PEDARAN

Diberdayakan oleh Blogger.
Minggu, 06 Agustus 2017
Yasana: Ros Fink

      Tréng, tréng sora bél asup, barudak bring ka lapangan rèk ngalaksanakeun solat Duha. Imam geus siap. Rèngsè solat Duha diayakeun kultum, ku siswa anu geus ditugaskeun. Bérés kagiatan solat Duha arasup ka kelasna masing-masing. Kitu kagiatan anu dilaksanakeun di sakola tempat ngajarna Bu Tia.

      Ma'lum barudak anyar kelas 7 mah, kalakuanana masih rarasaeun kénéh di SD, mun ka cai atawa ka luar sok ngabring atawa ngarogrog ka hareup lamun dipariksa PR atawa tugasna. Kitu deui harita anu kaalaman ku Bu Tia. Jam ngajar ka 5-6, tas olahraga atuh barang rog téh ngagimbung ngurilingan méja guru nepi ka Bu Tia teu bisa usik.
"Marurangkalih cobi giliran ka payunna, nu teu can, calik heula dina bangku masing-masing, tos olahraga gentos acukna ku seragam bodas biru!" ceuk Bu Tia bari ngajelaskeun disiplin tata tertib sakola.
"Perhatoskeun sakedap, ieu aya serat uleman ti sakola, ieu serat kedah didugikeun ka sepuh masih-masing, énjing kedah hadir rapat komite kelas!" ceuk Bu Tia bari ngabagikeun surat ka barudak bari nyebutan ngaran hiji-hiji.

      Jam dalapan tilu puluh, kolot murid geus rempeg, ari rapat dimimitian jam salapan. Tréng jam salapan rapat dimimitian di rohangan aula umum keur pembukaan jeung ngenalkeun sakabéh wali kelas, kegiatan sakola, jeung anu séjénna patali kagiatan di sakola geus dijelaskeun sacara gamlang ku pupuhu sakola.
      Acara terakhir nya éta ngayakeun pembentukan komite kelas dilaksakeun di kelas masing- masing. Kolot murid asup ka kelas saluyu jeung budakna asup di kelas naon. Kelas 7 aya dalapan kelas. Bu Tia ngawalikelasan kelas 7A kelas unggulan, muridna nu peringkat hiji nepi ka peringkat tilu. Jumlah siswana aya 25 urang.
"Mangga Ibu, Bapa dihaturanan linggih ka rohangan kelas 7A!" ceuk Bu Tia bari sasalaman ka kolot murid nu datang.
"Bu Tia, punten Ayah teu tiasa sumping, ku néné digentosna teu sawios-wios Bu?"
"Oh Inta, wios sayang nuju ka mana ayahna?"
"Ayah damel Bu, saur Ayah mah engkin badé ijin ka Ibu cenah, naha atos atanapi teu acan, Bu?" témbalna semu nu sedih bari tungkul. Ningali kitu Bu Tia langsung ngusapan taktak budak.
"Wios néné ogé sami, teu acan ayahna nuju sibuk kénéh panginten, Intan teu kénging sedih kitu, sok imut heula kanggé Ibu mana?"
Nyéh budak seuri bari neuteup Bu Tia.
"Tah kitu anak pinter, mandiri," témbal Bu Tia bari ngusapan sirah Intan.

       Rapat komite dibuka, Bu Tia ngenalkeun diri salaku wali kelas 7A, sanggeus ngajelaskeun perluna dibentuk komite kelas, Bu Tia méré kasempetan ka kolot murid sagala rupana, ti mimiti pembentukan ketua, sékrétaris, katut bendaharana. Wali kelas ukur nyatujuan. Sanggeus réngsé ngabentuk panitia komite kelas diumukeun jeung dimusyawarah kumaha tindak lanjutna. Unggal kolot murid naruliskeun nomer HP nu bisa dihubungi. Bu Tia ogé méré nomer HP ka kolot murid. Rapat bubar.

     Bérés solat Isya keur jongjon mindahkeun ngaran kolot murid, alamat jeung nomer HP-na kana buku komite kelas. Tititit, HP Bu Tia disada laju dicokot nomer anyar can wawuh.
"Ya, assalamualaikum, punten sareng saha?"
"Leres ieu sareng Bu Tia, wali kelas 7A, abdi sepuhna siswa Intan Rahmawati?"
"Oh muhun Pa, abdi nepangkeun Tia, wali kelas 7A, ieu sareng ayahna Néng Intan? Hatur nuhun tos ditepangkeun."
"Muhun Bu Tia, punten tadi teu tiasa ngiring rapat nuju aya tugas luar di padamelan teu tiasa dikantunkeun ma'lum di lapangan Bu, nénèna nu ngagentos."
"Teu sawios Pa, sami waé mung ngabentuk panitia sareng tindak lanjutna ka payun, mangga bilih aya nu teu ngartos mah tiasa naroskeun ka abdi, janten upami Bapa naroskeun perkembangan putra atanapi kagiatan di sakola tiasa ka abdi atanapi ka ketua komite, kitu deui panginten bilih abdi peryogi informasi perkembangan putra badé naroskeun ka Bapa. Kitu panginten Pa dina danget ayeuna mah."
"Oh muhun Bu Tia, hatur nuhun! Ieu nomer HP abdi bilih aya nanaon ngeunaan pun anak mah."
"Ya. Muhun hatur nuhun, Pa!"
"Muhun sakitu waé, Bu, assalamualaikum,"
Klik HP ditutup.

       Intan di kelas 7 jadi ketua kelas, budak téh geus mandiri jeung katingali déwasa, hideng teu kudu diutah-étah, kapamingpinanana geus nonjol. Manéhna asup kaanggotaan OSIS di sakolana. Keur geulis téh soméah, pinter, jeung rajin. Ka wali kelas deukeut, malah sok curhat. Bu Tia wali kelasna nyaaheun pisan asa ka anak sorangan. Keur mah kelas 7A mah balageur jeung harideng budakna.

       Waktu keur saralsé tas UTS, Bu Tia ka kelas rék ngumumkeun kagiatan bakti sosial di lingkungan sakola, barudak geus ngarti arasup ka kelas. Jol Bu Tia uluk salam, dijawab hempak bari naranyakeun hasil UTS pelajaran nu diampu ku Bu Tia.
"Bu kumaha hasil UTS-na kelas 7A, saraé Bu?"
"Alhamdulillah, ya ... tapi aya nu kedah dirémidial mung sababaraha urang."
"Saha waé Bu, sebatkeun!" Bu Tia nyebutan tilu budak nu kudu rémidial.
"Bu enjing saatos kagiatan bakti kumaha upami masak-masak di bumi Ibu, tiasa teu?"
"Oh hayu, tapi siap masak nyalira!"
"Muhun Bu," kabéh satuju. Malah aya nu rék mawa bahan-bahan liweteun. Bu Tia nyatujuan.

      Geus asak ngaliwet, brak diamparkeun dina daun cau, balakécrakan, ma'lum budak keur mareujeuhna.
Bérés dahar silihfoto sélfian, atuh Bu Tia ogé kudu miluan. Barudak suka bungah, keun lah itung-itung réfrésing. Keur mah Bu Tia di imah ngan duaan jeung budakna nu bungsu, karék SMP kelas 8, ari nu gedé mah geus kuliah di Bandung.

      Barudak awéwé mah di jero imah keur ningalian album foto kulawarga Bu Tia. Intan keur jongjon ningali album heubeul Bu Tia keur jaman SMA, manéhna nyidik-nyidik hiji foto, asa wawuh ngan di mana ningalina. Cekrék difoto album nu aya foto dimaksud téh. Laju album dibukaan tuluy ditutupkeun deui, disimpen di tempat asalna. Geus Ashar barudak amitan. Baralik ka imah séwang- séwangan.

      Saminggu atawa dua minggu sakali bapana Intan sok nelpun atawa SMS, nanyakeun kumaha perkembangan Intan di sakola. Asa rada aya nu anéh dina pikiran Bu Tia naha sora bapana Intan asa geus wawuh, ngan di mana jeung iraha, ah sarua meureun. Can wani nanya Bu Tia éra bisi salah. Kitu deui bapana Intan asa wawuh kana sora Bu Tia, ngan iraha, tungtungna silihsangka.

      Geus lima poé Intan teu sakola, poè Saptu geus direncanakeun rék ngalongok sakelas réngsè bubaran sakola, Bu Tia geus siap nungguan barudak bari nyiapkeun kandaraan saangkoteun. Laju angkot ngajugjug imahna Intan. Reg eureun geus nepi ka nu dijugjug. Barudak nuju ka buruan imah Intan. Nu lega pinuh ku kekembangan, jigana resep pepelakan tempatna asri kembang ditata ngajajar keur meujeuhna marangkak ligar.

      Gia uluk salam, Gia sobatna Intan mawa bungbuahan keur Intan.
"Assalamualaikum!"
"Waaalaikum salam," sora lalaki ti jero imah ngajawab salam.
Bray panto muka, barudak langsung sasalaman ka bapana Intan, tuluy asup ka jero imah sanggeus dititah asup kabéh budak nu milu ngalongok, Bu Tia panungtung asup ka imah, da manéhna balik deui kana mobil, aya nu tinggaleun.
"Mana sareng wali kelas teu?" tanya bapana Intan.
"Muhun Pa, itu nuju ka mobil, aya nu kakantun saurna," témbal Gia wakil ketua kelas sobatna Intan.

     Bu Tia anjog ka hareupeun panto teu rarat-rérét.
"Manga linggih Bu Tia!" ceuk hiji sora. Gebeg Bu Tia ngagebeg, asa apal éta sora, barang rét ningali ka tempat sora.
"Astagfirullah ieu Kang Rachmat sanés?"
"Ieu Tia?"
"Muhun ya Allah, Akang linggih di dieu?"
Nepi ka poho ngajaranteng hareupeun lawang, Pa Rachmat karék sadar tamuna can dititah asup, bakat héran puluhan taun tepung deui. Tungtungna ngobrol pangalaman jeung carita hirup masing- masing. Jol ninina Intan, derekdek ku pa Rachmat didongéngkeun yén Bu Tia sobatna baheula keur jaman SMA, dua puluh taun ka tukang. Ayeuna tepung geus boga bati masing-masing. Sarua nasib hirup pada-pada nyorangan mawa budak masing-masing. Waas teu bisa digambarkeun, asa kagambar lalakon keur masa rumaja, kungsi pakait ati ngan situasi jeung kondisi anu megatkeun. Tia dijodokeun ku kolotna, bérés kuliah kawin, ari Rachmat sakola ka luar negri, da manéhna pinter meunang béasiswa. Barudak anteng di kamar Intan. Intan geus tinggal pemulihan ceuk dokter.

      Sanggeus kajadian tepung jeung sobatna Bu Tia, Pa Rahmat sok remen ngobrol dina telepun atawa SMS, samalah kabéhdieunakeun sok datang ka imah Bu Tia. Alesan Intan aya perlu nanyakeun ngeunaan palajaran atawa masalah hubungan jeung sakola.

     Hiji waktu Pa Rahmat ngajak tepung di hiji tempat, aya piobroleun penting pisan. Teu bisa ditelepun atawa di imah, kudu salsé di hiji tempat. Bu Tia dititah ngadagoan di imahna, rék disampeur ku Pa Racmat jam salapanan.

     Gerung-gerung sora mobil di buruan imah Bu Tia, klakson sakali. Bu Tia norojol ningali ka buruan. Jut tina mobil, Pa Rahmat geuning. Cenah jam salapan, karék gé satengah salapan geus datang.
"Assalamualaikum," pokna uluk salam.
"Oh, mangga ka lebet! Saurna tabuh salapan, Kang?"
"Har, naha ayeuna jam sabaraha? Di Akang mah tos tabuh salapan," témbalna bari rét kana jam tangan.
"Muhun wios atuh langkung saé, tapi Tia mah asa dibuburu, mana acan réngsé deuih bébérés di bumi," ceuk Tia bari imut.
"Sok béréskan heula, diantosan!"
"Muhun sakedap nya, kin urang damelkeun heula kopi. Mangga calik, antosan sakedap deui!"
"Tia, piraku kopi wungkul?"
"Muhun da teu gaduh nanaon. Manawi badé tuang, tos asak sangu mah?" pok Tia.
"Moal tos sarapan tadi."
"Muhun. Dikantun heula atuh nya!" ceuk Tia.

      Tia bébérés, laju mandi tuluy dangdan. Geus siap terus nepungan Rachmat di rohang tamu.
"Kang, atos siap da. Badé ka mana atuh saleresna, badé nyarios naon di bumi ogé tiasa sanés?" ceuk Tia bari diuk gigireun Rachmat.
"Tia, sok calik heula!" ceuk Rachmat bari metot leungeun Tia.
"Ieu atos calik, teras kumaha hayu atuh tos siang!"
"Tia, terang teu kumaha rasa Akang ayeuna, jigana Tia mah haré-haré, Tia tingali panon Akang!" treup dua panon silihteuteup, anteb maca jero haté séwang-séwangan, ratug jiga dulag keur Lebaran, mangsa ka tukang narémbongan, waktu éndah silihanteur rasa, naha ayeuna datang deui dina waktu geus pada-pada maju ka kolot, duriat pakokolot meureun disebutna.

      Teu kawawa ku kasono dua puluh taun, sono nu masih kénéh nyicingan lalangit haté, ayeuna tepung anu teu dihaja, geus jodo meureun, sakumaha dipegatkeun ogé bisa tepung deui.

      Rachmat jeung Tia baheula kungsi masing-masing neundeun rasa, teu leungit rasa sajatina ayeuna tepung deui. Rachmat niat rék hirup babarengan jeung Tia. Manéhna ayeuna geus pasti pilihan haténa, nu satadina moal boga deui batur hirup alatan trauma nu enggeus-enggeus kaalaman, kitu deui Tia sanggeus ditingalkeun ku salakina geus embung kawin deui.

Manusa mah ngan saukur ngarencana, tapi Gusti boga rencana lain. Barudak ti Tia satuju indungna boga deui salaki, kitu deui ti Rachmat budakna Intan teu keubeuratan boga indung anyar, keur mah geus kenal Intan mah, jadi geus asa ka indung sorangan. Mugia bagja rumah tanggana!

#SCS_Carpon_Ros.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

0 koméntar: