PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Minggu, 06 Agustus 2017
Yasana: Wilma Sari

     "Kadé nya Mut, manéh tong ngérakeun!"
"Ngérakeun naon ih?"
"Heueuh, tong asal peletuk ngomongna! Tong nyirikeun teuing urang kampungna!" Nina mani sisiriwidingan. Kuring ukur jebi, teu némbal deui.

      Soré ieu, kuring diajakan Nina ulin ka emol. Rageman jeung babaturan sakelas Nina nu deukeut ka kosan. Basa diajak téh, puguh wé karétoh. Hayang nyaho emol ti baheula atuh. Kuring can boga batur loba. Ma'lum budak anyar. Karék Nina wungkul babaturan téh. Bubuhan wé sakosan. Kabeneran salembur deuih jeung kuring. Ngan Manéhna mah lanceuk kelas kuring. Béda dua tingkat. Tapi, sanajan ka sipat lanceuk, kuring mah teu nyebut Tétéh. Da sabenerna, mun dipapay-papay mah, kuring ka Nina téh kapiadi kénéh pernahna. Pan Nina téh budak Mang Hambali, kapiadina bapa kuring.

       Sakola di dayeuh téh cita-cita kuring ti leuleutik. Teu wurung kalaksanakeun ogé geuning. Keur mah di lembur kuring téh can aya sakola SMA. Aya gé jauh pisan ti imah. Nya, ari jauh-jauh kénéh mah, mending di kota sakalian.

      Geus kasohor di wewengkon kuring mah, basa nu dipaké sapopoéna kasebut kasar. Disebut kasar téh pédah logatna teugeug meureun. Matak ateul ceuli keur nu can biasa mah. Teu siga urang dayeuh, lagamna téh mani genaheun kadéngéna. Rék nurutan gé, can kataékan waé. Batan genah kalah ngagaléong. Matak Nina mah sok nyaram ngomong papanjangan. Saperluna wé cenah, bisi ngérakeun.

      "Mun keur ngawangkong jeung barudak, tong ngaabikeun manéh nya! Nyebut ngaran sorangan wé! Da batur gé kitu di dieu mah. Barina gé lain abi da, nu bener mah abdi!" Nina geus peupeujeuh deui. Kuring unggeuk. Leng, ngahuleng, néangan ngaran sesebutan nu alus.

      Ngaran kuring téh Muttoharoh. Alus, da meunang nyokot tina basa Arab ceuk ema gé. Tapi, asa bingung pikeun sesebutanana nu merenah. Da kuring mah tara nyebut ngaran sorangan. Sok abi wé atawa nyai di imah mah. Ari ku batur mah sok disebut Mumut. Ngan, mun kudu ngamumutkeun manéh mah, asa kurang hébring. Kuring mah hayang nu alus.
"Kira-kira, mun Mutto alus moal nya? Goréng ah, bisi disaruakeun jeung pewangi baju. Toto mah komo siga ngaran lalaki, tukang kiridit sééng pan Mang Toto mah. Roroh waé kitu? Ih, embung ah, kaciri urang lemburna éta mah," haté kuring galécok. Keur uleng kitu, aya nu noél kana leungeun.
"Aéh, ieu réncang kosan Nina nya? Dupi kawit ti mana?" tanya balad Nina soméah.
"Muhun Téh, Imut mah kawit ti Jampang. Salembur sareng Nina," témbal kuring lancar. Haté mah seuri. Geus manggih ayeuna mah sesebutan nu cocog téh. Imut.

      Geus ngarumpul kabéh sigana mah. Tapi kalah hayoh ngawarangkong. Kuring mah geus kesel, hayang geura indit.
"Hayu atuh tétéh-tétéh kabujeng wengi! Ari urang badé numpak naon ieu téh?" kuring nyelengkeung. Ceuleukeuteuk téh babaturan Nina sareuri. Kuring mah olohok wé teu ngarti
"Heuheu ... numpak naon? Numpak kuda lin?" jawab nu saurang, angger seuseurian.
"Muhun, badé numpak naon ka dituna?" kuring keukeuh. Rét ka Nina.
"Naék kituh Mumut, lain numpak!" Nina nyureng. Kuring mah haré-haré wé.
"Ah, nya naon salahna? Da heueuh ditumpakan, mobil gé," gerentes kuring, bari lakacat naék kana angkot, nuturkeun batur nu geus ti heula.

      Tepi ka emol, teu wudu ramé. Soré mah mémang waktuna jalma arulin. Komo pararumaja mah, mani garaya padangdananana gé. Bus, asup. Hawa karasa seger. Tina asé téa meureun. Kuring saparakanca mapay-mapay lantéy hiji.
"Beu, nyaan agréng emol téh!" kuring hookeun. Panon mah teu weléh rarat-rérét.
"Leuh, sagala aya geuning di emol téh. Eta émér jeung sénok gé kuat numpuk kitu!" kuring kumecrék, bari nyabakan parabot. Inget, di kosan téh can boga parabot dapur.
"Ih, teu ngarti manéh mah, séndok kituh, émbér. Yeuh, nyebutkeun hurup B jeung D tèh sing béntés atuh!" Nina rada molotot. Baturna mah patingcikikik nyeungseurikeun kuring.
"Santéy atuh Nin! Tong amek-amekan!"
"Ambek-ambekan kituh Mumut!" Nina baeud. Kuring ngéngéh.
"Duh, Nin, anteur ka cai ih, hayang setor yeuh!" kuring ngaharéwos ka Nina.
"Nam atuh. Ih néwo-néwo nya budak téh ...!" Nina katempo kesel, tapi daékeun ogé nganteur kuring.
Sup, ka cai. Rét, gebeg.
"Euh, geuning WC-na gé kieu, WC duduk téa meureun nya nu kieu téh?" kuring ngagerendeng.
"Mut, hégaé nya. Barudak geus nungguan di lantéy dua. Ké nuturkeun wé nya, ditungguan di stan kosmétik!" Nina ngagorowok ti luar.
"Okéh Nin!"

     Kalacat kuring naék. Cingogo luhureun closét. Bongan bari diuk mah teu daékkeun rut.
Bérés ti cai, gura-giru kuring leumpang. Rék nyusul Nina di luhur. Barang rét ka luhur. Leng, kuring ngahuleng. Késang tiis ujug-ujug ngaragajag maseuhan awak.
"Duuh, kumaha geuning naékna? Itu tanggana gé maju sorangan. Dipaksakeun gé moal bisa ah ieu mah. Nyiar-nyiar cilaka!" kuring ngadégdég. Ti batan ngahuleng waé mah, kuring balik deui ka tempat nu tadi. Teu tulus nyusul Nina.

       Geus rada lila, kurunyung Nina nyampeurkeun.
"Naha teu nyusul Mut?"
"Nyao ah. Batur teu bisa naék tangga gé!" kuring baeud.
"Tangga? Oh, éskalator meureun Mut éta mah," Nina nyéréngéh.
"Sabodo ah, rék traktor rék naon gé."
"Meuli naon atuh Mut?"
"Ieu wé ah, meuli sambak jang di kosan. Nungguan emba mawa ti lembur mah, lila. Gendah pan na sambak mah, handeut. Rék ngadapang jeung émbok gé," walon kuring, ngingiwing karpét gambar kartun.
"Naon Mut? Sambak? Emba? Émbok? Handeut?"
"Pan ceuk manéh gé kudu béntés nyebut hurup N jeung B-na." Nina ngabarakatak. Kuring kéom.

#SCS_Carpon_WS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

0 koméntar: