadéngé Siska ngajerit ti dapur. Arman tibuburanjat muru ka dapur. Bréh, hiji lalaki ngabebengkang di lawang panto dapur. Beuheungna baloboran getih, siga tapak ngagorok. Gabrug, Siska ngagabrug Arman. Teu kahaja ngarérét bonéka nu ngagolér di tengah imah. Gebeg, mireungeuh panon bonéka nu ngempur tadi beuki hurung. Ngaburileng mencrong manéhna.
"Kang, itu boné ...," les, Siska kapiuhan. Arman ngalieuk ka nu ditunjuk ku Siska. Taya nanaon, salian ti bonéka nu ngagolér hareupeun panto kamar Nina.

#SCS_Carpon_Rum.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

0 koméntar: