Minggu, 06 Agustus 2017
Yasana: Kang Dedih.
Panonpoé karék bijil. Gerung...! Gerung...! Sora motor Komod, eureun hareupeun imah Juhdi nu jadi sobat dalitna, tuluy keketrok.
"Mihapé jeujeur euy!" ceuk Komod
"Baku ilaing mah, alesan ka nu di imah nguseup, padahal ulin jeung nu lian!" ceuk Juhdi
"Nya, rek kumaha deui atuh, masina téh didinya bujangan kénéh, rék ulin jeung saha waé gé bebas!" témbal Komod, bari ngusiwel ngaluarkeun roko sabungkus, tuluy dicokot sabatang, sésana diasongkeun ka Juhdi.
"Aya korék teu?" ceuk Komod bari ngarampaan pésak, lebeng teu manggih.
Song Juhdi ngasongkeun béngsin kelir héjo nu geus euweuh gasan.
"Euweuhan euy...!" ceuk Komod.
"Aya sakalieun deui mah!" témbal Juhdi.
Cekés, cekés, Komod nyekéskeun béngsin, serebung haseup roko mulek. Song béngsin diasongkeun deui ka Juhdi
"Déwék inditnya!" ceuk Komod bari ngaléos.
"Heueuh! Kadé wé euy sing ati-ati, bisi aya nu manggihan!" ceuk Juhdi
Geuleuyeung Komod indit, dituturkeun paneuteup Juhdi. Tuluy Manéhna gé ngoloyong indit.
Pasosoré Komod balik, teu poho nyimpang heula ka imah Juhdi.
"Geus balik ning?" tanya Juhdi
"Ah, da ngan ukur lalajo ka bioskop, rék ngalaan lauk tuh?" ceuk Komod bari nyokot jeujeur nu dipihapékeun tadi isuk.
"Lah, jug wé bawa kadituh! Kurang ngeunah lauk ti Pasar mah, teu cara lauk ti balong!" ceuk Juhdi bari nyéréngéh.
"Keun baé atuh, da sarua lauk...! Nya, geus atuh, déwék balik nya," ceuk Komod bari tuluy ngaléos.
"Mah, Mah...! Yeuh, bersihan lauk!" Komod ngagorowok ka pamajikanana, bari tuluy manéhna mah ngagebrus mandi.
"Nya, sok wé simpen didinya!" témbal pamajikan Komod.
Bérés mandi, sup, ka kamar ganti baju, tuluy gogoléhéan dina kasur. Karasa aya nu ngaganjel kana tonggong, ku Komod dirampa, goréhél..., béngsin kelir héjo, nu eusina geus euweuhan.
# SCS_Kang Dedih.

Yasana: Rumpaka Rasa
Nina murungkut nyuuh dikarimbun. Masih reuwas tayohna, disentak bari bonéka kameumeutna dijéwang jaba dialungkeun ka tengah imah ku Siska, indung téréna.
"Papah, geura uih atuh! Nina sieun jabi hésé bobo. Pan teu acan tamat dongéng Sakadang Kuya sareng Monyét téa gé Pah ... Bona gé tadi ku Bunda dialungkeun, hawatos nya Pah nyerieun bari tiriseun di luar nyalira. Padahal biasa gé sok bobo sareng Nina, dikeukeupan. Asa tos kangen hoyong ameng di kamar Papah. Ti tos aya Bunda mah pan teu kéngingeun sareng sok dikonci waé. Saur Bunda mah teu sopan sok asup ka kamar kolot téh. Tapi ari Om réréncangan Bunda mah meureun wios nya Pah, da tos ageung. Bunda mah sieunan nya Pah tos ageung gé, pan mun Papah teu aya téh sok diréncangan ku Om. Tapi saur Bunda téh, awas cenah tong nyarios ka Papah, Om sok bobo di dieu. Mun bébéja rasakeun wé ditinggalkeun sorangan cenah."
Sajeroning haténa galécok sorangan, angger bari inget waé ka bonéka nu dilandih 'Bona' téa. Nina ngeteyep mukakeun panto kamarna. Bréh, katempo bonéka téa ngagolér hareupeun lawang kamar. Tapi mun dicokot, tada teuing indung téréna ambek. Antukna ukur ditéuteup bari carinakdak. Bonéka téa males paneuteup Nina bari lewa-lewé, ranggah ménta dipangku. Ukur semet diajak imut alum bari didadahan, saméméh nutupkeun deui panto kamarna. Nina nginghak midangdam. Ras kana kajadian peuting harita dua taun kalarung. Sabot manéhna lilir kahudangkeun ku sora Asti, indungna nu keur cacarita bari ceurik rada bedas.
"Jadi ayeuna rék kumaha?"
"Siska rék dikawin. Daék waé didua sukur, mun henteu nya kari kumaha dinya!"
"Heug, abdi rék indit mihapé budak wé!"
Isukna Arman, Bapana mawa Siska ka imah éta.
Ti harita bulan-bulan munggaran mah bageur karasana Siska téh ka Nina. Kadieunakeun sanggeus Arman remen ninggalkeun imah dina waktu rada lila dines luar, karasa ogé ku Nina parobahan sikep Siska nu kasar malah mindeng sesentak nepi ka ngageuweungkeun. Jeung saban bapana keur taya di imah, pasti aya lalaki éta unggah nepi ka mondok moék.
Peuting beuki simpé, kadéngé nu patinggereneng di pavilyun. Kuniang bonéka cengkat laju ngeteyep muru pavilyun. Bréh, Siska jeung lalaki sawawa keur silihrungrum. Jleng, Bonéka ka hareupeun nu duaan bari panon bulaona ngempur hurung. Teu antaparah, habek! Nonjok si lalaki. Bangkieung. Si lalaki cengkat bari reuwas. Kalayang, jekuk! Suku bonéka najong kekemplong, dayagdag ... bru, si lalaki nambru bari muringis nyekelan hulu angen. Kocéak, Siska ngocéak bari calangap reuwas. Bonéka malik muncereng bari huntuna kekerot, leungeunna ranggah duanana ngagaramang bangun rék ngerekeb Siska. Sabot kitu, gerung ... reg, sora mobil eureun di buruan. Brug, pantona kadéngé ditutupkeun.
Mireungeuh kitu, satengah luncat bari sasampoyongan si lalaki nu tadi muru panto dapur. Siska nu can pati leler tina kareuwas, geuwat nguniang nuturkeun nu ngaléos ka dapur ku paneuteupna. Sarérétan katempo bonéka nu tadi ngagolér di tengah imah, dina tempat mimiti. Teu ieuh maliré kahéranna, bray mukakeun panto hareup.
"Naha teu ngiberan heula badé mulih ayeuna, malih hapé teu aktif, Kang?" Siska basa-basi nyieuhkeun gugupna.
"Puguh anéh hapé bisa leungit, Sis," témbal Arman ngemu héran bari gék diuk.
"Naha can tidur, Sis?"
Can kaburu némbal pananya Arman, Siska ngoloyong ka dapur rék nyokot cai. Meunang sajongjongan, teu lila kadéngé Siska ngajerit ti dapur. Arman tibuburanjat muru ka dapur. Bréh, hiji lalaki ngabebengkang di lawang panto dapur. Beuheungna baloboran getih, siga tapak ngagorok. Gabrug, Siska ngagabrug Arman. Teu kahaja ngarérét bonéka nu ngagolér di tengah imah. Gebeg, mireungeuh panon bonéka nu ngempur tadi beuki hurung. Ngaburileng mencrong manéhna.
"Kang, itu boné ...," les, Siska kapiuhan. Arman ngalieuk ka nu ditunjuk ku Siska. Taya nanaon, salian ti bonéka nu ngagolér hareupeun panto kamar Nina.
#SCS_Carpon_Rum.
Balik deui ka beranda, klik di dieu!

Jejer:
Atikan
|
0
koméntar
Yasana: Wilma Sari
"Kadé nya Mut, manéh tong ngérakeun!"
"Ngérakeun naon ih?"
"Heueuh, tong asal peletuk ngomongna! Tong nyirikeun teuing urang kampungna!" Nina mani sisiriwidingan. Kuring ukur jebi, teu némbal deui.
Soré ieu, kuring diajakan Nina ulin ka emol. Rageman jeung babaturan sakelas Nina nu deukeut ka kosan. Basa diajak téh, puguh wé karétoh. Hayang nyaho emol ti baheula atuh. Kuring can boga batur loba. Ma'lum budak anyar. Karék Nina wungkul babaturan téh. Bubuhan wé sakosan. Kabeneran salembur deuih jeung kuring. Ngan Manéhna mah lanceuk kelas kuring. Béda dua tingkat. Tapi, sanajan ka sipat lanceuk, kuring mah teu nyebut Tétéh. Da sabenerna, mun dipapay-papay mah, kuring ka Nina téh kapiadi kénéh pernahna. Pan Nina téh budak Mang Hambali, kapiadina bapa kuring.
Sakola di dayeuh téh cita-cita kuring ti leuleutik. Teu wurung kalaksanakeun ogé geuning. Keur mah di lembur kuring téh can aya sakola SMA. Aya gé jauh pisan ti imah. Nya, ari jauh-jauh kénéh mah, mending di kota sakalian.
Geus kasohor di wewengkon kuring mah, basa nu dipaké sapopoéna kasebut kasar. Disebut kasar téh pédah logatna teugeug meureun. Matak ateul ceuli keur nu can biasa mah. Teu siga urang dayeuh, lagamna téh mani genaheun kadéngéna. Rék nurutan gé, can kataékan waé. Batan genah kalah ngagaléong. Matak Nina mah sok nyaram ngomong papanjangan. Saperluna wé cenah, bisi ngérakeun.
"Mun keur ngawangkong jeung barudak, tong ngaabikeun manéh nya! Nyebut ngaran sorangan wé! Da batur gé kitu di dieu mah. Barina gé lain abi da, nu bener mah abdi!" Nina geus peupeujeuh deui. Kuring unggeuk. Leng, ngahuleng, néangan ngaran sesebutan nu alus.
Ngaran kuring téh Muttoharoh. Alus, da meunang nyokot tina basa Arab ceuk ema gé. Tapi, asa bingung pikeun sesebutanana nu merenah. Da kuring mah tara nyebut ngaran sorangan. Sok abi wé atawa nyai di imah mah. Ari ku batur mah sok disebut Mumut. Ngan, mun kudu ngamumutkeun manéh mah, asa kurang hébring. Kuring mah hayang nu alus.
"Kira-kira, mun Mutto alus moal nya? Goréng ah, bisi disaruakeun jeung pewangi baju. Toto mah komo siga ngaran lalaki, tukang kiridit sééng pan Mang Toto mah. Roroh waé kitu? Ih, embung ah, kaciri urang lemburna éta mah," haté kuring galécok. Keur uleng kitu, aya nu noél kana leungeun.
"Aéh, ieu réncang kosan Nina nya? Dupi kawit ti mana?" tanya balad Nina soméah.
"Muhun Téh, Imut mah kawit ti Jampang. Salembur sareng Nina," témbal kuring lancar. Haté mah seuri. Geus manggih ayeuna mah sesebutan nu cocog téh. Imut.
Geus ngarumpul kabéh sigana mah. Tapi kalah hayoh ngawarangkong. Kuring mah geus kesel, hayang geura indit.
"Hayu atuh tétéh-tétéh kabujeng wengi! Ari urang badé numpak naon ieu téh?" kuring nyelengkeung. Ceuleukeuteuk téh babaturan Nina sareuri. Kuring mah olohok wé teu ngarti
"Heuheu ... numpak naon? Numpak kuda lin?" jawab nu saurang, angger seuseurian.
"Muhun, badé numpak naon ka dituna?" kuring keukeuh. Rét ka Nina.
"Naék kituh Mumut, lain numpak!" Nina nyureng. Kuring mah haré-haré wé.
"Ah, nya naon salahna? Da heueuh ditumpakan, mobil gé," gerentes kuring, bari lakacat naék kana angkot, nuturkeun batur nu geus ti heula.
Tepi ka emol, teu wudu ramé. Soré mah mémang waktuna jalma arulin. Komo pararumaja mah, mani garaya padangdananana gé. Bus, asup. Hawa karasa seger. Tina asé téa meureun. Kuring saparakanca mapay-mapay lantéy hiji.
"Beu, nyaan agréng emol téh!" kuring hookeun. Panon mah teu weléh rarat-rérét.
"Leuh, sagala aya geuning di emol téh. Eta émér jeung sénok gé kuat numpuk kitu!" kuring kumecrék, bari nyabakan parabot. Inget, di kosan téh can boga parabot dapur.
"Ih, teu ngarti manéh mah, séndok kituh, émbér. Yeuh, nyebutkeun hurup B jeung D tèh sing béntés atuh!" Nina rada molotot. Baturna mah patingcikikik nyeungseurikeun kuring.
"Santéy atuh Nin! Tong amek-amekan!"
"Ambek-ambekan kituh Mumut!" Nina baeud. Kuring ngéngéh.
"Duh, Nin, anteur ka cai ih, hayang setor yeuh!" kuring ngaharéwos ka Nina.
"Nam atuh. Ih néwo-néwo nya budak téh ...!" Nina katempo kesel, tapi daékeun ogé nganteur kuring.
Sup, ka cai. Rét, gebeg.
"Euh, geuning WC-na gé kieu, WC duduk téa meureun nya nu kieu téh?" kuring ngagerendeng.
"Mut, hégaé nya. Barudak geus nungguan di lantéy dua. Ké nuturkeun wé nya, ditungguan di stan kosmétik!" Nina ngagorowok ti luar.
"Okéh Nin!"
Kalacat kuring naék. Cingogo luhureun closét. Bongan bari diuk mah teu daékkeun rut.
Bérés ti cai, gura-giru kuring leumpang. Rék nyusul Nina di luhur. Barang rét ka luhur. Leng, kuring ngahuleng. Késang tiis ujug-ujug ngaragajag maseuhan awak.
"Duuh, kumaha geuning naékna? Itu tanggana gé maju sorangan. Dipaksakeun gé moal bisa ah ieu mah. Nyiar-nyiar cilaka!" kuring ngadégdég. Ti batan ngahuleng waé mah, kuring balik deui ka tempat nu tadi. Teu tulus nyusul Nina.
Geus rada lila, kurunyung Nina nyampeurkeun.
"Naha teu nyusul Mut?"
"Nyao ah. Batur teu bisa naék tangga gé!" kuring baeud.
"Tangga? Oh, éskalator meureun Mut éta mah," Nina nyéréngéh.
"Sabodo ah, rék traktor rék naon gé."
"Meuli naon atuh Mut?"
"Ieu wé ah, meuli sambak jang di kosan. Nungguan emba mawa ti lembur mah, lila. Gendah pan na sambak mah, handeut. Rék ngadapang jeung émbok gé," walon kuring, ngingiwing karpét gambar kartun.
"Naon Mut? Sambak? Emba? Émbok? Handeut?"
"Pan ceuk manéh gé kudu béntés nyebut hurup N jeung B-na." Nina ngabarakatak. Kuring kéom.
#SCS_Carpon_WS.

Humor
|
0
koméntar
Yasana: Ros Fink
Tréng, tréng sora bél asup, barudak bring ka lapangan rèk ngalaksanakeun solat Duha. Imam geus siap. Rèngsè solat Duha diayakeun kultum, ku siswa anu geus ditugaskeun. Bérés kagiatan solat Duha arasup ka kelasna masing-masing. Kitu kagiatan anu dilaksanakeun di sakola tempat ngajarna Bu Tia.
Ma'lum barudak anyar kelas 7 mah, kalakuanana masih rarasaeun kénéh di SD, mun ka cai atawa ka luar sok ngabring atawa ngarogrog ka hareup lamun dipariksa PR atawa tugasna. Kitu deui harita anu kaalaman ku Bu Tia. Jam ngajar ka 5-6, tas olahraga atuh barang rog téh ngagimbung ngurilingan méja guru nepi ka Bu Tia teu bisa usik.
"Marurangkalih cobi giliran ka payunna, nu teu can, calik heula dina bangku masing-masing, tos olahraga gentos acukna ku seragam bodas biru!" ceuk Bu Tia bari ngajelaskeun disiplin tata tertib sakola.
"Perhatoskeun sakedap, ieu aya serat uleman ti sakola, ieu serat kedah didugikeun ka sepuh masih-masing, énjing kedah hadir rapat komite kelas!" ceuk Bu Tia bari ngabagikeun surat ka barudak bari nyebutan ngaran hiji-hiji.
Jam dalapan tilu puluh, kolot murid geus rempeg, ari rapat dimimitian jam salapan. Tréng jam salapan rapat dimimitian di rohangan aula umum keur pembukaan jeung ngenalkeun sakabéh wali kelas, kegiatan sakola, jeung anu séjénna patali kagiatan di sakola geus dijelaskeun sacara gamlang ku pupuhu sakola.
Acara terakhir nya éta ngayakeun pembentukan komite kelas dilaksakeun di kelas masing- masing. Kolot murid asup ka kelas saluyu jeung budakna asup di kelas naon. Kelas 7 aya dalapan kelas. Bu Tia ngawalikelasan kelas 7A kelas unggulan, muridna nu peringkat hiji nepi ka peringkat tilu. Jumlah siswana aya 25 urang.
"Mangga Ibu, Bapa dihaturanan linggih ka rohangan kelas 7A!" ceuk Bu Tia bari sasalaman ka kolot murid nu datang.
"Bu Tia, punten Ayah teu tiasa sumping, ku néné digentosna teu sawios-wios Bu?"
"Oh Inta, wios sayang nuju ka mana ayahna?"
"Ayah damel Bu, saur Ayah mah engkin badé ijin ka Ibu cenah, naha atos atanapi teu acan, Bu?" témbalna semu nu sedih bari tungkul. Ningali kitu Bu Tia langsung ngusapan taktak budak.
"Wios néné ogé sami, teu acan ayahna nuju sibuk kénéh panginten, Intan teu kénging sedih kitu, sok imut heula kanggé Ibu mana?"
Nyéh budak seuri bari neuteup Bu Tia.
"Tah kitu anak pinter, mandiri," témbal Bu Tia bari ngusapan sirah Intan.
Rapat komite dibuka, Bu Tia ngenalkeun diri salaku wali kelas 7A, sanggeus ngajelaskeun perluna dibentuk komite kelas, Bu Tia méré kasempetan ka kolot murid sagala rupana, ti mimiti pembentukan ketua, sékrétaris, katut bendaharana. Wali kelas ukur nyatujuan. Sanggeus réngsé ngabentuk panitia komite kelas diumukeun jeung dimusyawarah kumaha tindak lanjutna. Unggal kolot murid naruliskeun nomer HP nu bisa dihubungi. Bu Tia ogé méré nomer HP ka kolot murid. Rapat bubar.
Bérés solat Isya keur jongjon mindahkeun ngaran kolot murid, alamat jeung nomer HP-na kana buku komite kelas. Tititit, HP Bu Tia disada laju dicokot nomer anyar can wawuh.
"Ya, assalamualaikum, punten sareng saha?"
"Leres ieu sareng Bu Tia, wali kelas 7A, abdi sepuhna siswa Intan Rahmawati?"
"Oh muhun Pa, abdi nepangkeun Tia, wali kelas 7A, ieu sareng ayahna Néng Intan? Hatur nuhun tos ditepangkeun."
"Muhun Bu Tia, punten tadi teu tiasa ngiring rapat nuju aya tugas luar di padamelan teu tiasa dikantunkeun ma'lum di lapangan Bu, nénèna nu ngagentos."
"Teu sawios Pa, sami waé mung ngabentuk panitia sareng tindak lanjutna ka payun, mangga bilih aya nu teu ngartos mah tiasa naroskeun ka abdi, janten upami Bapa naroskeun perkembangan putra atanapi kagiatan di sakola tiasa ka abdi atanapi ka ketua komite, kitu deui panginten bilih abdi peryogi informasi perkembangan putra badé naroskeun ka Bapa. Kitu panginten Pa dina danget ayeuna mah."
"Oh muhun Bu Tia, hatur nuhun! Ieu nomer HP abdi bilih aya nanaon ngeunaan pun anak mah."
"Ya. Muhun hatur nuhun, Pa!"
"Muhun sakitu waé, Bu, assalamualaikum,"
Klik HP ditutup.
Intan di kelas 7 jadi ketua kelas, budak téh geus mandiri jeung katingali déwasa, hideng teu kudu diutah-étah, kapamingpinanana geus nonjol. Manéhna asup kaanggotaan OSIS di sakolana. Keur geulis téh soméah, pinter, jeung rajin. Ka wali kelas deukeut, malah sok curhat. Bu Tia wali kelasna nyaaheun pisan asa ka anak sorangan. Keur mah kelas 7A mah balageur jeung harideng budakna.
Waktu keur saralsé tas UTS, Bu Tia ka kelas rék ngumumkeun kagiatan bakti sosial di lingkungan sakola, barudak geus ngarti arasup ka kelas. Jol Bu Tia uluk salam, dijawab hempak bari naranyakeun hasil UTS pelajaran nu diampu ku Bu Tia.
"Bu kumaha hasil UTS-na kelas 7A, saraé Bu?"
"Alhamdulillah, ya ... tapi aya nu kedah dirémidial mung sababaraha urang."
"Saha waé Bu, sebatkeun!" Bu Tia nyebutan tilu budak nu kudu rémidial.
"Bu enjing saatos kagiatan bakti kumaha upami masak-masak di bumi Ibu, tiasa teu?"
"Oh hayu, tapi siap masak nyalira!"
"Muhun Bu," kabéh satuju. Malah aya nu rék mawa bahan-bahan liweteun. Bu Tia nyatujuan.
Geus asak ngaliwet, brak diamparkeun dina daun cau, balakécrakan, ma'lum budak keur mareujeuhna.
Bérés dahar silihfoto sélfian, atuh Bu Tia ogé kudu miluan. Barudak suka bungah, keun lah itung-itung réfrésing. Keur mah Bu Tia di imah ngan duaan jeung budakna nu bungsu, karék SMP kelas 8, ari nu gedé mah geus kuliah di Bandung.
Barudak awéwé mah di jero imah keur ningalian album foto kulawarga Bu Tia. Intan keur jongjon ningali album heubeul Bu Tia keur jaman SMA, manéhna nyidik-nyidik hiji foto, asa wawuh ngan di mana ningalina. Cekrék difoto album nu aya foto dimaksud téh. Laju album dibukaan tuluy ditutupkeun deui, disimpen di tempat asalna. Geus Ashar barudak amitan. Baralik ka imah séwang- séwangan.
Saminggu atawa dua minggu sakali bapana Intan sok nelpun atawa SMS, nanyakeun kumaha perkembangan Intan di sakola. Asa rada aya nu anéh dina pikiran Bu Tia naha sora bapana Intan asa geus wawuh, ngan di mana jeung iraha, ah sarua meureun. Can wani nanya Bu Tia éra bisi salah. Kitu deui bapana Intan asa wawuh kana sora Bu Tia, ngan iraha, tungtungna silihsangka.
Geus lima poé Intan teu sakola, poè Saptu geus direncanakeun rék ngalongok sakelas réngsè bubaran sakola, Bu Tia geus siap nungguan barudak bari nyiapkeun kandaraan saangkoteun. Laju angkot ngajugjug imahna Intan. Reg eureun geus nepi ka nu dijugjug. Barudak nuju ka buruan imah Intan. Nu lega pinuh ku kekembangan, jigana resep pepelakan tempatna asri kembang ditata ngajajar keur meujeuhna marangkak ligar.
Gia uluk salam, Gia sobatna Intan mawa bungbuahan keur Intan.
"Assalamualaikum!"
"Waaalaikum salam," sora lalaki ti jero imah ngajawab salam.
Bray panto muka, barudak langsung sasalaman ka bapana Intan, tuluy asup ka jero imah sanggeus dititah asup kabéh budak nu milu ngalongok, Bu Tia panungtung asup ka imah, da manéhna balik deui kana mobil, aya nu tinggaleun.
"Mana sareng wali kelas teu?" tanya bapana Intan.
"Muhun Pa, itu nuju ka mobil, aya nu kakantun saurna," témbal Gia wakil ketua kelas sobatna Intan.
Bu Tia anjog ka hareupeun panto teu rarat-rérét.
"Manga linggih Bu Tia!" ceuk hiji sora. Gebeg Bu Tia ngagebeg, asa apal éta sora, barang rét ningali ka tempat sora.
"Astagfirullah ieu Kang Rachmat sanés?"
"Ieu Tia?"
"Muhun ya Allah, Akang linggih di dieu?"
Nepi ka poho ngajaranteng hareupeun lawang, Pa Rachmat karék sadar tamuna can dititah asup, bakat héran puluhan taun tepung deui. Tungtungna ngobrol pangalaman jeung carita hirup masing- masing. Jol ninina Intan, derekdek ku pa Rachmat didongéngkeun yén Bu Tia sobatna baheula keur jaman SMA, dua puluh taun ka tukang. Ayeuna tepung geus boga bati masing-masing. Sarua nasib hirup pada-pada nyorangan mawa budak masing-masing. Waas teu bisa digambarkeun, asa kagambar lalakon keur masa rumaja, kungsi pakait ati ngan situasi jeung kondisi anu megatkeun. Tia dijodokeun ku kolotna, bérés kuliah kawin, ari Rachmat sakola ka luar negri, da manéhna pinter meunang béasiswa. Barudak anteng di kamar Intan. Intan geus tinggal pemulihan ceuk dokter.
Sanggeus kajadian tepung jeung sobatna Bu Tia, Pa Rahmat sok remen ngobrol dina telepun atawa SMS, samalah kabéhdieunakeun sok datang ka imah Bu Tia. Alesan Intan aya perlu nanyakeun ngeunaan palajaran atawa masalah hubungan jeung sakola.
Hiji waktu Pa Rahmat ngajak tepung di hiji tempat, aya piobroleun penting pisan. Teu bisa ditelepun atawa di imah, kudu salsé di hiji tempat. Bu Tia dititah ngadagoan di imahna, rék disampeur ku Pa Racmat jam salapanan.
Gerung-gerung sora mobil di buruan imah Bu Tia, klakson sakali. Bu Tia norojol ningali ka buruan. Jut tina mobil, Pa Rahmat geuning. Cenah jam salapan, karék gé satengah salapan geus datang.
"Assalamualaikum," pokna uluk salam.
"Oh, mangga ka lebet! Saurna tabuh salapan, Kang?"
"Har, naha ayeuna jam sabaraha? Di Akang mah tos tabuh salapan," témbalna bari rét kana jam tangan.
"Muhun wios atuh langkung saé, tapi Tia mah asa dibuburu, mana acan réngsé deuih bébérés di bumi," ceuk Tia bari imut.
"Sok béréskan heula, diantosan!"
"Muhun sakedap nya, kin urang damelkeun heula kopi. Mangga calik, antosan sakedap deui!"
"Tia, piraku kopi wungkul?"
"Muhun da teu gaduh nanaon. Manawi badé tuang, tos asak sangu mah?" pok Tia.
"Moal tos sarapan tadi."
"Muhun. Dikantun heula atuh nya!" ceuk Tia.
Tia bébérés, laju mandi tuluy dangdan. Geus siap terus nepungan Rachmat di rohang tamu.
"Kang, atos siap da. Badé ka mana atuh saleresna, badé nyarios naon di bumi ogé tiasa sanés?" ceuk Tia bari diuk gigireun Rachmat.
"Tia, sok calik heula!" ceuk Rachmat bari metot leungeun Tia.
"Ieu atos calik, teras kumaha hayu atuh tos siang!"
"Tia, terang teu kumaha rasa Akang ayeuna, jigana Tia mah haré-haré, Tia tingali panon Akang!" treup dua panon silihteuteup, anteb maca jero haté séwang-séwangan, ratug jiga dulag keur Lebaran, mangsa ka tukang narémbongan, waktu éndah silihanteur rasa, naha ayeuna datang deui dina waktu geus pada-pada maju ka kolot, duriat pakokolot meureun disebutna.
Teu kawawa ku kasono dua puluh taun, sono nu masih kénéh nyicingan lalangit haté, ayeuna tepung anu teu dihaja, geus jodo meureun, sakumaha dipegatkeun ogé bisa tepung deui.
Rachmat jeung Tia baheula kungsi masing-masing neundeun rasa, teu leungit rasa sajatina ayeuna tepung deui. Rachmat niat rék hirup babarengan jeung Tia. Manéhna ayeuna geus pasti pilihan haténa, nu satadina moal boga deui batur hirup alatan trauma nu enggeus-enggeus kaalaman, kitu deui Tia sanggeus ditingalkeun ku salakina geus embung kawin deui.
Manusa mah ngan saukur ngarencana, tapi Gusti boga rencana lain. Barudak ti Tia satuju indungna boga deui salaki, kitu deui ti Rachmat budakna Intan teu keubeuratan boga indung anyar, keur mah geus kenal Intan mah, jadi geus asa ka indung sorangan. Mugia bagja rumah tanggana!
#SCS_Carpon_Ros.

Kayas
|
0
koméntar
Rabu, 02 Agustus 2017
Yasana: Aji Panca Sona
Bus ka jero kontrakan nu ngan saukur kamar, kasampak Néng Lilis keur gegeber, hareudang meureun. Buuk digelung jucung, beuki jelas warna kulit punduk matak ngaruy, ditambah imut ngirut pinuh pangrayu.
"Neng ieu ti abah!" ceuk Cécép bari mikeun babawaan ti lemburna.
Daster ipis teu bisa nahan kalangkang awak Néng Lilis basa katojo ku lampu listrik.
"Naon ieu téh, Kang?" ceuk Lilis, tuluy dongko rék ngudar babawaan daster nu mémang rada lahak, rada ragrag lebah dadana, ningali kitu Cécép neureuy ciduh bari kumetap.
"Naon Kang mani molohok?" Lilis ngahulag, "Angguran mah ibak heula ngarah teu barau saren carepel!" Lilis nitah mandi ka Cécép.
Satutas mandi jeung dangdan sapuratina, gék Cécép diuk gigireun Lilis.
"Néng ...?" Cécép noél.
"Ihh naon, hoyong?" Lilis nanya.
"Nya atuh tos lami teu mendak Akang téh!" ceuk Cécép mairan.
Ma'lum kontrakan ngan sakamar, nanaon kabéh di dinya.
"Ké atuh, ka jamban heula Néngna, nya!" bari tuluy mémérés buukna.
Bèrès ti cai tuluy asup deui ka kontrakan.
"Hayu Kang badé ayeuna!" bari tuluy diudar, katara mani ngadungkuk jaba bodas tuluy ngudar deui, beuki wé Cécép téh kumétap, komo basa ninggal nu ngadangkak.
"Sok atuh Kang mungpung pulen kénéh!" bari imut matak kayungyun.
"Ihh, naha mastakana wungkul?" bari ngasongkeun pingpingna.
Gap panangan Cécép kana pingping nu tatadi mémang dipikahayanng.
"Mmhh ... raos, nya?"
"Muhun Kang!"
"Kang ieu mastakana, Kang!"
"Ku naon kitu?"
"Ageung Kang, jaba teuas!" ceuk lilis bari ngosom.
"Nya pasti teuas atuh koh hayam jago, jaba hayam kampung nu dibakakakna!" ceuk Cécép bari mungkus sésa timbel béas bodas paré anyar bawa ti lemburna.
"Tos wareg Akang mah Néng ah," bari tuluy nangtung rék ka cai. Eureuleu teurab.
#SCS_Carpon_AJP.

Yasana: Tjétjép Akhmad Kamaluddin Alfaridji
Saban poé nikreuh, ngeureuyeuh, capé malah kapateuh teu dirasa. Alatan rumasa teu boga pangabisa saperti nu lian, pikeun nutup bubutuh, nyocok résiko, nyubadanan kawajiban salaku kapala rumahtangga. Indit isuk balik peuting geus jadi kabiasaan sapopoé pikeun Panca, purah naktak-mundak di salahsahiji Perkebunan nu patempatanana suwung ku angkutan umum, pikeun nepikeun lalampahanana ti saturunna tina angkot nu ngaliwatan ka wates éta Perkebunan, lintang ti ojég bari langka, dina ayana ogé ongkosna nu matak méakeun buruh sapoé.
"Jang, duitan tah motor Uwa, lumayan méh teu capé teuing dijalan!" ceuk Wa Abu, nu taya lian uwana Nyi Éti pamajikanana Panca, mangkarunyakeun ka nu jadi salaki suanna. Nu waktu harita Panca keur kabeneran istirahat tina pakasabanana, nu ngahaja hayang reureuh sapoé harita mah, manéhna aya di imah.
"Emh ...! Sanés teu hoyong, Wa, namung teu gaduh kanggo ngaartosanana!" témbalna.
"Keun baé Uwa mah teu kudu punah ayeuna asal aya sawaréh bé, keur nambahan DP nyokot nu anyar, itu geuningan Si Jalu keukeuh hayang maké nu weuteuh pikeun indit sakola," Wa Abu nyusul caritaan Panca.
"Sabaraha kirangna kitu, Wa?"
"Sajuta kurangna mah, Jang. Sangkan papada maké wé Uwa mah, atuh pikeun ka hareupna Ujang nyicil, itung-itung silihbantuan," Wa Abu ngajéntrékeun.
"Upami sajuta mah aya atuh, Kang, ieu di Nyai, artos nu kanggé sadidinten ku Nyai sok disisihkeun!" Nyi Éti milu mairan. Nu antukna papada sapuk.
Isukna Panca inditna gawé téh geus teu naék deui angkot, teu leumpang deui. Manéhna ngadius kana motor. Pasosoré nu biasana gura-giru balik, soré harita mah rada nyalsé. Boga rasa moal lila ieu di jalanna jeung moal kapoékan teuing. Di tengah pasimpangan motor ngadadak eureun teu hirup, terus didorong ka hiji warung nu sok dipaké pangistirahanana ba'da turun tina angkot. Motor diuprak-oprék malah aya nu marantuan motor weléh teu daék hirup. Antukna motor dipihapékeun ka nu boga warung. Tuluy manéhna laju balik naék angkot.
Dina angkot nu ku manéhna ditumpangan nyampak aya hiji awéwé nu ngais budak, éta budak katingalina rada réwél, bari ceurik waé.
"Je ... jep ...!" indungna ngolo ngarépéhkeun budakna bari ngasongkeun kirincing cocoan budak, tapi budak angger ceurik. "Ka Uukeun geura nya ieu kirincing na?" éta awéwé ngolo ku nyingsieunan, bari ngarérét ka Panca.
"Aéééh ... geuningan, Akang?"
"Muhun, Néng!" tayohna papada wawuh. Budak angger teu répéh, burahol ... éta awéwé ngaluarkeun pinareupna, "Nénén atuh yeuh!" budak terus diolo sangkan répéh, nepi ka sababaraha kali tapi budak angger ceurik.
"Ka Uukeun geura nya nénénna!" pokna semu kawalahan ku budak. Teu kudu dicaritakeun deui birahi lalaki mun seug ningali lir cengkir sakembaran mah.
"Yap, ka Uu, Dé!" Panca nga'uu'keun. Budak terus dipangku dibawa bacéo, dadaksakala budak répéh dina pangkuanana, jékét jemblong tur tembus kana kaos jerona, manéhna teu loba omong.
"Kiri ... Pir!" Jut, duanana tarurun, terus Si Néng mayar ongkos duaneun.
Bari reureuh di hiji patempatan, Panca nyarita, "Néng, pan padumukan Akang mah geus kaliwat, ngan éta badé iraha ka Akangkeunana?" jeplak dampal leungeun Si Néng nyayang kana pipi Panca.
#SCS_Carpon_TAKA.

Selasa, 01 Agustus 2017
Yasana: Éndang Éndang
Twéw twéw, sora inbok.
"Anteur tétéh ka Garut!" Tèh Déwi ngainbok.
"Saha waé, Téh?" cekéng malesan.
"Mamah Sinta jeung Umi Tati."
"Apal nyah?"
"Héh, éuweuh béngsin, motor puguh ngajugrug ti kamari, roko, kopi, barangdahar nganjuk, apal meureun? Kur ngontrak, Téh."
"Hayu wé, ka dieu, urang silaturahmi ka baraya urang di Garut!"
Heueuh, najan panggih asalna dina Facebook, nu ceuk batur mah ukur dunia maya, cacak panggihna gé, dina milangkala grup.
Loma tur ngarasa kahutangan budi ku Téh Déwi, manéhna ngubaran mata kuring nu ampir lolong, cilaka di pagawéan.
bari kuring harita keur teu boga duit.
Jog ka imahna, nungguan bari disuguhan kopi, dahar, jeung roko haratis. Mamah Sinta jeung Umi Tati datang, biur indit ka Garut.
Teu kacatur di jalanna, anjog ka nu dituju. Silaturrahmi, mulang bari metot gas. Nepi ka Bandung, ampir tengah peuting. Nungguan Umi Tati tinggaleun. kateuing ka mana heula jeung Mamah Sinta. Sasadu balik, satengahing jalan ka sorot lampu, logak rada jero, ngerém. Galéong, les, poék. Bray, leungeun katuhu ngaplék, jempol leungeun kénca bareuh, suku baloboran getih di kontrakan.
#SCS_Carpon_Éndang.

Yasana: Ravy Casper
Kasono mah nataku, boh ka kolot, sumawonna ka dulur. Sakapeung sok asa hayang nanyakeun iber aranjeunna, tapi haté leutik sok milu nyarék, sok sieun teu ditarémbalan deui. Jiga ti heula, basa kuring ngahaja nalipon, lain ditanya cageur henteuna, nu aya kalah haok jeung carék nu matak nyeuit kana haté.
Heueuh bongan kuring sok rasa mokaha, teu ngagugu omongan kolot, ngalajur napsu hirup poho kana temah wadi. Nu ahirna kuring kudu meunang panundung ti indung jeung nu jadi bapa.
Bari mawa budak nu masih dikandung, kuring milu ka nu jadi salaki nu teu disatujuan.
Wanci tunggang gunung. Keur ngeunah gogoléran di jero kontrakan nu ngan sacangkéwok. Koréjat, kuring kahudangkeun ku sora hapé salaki nu tinggaleun. "A, uih damel jemput nya!"
eusi pesen ti hiji ngaran lalaki.
Sakedapan melong kosong, haté pinuh ku pananya, panasaran tuluy ditalipon.
"Kadé hilap nya, say!" manéhna ujug-ujug ngomong, nu kapotong ku sora kuring.
"Punten! Dupi ieu sareng saha?"jawab kuring. Jep, teu aya némbal deui, bari tuluy manéhna mungkas obrolan.
Nyel, aya ambek nu motah dina haté, sanajan can tangtu, bisa waé nu salah sambung, tapi haté tetep tagiwur. Bari ngusapan beuteung, kuring ukur bisa ngabébénjokeun sorangan.
Wanci geus ngahaeub sareupna. Salaki nu biasa geus balik gawé, can kénéh aya datang. Kajurung ku rasa curiga sanggeus tadi beurang nampa SMS ti hiji awéwé, kuring ngawanikeun nyusul salaki ka pabrik tempat gawéna.
"Tos uih tadi ogé, katingalna mah duaan sareng istri nu ngantosan di warung kopi itu!" ceuk satpam nu ditanya ku kuring. Awak ngadadak leuleus, dina tikoro asa aya nu nyelek. Bari nahan piceurikeun kuring pamitan ka éta satpam.
Hujan ngaririncik jiga ngahaja marengan adan Maghrib nu kadéngé ti unggal masigit. Bari mawa kasedih, kuring leumpang mapay-mapay jalan. Di tengah jalan mudun palebah tangkal sawo, haté nu pinuh ku pananya jeung kasedih, teu maliré tincakan.
sorodot, suku tiseureuleu nincak palastik nu baseuh kahujanan. Blug, labuh nangkuban. Berebey tina palangkakan kaluar getih seger nu dituturkeun ku orok nu karék sagedé pigeulang leungeun. Karasa ngaganjel, kuring nu teu kaduga cengkat, ngaheumpikan orok nu uyek-uyekan, lila- lila teu karasa deui nanaon. Nyerina ngajuru kapaksa, nganteurkeun kuring ka alam séjén.
Bari mawa rasa panasaran, sugan aya nu manggihan salaki kuring. Kuring ukur bisa ngasuh anak kuring nu masih orok kénéh bari barorotan ku getih, sakapeung sok nananyakeun ka sakur nu ngaliwat di jalan ieu, sugan aya nu manggihan. Tapi ukur kasedih nu katampa, lantaran saban nu ditanya lebeng taya nu némbal. Di dieu, dina tangkal sawo ieu kiwari nu jadi minangka padumukan kuring.
#SCS_Carpon_RC.

Yasana: Eka Bargawa Bargawa
Cinta, ronghéapna teu ngahaja, teu dihaja, bujeng hingga ka diogan digingsir linggih, datangna ogé teu méré tatangra-tatangra acan. Cinta, ujug-ujug nyurup ngabaju, ngabongohan, nitis ngamiraga mangsa diri jeung jisimna ngalagena, ngambah limbaran kahirupan. Cinta, rawuhna sakolépat kilat, ngahérang ngeusian wiwiring ati, mekar randaka numuwuhkeun galeuh-galeuh kadeudeuh, ligar mangkak ngembatkeun régang-régang kamelang tan kumapalang. Cinta, matri ngagetih suci jeung asihna, akarna rumambat nyaliara, nyaksrak narabas raga rampadan, adu manis seuseuitan, ngabalukarkeun gering nangtung ngalanglayung, susah manah taya sudana, lir wandira peunggas dahanna, tunggara sosoranganan.
"Nun Gustiii ... rasa naon atuh ieu nu nyarakan jero dada téh?" Salindri, ngabanding di babancik ati jinisna, kapidara ku motahna dada nu rosa ngagalura. Ringkang ngalongkéwang, pipikiran kairid geter simpati nu pohara ngarerenghik diri.
"Rasa cinta. Kasakit batin alatan diperdaya ruruhit birahi!" jauh, jauh ti lulurungning qolbu, aya dangiang gandamramo, biluk mairan ka nu keur ngangluh, ka nu keur seunggah pangaribawa. Sorana gurnita sapalataran garba.
"Naha aya ku éndah, éndah disagédéngeun kapeurih nganteng?" Salindri rumahuh dawuh, nyarandékeun tunggara kana tetengger mahido, Wening ngamalir, nguliwih bendungan kaistrian.
"Satemenna anjeun geus katibanan ganjur kagandrung, kapentang panah danu kasmaran, sinugrah ti Hyang Dumampara. Mangka éndah lir cayapata, mun tinekanan budal sapaneja!” leuleuy, ngusapan sarumbak werdaya , mungguh nyecep tiis karasana, ngadalingdingkeun dangding katingtriman.
“Inggis tinemu bagja teu daulat, kawuwuh dulang tinandé. Naha moal nyaliwang sangka, malati ka pipir-pipir?” ngagalénggang tan aling-aling, rumasa gejed léngkah, pungsat réngkak.
“Teu hadé rémpan ku sugan, Hyang Dumampara hamo ngawaris sinugrah sagawayah, tinangtu aya tinimbalanna!” pamandang lekasan. Salindri lugay tina ranggeuman kainggis, gedé haté balungbangan, teu risi dijarumat kukular kelar.
Bahudenda moal nyindekeun hiji perkara tanpa sabab, bitotama asmaragama jeung karahayuan tanwandé dipungkas ku ngérab bandéra rinéka rupa, bandéra kamarasan, ciriwanci sareundeuk sapihanéan, napak dina pangjurung Nu Maha Agung.
“Geulis jimat awaking. Ganjur gandrung téh bet ngarambat kamalé ka diri Engkang, da puguh Engkang ogé mibanda rasa nu sarua. Munggaran teu wasa kedal garabah, sok paur melengkung beukas nyalahan, teu nurub sareng nu diseja!” Salindra lir nu mulang meunang panéang, ngandika tatag perténtang, nenggang ka alang kumapalang.
“Bagéa satria kinayungan. Kiwari ati manis ngarancunit satutasna leupas bangbaluh, jalaran panah danu kasmaran parantos nyiruruk di pajuaran mamanahan urang duaan, hamo ngagetis népakeun kingkin deui. Engkang, teu sangki rasa haté bet sarua!” Salindri nebar imut kaikhlasan, nganteng langgeng nyawénan buah sawarga, purakeun jaganing jaga.
#SCS_Carpon_EBB.

Yasana: Dadali Manting
Prahna awan ngawengku jigrahna alam, nungkupan cahya nu meujeuhna maceuh. Masieup jeung rarasaan nu werit lantaran diri. Kamari geus lain-lainna deui, meureun taheunan ruas kabagjaan.
Rumasa hirup lambokot ku dosa. Paul jugjugeun sambung kulawu. Ad-ad nalika jihad, sok komo nyoko dina tonggoyna témpo.
Aya piwuruk, yén tobat ulah dilélémbon. Tansah kudu gilig ngarumanggah. Badan lir sacara pakarang, anu weléh kaeunteupan karaha. Upama carang diasah bakal sesah mépérénkeunana. Ulah seug dijaga-jaga atawa dikumangkékeun. Astana ukur sajeungkal, pihartieunana mah yén umur teu apal dimangsa. Keur jagjag rajeun dianjang, komo nu gering.
Sakumaha dina lalakon KAHADÉ, anu nginohongkeun babaraha urang jalma. Sebut waé Agan Musa. Pangawakanana tegep, sembada. Salian ti sugih mukti téh nya béréhan. Nalang ka nu susah, nulung ka nu butuh téh geus lain judul karangan, nya kitu geus sakulit sadaging.
Kacaturkeun dina hiji poé, Agan Musa katerapan panyakit kulit, késrék. Teuing kumaha caritana, Agan Musa dipundut ku Nu Mahaagung. Rahayat tangtu padanyeungceurikan, lantaran kaleungitan jalma béréhan.
Sanggeus disolatan, diboéhan, tur ditalqinan. Paésan ngadak-ngadak ngaharanghang. Bukti sato sajinis oray ka luar tina kubang nu méh ngawujud manéh. Geuning rahayat tonggoy, teu apal kana kajadian nu kacida ahéngna.
Peun haranghangna paésan. Dina satengahing ngimpi nu jadi anak Agan Musa, gebeg lain teureuyeun. Agan Musa tutunggulan.
"Tulung, tulung, kacida teuing Gus ...." Omongna kapegat.
"Kat, kat, kat. Euh éksprésinya yang bagus dong. Lagi, lagi ...!" ceuk Sutradara Dion.
Kutan katinggaleun sawaréh judulna, Katipu. Nya Kahadé Katipu.
#SCS_Carpon_Linting.

Senin, 31 Juli 2017
Yasana: Mahmud
Pasosorè, panonpoè geus condong ka kulon. Langit béngras narawangan. Keur jajaka nu séngsérang panon mah kapapag pisan haténa hayang nongkrong ka jalan.
"Kang ... Kang ...!" kadèngè Si Édih, babaturan nyalukan di luar. Geuwat kuring mareuman TV anu ti tadi ngabaturan kuring ku lagu Siti Nurhaliza. Gura-giru kuring nyampeurkeun Si Édih.
"Siap ...!" ceuk kuring bari nyéréngéh, atoh aya batur manggihan si èta ... nu pasini jangjian.
"Lain ... anteur ka nini uing yu sakeudeung!" ceuk Si Édih.
Haté mah embung, teu panuju kana ajakanna. Ngan asa teu genaheun ari nolak sobat dalit mah. Nya rada kapaksa ogé ngahayukeun téh.
"Piraku meunang dangdan bèbèakan kieu kalah ditempo ku nini manèh ...?" cekéng, kukulutus bari leumpang nuju ka imah nini Si Èdih.
Sèahna sora daun awi katebak angin, tongérèt réang dina tatangkalan sabudeureun imah nini Si Èdih. Asa nambahan kana teu betahna kuring. Kulusad-koléséd diuk téh bakating hayang buru-buru balik.
"Dih ... buru atuh cuang balik, koh moal lila!" cekéng ngaharéwos bari nyiwit bujur Si Èdih.
"Kéla sakeudeung deui" témbalna. Jongjon manéhna mah betaheun pisan katingalina téh. Da éta wé kalah nyantéi gogoléhéan.
Ari ninina sanggeus ngawangkong sakeudeung téh léos ka dapur.
"Hayu geuwat ucu, kasèp aremam heula ka dieu ...!" sora ninina satengah ngagorowok ti dapur nawaran dahar.
"Manéh wungkul jung, uing mah embung" cekéng bari nyurungkeun tonggong Si Èdih.
"Hayu ...!" ulah nampik rezeki, pamali, barokah ti nini!" ceuk Si Édih ngajiwing leungeun kuring satengah maksa.
Keur mah beuteung wareg, haté inget ka si éta téa anu boa keseleun ngadagoan, mani asa teu kaduga nyolék sangu téh. Rurat-rérét kana deungeun sangu sugan aya nu pikabitaeun, angger asa murengked euweuh nu matak gumétap.
"Ngan itu naon, aéh kornét ning," gerentes kuring bari nyomot. Laju dihuapkeun.
"Naha garihal ...!" beu horéng pais teri dikalapaan campur irisan cabè beureum. Deuh ... mingkin rieut haté.
#SCS_Carpon_Mahmud.

Yasana: Evi Sulastri
Mang Oman ngaranna téh. Geus dalapan taun gawé di Sakola SMA Negeri 1 Kancana. Sanajan Buruhna leutik teu nyukupan keur pangabutuh sapopoé tapi dilakonan pinuh ku kasabaran. Ngabogaan sipat jujur. Umurna karék nincak lima puluh taun.
Kabeneran harita téh keur usum hujan. Langit kacida angkeubna, di luhur pihujaneun geus ngagarayot. Dangdaunan katebak angin tingsaléor. Gelap tinggurilap, tingjelebét patémbalan matak awor, teu lila cur hujan siga nu ditamplokkeun.
Lantaran inget kana tugas jeung kawajiban, maksakeun indit gawé maké payung bari kikiciprikan. Leumpang mapay-mapay galengan malipir jalan sabab jalan nu pangdeukeutna ka sakola. Unggal poé jalan ka dinya motong jalan, bari paningalina ka jauhna. Boga harepan amisna hirup tangtu bakal kalakonan.
Satepina di sakola, gancang muka gerbang sakola nu tukang, tuluy sasapu hareupeun kelas dituluykeun ngepél. Keur ngepél ti tukangeun geus kadéngé keteplak-ketepluk sora sapatu siswa nu geus mimiti daratang. Téras nu karék dikepél jeung baseuh kénéh ditarincak sangeunahna, nya puguh ledok deui-ledok deui, teu kaur anggeus. Sanajan kitu tara ngarasula komo mun ambek mah. Kahayang mah ambek, tapi jaman ayeuna téa mun ambek gé teu bisa sagawayah. Mun ambek kudu maké uteuk bisi kaduhung engkéna. Jalma kiwari téa teu kaopan, nanaon dilaporkan. Kumaha mun keur ambek téh dipoto atawa dirékam ku siswa terus dilaporkeun ka indungna, indungna ngadu deui ka pihak sakola. Bakal cilaka dua belas bisa-bisa dipecat ti ieu sakola.
Geus réngsé ngepél dituluykeun ka taman sakola bagian ngusen kekembangan, mun halodo diséboran maké émbrat ngalaan caina. Tamanna lega jeung loba pepelakan. Kitu jeung kitu unggal poé, matak pantes ari kausen taman téh jadi asri, dangdaunana ngémploh héjo, tatangkalanana ngaroyom matak betah keur siswa dariuk dina waktu istirahat.
Poé isukna di sakola rék ngayakeun hiji kagiatan nya éta kagiatan Musapala, Mang Oman asup kana kapanitiaan, meunang pancén ngabaturan, ngabantuan, jeung ngajagaan barudak. Musapala tempatna maké kelas XI IPS 2 dilaksanakeunana ba’da Asar nepi ka peuting, kabéh siswa dikudukeun ngéndong tangtu Mang Oman kudu milu ngéndong. Kira-kira ba’da Magrib kabéh istirahat.
Sanggeus acara réngsé runtah ambalayah di mana-mana, korsi jeung méja tingjumpalik, témbok kalotor. Mang Oman teu langsung balik tapi méréskeun heula kelas. Kira-kira wanci Lohor karék réngsé. Langit geus poék pihujaneun geus ngagarayot, tinggal dicurkeun. Mang Oman gura-giru balik ka imahna. Can gé nepi ka imah cai hujan turun mantén. Satengah lumpat leumpangna sieun kahujanan. Bakat ku rusuh jeung taneuh leueur tisereuleu nepi ka awakna tigedebut, sukuna pisan nu beunang, tiparieus. Mang Oman kapaksa hudang tuluy leumpang ingkud-ingkudan muru ka imahna.
Awak rancucut baseuh jeung bajuna laledok tayohna labuh kana cileuncang. Tepi hareupeun imah, Mang Oman ngagoroan ka pamajikanana, Bi Ésih. Pamajikanana norojol reuwaseun nempo Mang Oman keur ésod-ésodan sukuna semu digusur.
“Jiiihna ari Bapa kuvnaon?” ceuk pamajikanna.
“Tiseureuleu, sigana misalah," ceuk Mang Oman.
Pamajikanana gancang nyangkéh, Mang Oman dibawa ka tengah imah tuluy digolérkeun dina dipan hareupeun tipi. Song cai diasongkeun, regot-regot diinum bangun nu halabhab.
Sababaraha poé dampal sukuna beuki ngabareuhan, sanajan geus di pencét ka Ma Uti. Tapi can aya karasana. Kapaksa unggal poé ngagolér sabab sukuna teu bisa diusikkeun jeung teu bisa gawé di sakola. Isukna, Pa Budi ngarasa hémeng panto gerbang can dibuka, gelas pabalatak kénéh can dikumbahan, kantor guru jeung téras hareupeun kelas can disapukeun. Dua poé, tilu poé les teu datang. Pa Budi nanyakeun ka sababaraha babaturanna, weléh euweuh nu apalan. Bakating ku panasaran, balik sakola boga maksud rék nyampeurkeun ka imahna. Satepi di imahna, Pa Budi colohok nempo Mang Oman keur ngagolér dina risbang bari suku nu kéncana dibalur ku réndos cikur jeung béas. Pa Budi karék nyaho yén Mang Oman gering.
Mang Oman sasadu can bisa gawé, alatan sukuna bareuh kénéh. Pa Budi nanyakeun ka Mang Oman sugan boga dulur jang gantina. Kabeneran tatangga Mang Oman aya nu ngaranna Sukarya. Pajar mah sok markiran di alun-alun, ngan ayeuna mah keur peré heula.
Poé isukna Mang Sukarya ngamimitian gawé. Datangna isuk-isuk saméméh barudak datang. Tugas nu kudu digawéan saméméhna geus dibéjaan ku Pa Budi. Meunang sababaraha Minggu getolna téh, tuluyna mah sok remen kabeurangan jeung loba pisan alesanana téh. Guru-guru teu pati raresepeun, beuki dieu beuki ngedul.
Bubar sakola, Mang Sukarya beberesih di kantor, tayohna méh jongjon isuk, di luhur méja guru kasampak aya lokét. Dibuka lalaunan bari haténa mah tagiwur. Bréh di jero lokét aya KTP nu boga éta lokét. Diitung duitna, kabéhna aya sapuluh juta, karék nempo saumur nyunyuhun hulu duit nu sakitu lobana. Mang Sukarya luak-lieuk ka katuhu jeung ka kénca, haténa sabil dicokot atawa diampihan isuk dibikeun ka nu bogana. Manéhna inget pamajikanana hayang meuli tipi anyar, budakna nunggak SPP, kontrakan ngajeblug lima bulan, inget wadah béas geus ngelentrung. Teu mikir panjang deui dompét disesepkeun kana pésak calanana.
#SCS_Carpon_Evis.

Yasana: Kang Emsur
"Dul, déwék anteur meuli hénpun ka kota!" ceuk Ki Uma, ka Si Sedul.
"Wédéw, gaya euy Si Aki. Boga duit ti mana rék meuli henpun, Ki?" walon Si Sedul, bari sura-seuri.
"Kamari anak déwék anu jadi TKW di Saudi ngiriman duit lima yuta. Majar téh cenah meuli hénpun anu bisa pidiokol. Ngarah mun sono tèh bisa nempo beungeut déwék cenah," ceuk Ki Uma.
"Hayu atuh mun kitu mah. Éta meulina nu mérék naon cenah hénpunna, Ki?" ceuk Si Sedul.
"Ceuk anak déwék mah, baé anu séken ogé nu penting mah mulus no minus," ceuk Ki Uma, bari nyuruput cikopi.
Sanggeus kitu mah, dius Ki Uma jeung Si Sedul indit ka kota.
Anjog ka toko hapé.
"Badé mésér hénpun, Ki?" ceuk nu pelayan toko.
"Nya heueuh. Piraku meuli sendal ka toko hénpun?" walon Ki Uma, bari ngadelik.
"Muhun mangga atuh! Badé mérék naon sareng nu pangaos sabaraha?" ceuk pelayan toko bari nunjuk ka hénpun anu ngajajar dina étalase.
"Euh, hénpun séken anu bisa pidiokolan. Harga mah nya nu wajar wéh. Semet dua yuta ka handap," walon Ki Uma, bari ngilikan hapé anu dipajang.
"Badé mérékna naon, Ki? Mérék Nok, Samsai, Advin, Léno atanapi naon?" walon pelayan toko.
"Euh, samah teu ngarti. Apan déwék hayang hapé séken. Naha kalah nyebut anu séjén. Ari manéh ngarti teu?" ceuk Ki Uma, rada molotot.
"Oh, muhun ngartos, Ki. Mangga kantun milih. Ieu sadayana tos tiasa pidiokolan," témbal pelayan toko, bari mésem.
"Tah nu ieu! Nu siga talenan Si Nini," ceuk Ki Uma, bari nunjuk salasahiji hénpun.
"Oh, nu ieu. Mangga, Ki. Pangaosna sayuta satengah!" ceuk pelayan toko, bari nyokot hénpun pilihan Ki Uma.
"Kumaha ceuk manéh, Dul, alus teu?" ceuk Ki Uma, bari némbongkeun hénpun tablét ka Si Sedul.
"Wah, gandang pisan, Ki. Tegep! Ngan kadé disangka talenan ku Si Nini," walon Si Sedul, bari nyengir.
"Ah samah ari nanaon téh sok aya-aya waé. Nu ieu wéh, Jang! Sabaraha tadi téh regana?" walon Ki Uma, bari nanyakeun deui hargana ka pelayan toko.
"Sayuta satengah, Ki. Dupi kartuna, badé nganggé kartu naon?" ceuk pelayan toko.
"Na geuning kudu maké kartu hénpun téh?" ceuk Ki Uma, ngahuleng.
"Nya muhun atuh, Ki. Mangga, kartuna badé nu mana, Si Biru, Si Mérah atanapi Si Konéng?" tèmbal pelayan toko.
"Si Konéng wéh mun kitu mah," walon Ki Uma, bari rada bingung kénéh.
"Oh, Si Konéng. Tapi punten, dupi Aki linggih di mana? Bilih kirang saé," ceuk pelayan toko.
"Déwék mah di Legok Hangseur," walon Ki Uma.
"Di Legok Hangseur mah anu saé téh Si Mérah, Ki. Supados tiasa pidiokolan," ceuk pelayan toko.
"Na ku naon kitu ari Si Konéng?" ceuk Ki Uma.
"Sinyalna, Ki."
"Euh samah, naha atuh ngajual kartu téh lain jeung sinyalna? Sakalian wéh mun kitu mah meuli jeung sinyalna," témbal Ki Uma.
"Sanés kitu, Ki. Di Legok Hangseur mah, tacan aya towerna."
"Euh, samah ngalilieur déwék. Nya geus kieu wéh, sakalian déwék meulina sapakét.. Hénpun, kartu, sinyal jeung towerna sakalian. Tah lima yuta mahi moal?" ceuk Ki Uma, mikeun duit sagepok bari molototan pelayan toko.
#SCS_Carpon_Emsur.

Hujan peuting nyésakeun baseuh dina tatangkalan. Cileuncang masih ngemeng dina taneuh nu legok jajalaneun. Keur wanci haneut moyan manuk tingaraclo dina dahan kekembangan anu dipelak hareupeun imah.
Panonpoé nyorot cahayana asup ka ruang tamu. Di téras aya méja jeung korsi ngahaja keur niis ningali nu lalar liwat di jalan.
Saurang lalaki umuran tilu puluh tujuh taunan keur ngalangeu nitenan tapak cai hujan nu masih kénéh ngagarénang dina dangdaunan.
"Cinta, ngalamun énjing kénéh!" pokna bari meungpeunan mata ku leungeun, nu diuk asa ka gareuwahkeun.
"Aduh, Ayang sok ngareureuwas," pokna bari mukakeun ramo nu nutupan matana.
"Cinta, badé ngopi?" pokna bari ngalendéan diuk dina lahunan éta lalaki.
"Muhun Ayang, sok atuh kopina sareng pisang goréng kéjuna, karesep Akang!" pokna bari nangkeup cangkéng anu diuk dina lahunan. Celengok nyium tarangna deudeuh pisan. Kadeudeuh Restu nyebut ka Zia, Ayang, ari Zia ka Restu nyebut Cinta.
Teu lila kopi jeung lalawuhna geus nyampak dina méja. Pikiran Restu ngambah zaman keur manéhna masih kénéh jadi jalma teu eucreug. Ayeuna ngarasa tenang sanggeus hirup babarengan jeung Zia nu jadi pamajikanana. Duka teuing hirupna kumaha lamun teu panggih jeung Zia. Restu estuning nyaah ka Zia, ku alatan Zia Restu bisa hirup bener jeung masarakat, bisa gawé, bisa ditarima ku lingkungan.
"Ayang tadi wengi hujan nya?" pokna bari anteng neuteup baseuhna taneuh.Ngalangkang deui kajadian dua puluh taun ka tukang. Dina hujan éta aya carita getir, hirup teu puguh lunta.
"Cinta émut ka Mamah, nya?" ceuk Zia bari nangkeup ti tukang sirah disanggeuykeun kana taktak Restu, celengok nyium Restu.
Restu ukur unggeuk. Bari leungeun nyekelan ramo-ramo Zia.
Hujan pikeun Restu mah matak ka gagas, dina hujan loba carita hirup nu pinuh ku lara balangsak, ogé dia hujan aya bungahna.
Keur hujan Restu indit jeung lanceukna, sasat digusur leumpang kudu ninggalkeun imah kolotna. Lanceukna Mila mawa Restu ka imah uwana, sapanjang jalan cimata Mila jeung Restu ngahiji, bapana geus nirca jeung awéwé lain hareupeun indungna. Indungna keur gering lumpuh, teu pernah dipiroséa, anak katalangsara. Restu jadi budak badung, teu kaopan, émosian, hirupna gelut jeung gelut, sipat heuras jeung égois éta geus kapangaruhan lingkungan. Kulawarga ancur, boro lamun ngurus anak mah. Hirup Restu jadi budak jalanan, untung wé Mila nu getén ka adi mah, Restu disakolakeun, ngan cicing mah tetep jeung uwana. Indungna maot keur Restu SMA. Hirup Restu beuki teu puguh, indit ka ditu ka dieu pundah-pindah tempat.
Keur hujan ngagebrét Restu ngiuhan di halteu, beuteung peurih ti isuk can kararaban sangu saeutik-eutik acan. Awak lungsé beungeut pias késang tiis ngucur. Teu boga duit sapérak-pérak acan, diuk nyangsaya dina korsi tunggu. Hujan beuki gedé, jalma geus coréngcang maju ka burit. Di gigireun aya wanoja keur diuk, jiga nu keur nungguan jemputan. Manéhna ngarérét ka Restu, anu katingali langlayeuseun. Éta wanoja nyampeurkeun.
"Kang nuju ngantosan jemputan, ku naon teu damang?" pokna ngawani-wani manéh nanya ka Restu. Di halteu tinggal duaan.
"Henteu, Téh,"pokna haros-hos jiga taya tanaga.
"Sok ieu dileueut heula caina!" pokna bari mikeun cai mineral nu dibawa. Leguk ku Restu diinum rarasan asa teu pati ranyay.
"Hatur nuhun, Téh!" pokna bari ngarérét.
"Akang badé ka mana, tos sonten masih di halteu?" ceuk éta wanoja.
"Akang wangsul milari padamelan mung teu hasil, tos tilu dinten kukurilingan unggal pausahaan. Teu acan karereban sangu sakedik- kedik acan ti kamari," pokna terus terang.
"Oh, dupi linggih di mana?" ceuk éta wanoja.
"Akang mah tebih, mung di kota ieu ngahaja milari padamelan, di mana wé rereb mah.
Teu lila jol jemputan, reg mobilna eureun. Jrut turun supirna jigana mah, nyampeurkeun bari mawa payung song dibikeun ka éta wanoja.
"Kang bilih peryogi padamelan, énjing sumping ka alamat ieu!" pokna bari mikeun kartu nama. Léos indit bari teu poho pamitan. Restu nampanan kartu nama.
Jam salapan hujan masih kénéh ngecrék, Restu nuju ka alamat nu aya dina kartu nama. Baju jibrug, turun tina angkot, sup ka hiji kantor. Amprok jeung satpam laju ngomong nyebutkeun alamat nu aya dina kartu nama. Satpam langsung nalipun ngaran nu di maksud. Restu dititah asup laju muru rohangan nu dituduhkeun.
Bray panto dibuka, nyampak aya bapa-bapa umur lima puluh taunan, di gigireunana aya wanoja geulis teu poho nu kamari di halteu. Tayohna éta wanoja geus nyaritakeun kaayaan Restu, sanggeus diwawancara jeung ngobrol nu séjénna. Restu bisa gawédi peusahaan éta.
Restu gawéna kapaké, keur mah percéka deuih, atuh teu kungsi satengah taun geus pindah posisi anu leuwih alus. Malah sanggeus aya Restu, pausahaan jadi leuwih maju. Restu di sakolakeun deui ku pausahaan.
"Restu, Bapa ayeuna geus percaya ka Restu, Bapa geus nganggap anak ka Restu, sok ayeuna ieu pausahaan cekel ku Restu jeung anak Bapa. Tapi leuwih genah keur Bapa, Restu kudu ngarumah tangga ngarah teu kagok!" ceuk Pa Usman. Restu bingung jeung atoh, atohna geus dipercaya, bingungna kudu kawin jeung saha, bébéné ogé teu boga.
"Punten Bapa, abdi kedah nikah sareng saha? Papacangn ogé teu gaduh," ceuk Restu bari tungkul. Asa bingung aya dipercaya tapi saratna kudu kawin heula.
"Restu, teu kudu bingung geus aya calon mah, kumaha mun ka anak Bapa?" pokna bari neuteup.
"Aduh Bapa teu wantun abdi kedah nikah sareng anak dunungan, calutak atuh."
"Bapa jeung anak Bapa geus satuju, malah anak Bapa nu ménta," pokna bari mikeun kartu undangan, Restu nampanan kartu ondangan, bray dibuka. Ngadahup Zia Anisa sareng Restu Adilah.
Restu ngembang kadu teu sangka sacongo buuk bakal hirup babarengan jeung Zia nu bageur, soméah, daék tutulung. Sagagang kembang ros geus jadi milik Restu sagemblengna.

Minggu, 30 Juli 2017
Yasana: Ravy Casper
"Yu, Bah!" incu saged, kalacat tukangeun, "Teu hilap bekelna?" ngingetan. Bisi titah nalangan deui jajanna. "Atos, ieu," témbalna. Belenyeng motor ngadius ka tempat latihan maén balna, nu teu pati anggang ti imah anak. Can pati loba nu daratang.
Gék handapeun tangkal, bari ngararasakeun angin nu ngahiliwir. Rét ka kéncaeun, sapuluh deupaan katémbong nu keur diuk maké switer anu diuplukkeun, pangawakanana semu ngeusi, panon maling rérét kana suku bodas tur montok anu ukur maké sontog bari semu kasinglidkeun. Terr, dada asa ngageber, asa hayang sosorodotan dina éta pakulitan nu teu bina ti humut kawung.
Nu séjén geus daratang, ayeuna mah teu luas nemen teuing ngarérétan éta tetempoan téh, inggis aya nu nangenan. Bari api-api gigideug. Panon mah nyimpang deui najan ukur sarérétan. Beuki lila, rénghap asa beurat, haté bati ngageremet.
"Emh moal teu sugema nu bogana, mun seug aing bakal mindeng mindo, da," pipikiran ka mana karep, najan pelong ka barudak anu keur dialajar ngahéden bal.
Priiit! Pelatih muru sisi lapang, barudak nyalampeurkeun kolotna séwang-séwangan pikeun ngarinum. "Eueut Bah!" ceuk incu bari namprak, sooong, kempis diasongkeun, teu poho duit bekelna. Léos, incu jarajan jeung baturna.
Teu bisa mungkir, panon keukeuh hayang ngarérét deui kana tetempoan anu asa éndah.
Lir dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, basa budakna anu pétét ngaliwat hareupeun bari ngagorowok, "Punya Papa paké pedes gak?" pokna.
"Dikit aja!" témbal si kokoh anu karék sidik beungeutna.
Nyel, karasa murel. "Kasebelan, ari panya téh bikang," ukur kutuk géndeng bari gura-giru nyangking bekel incu, pindah diuk ka gul peuntas, bari haté mah hayang gura-giru mulang, atawa ngejat ti éta lapang. Tapi teu wasa sieun katanyaan ku minantu. Ahirna kuring ukur bisa nyarandé handapeun tangkal bari peureum, ngadagoan mangsa marulang. Ngemu éra ku diri sorangan.

Yasana: Muhammad Rhamdhan Al Khahfie
Dina hiji waktu Cépot jeung Dawala keur uplek di pos ronda. Sakapeung seuseurian bari siliséréd, silisuntik, silibeubeutkeun.
"Kang, urang tatarucingan nu éléh méré udud, kumaha ...?" pok Dawala nanya.
"Who is affraid?" témbal Cépot bari nyengir.
"Rada taohid yeuh! Nabi Adam diciptakeun tina taneuh, tah ayeuna naon anu diciptakeun tina taneuh salian ti Nabi Adam?" Dawala nanya deui.
"Wah beurat euy bau-bau ma'ripat ieu mah, taluk ah," témbal Cépot.
Dawala ngajawab deui bari seuri, "Nu diciptakeun tina taneuh salian ti Nabi Adam mah nya bata, batako, kenténg."
"Anjriiit jebakan bétmén," ceuk Cépot hayang naur, laju pok ngomong deui, "ayeuna uing. Na ku naon ari nyieun surabi tara dibalikkeun ...?"
"Nya ngarah ngeunah didaharna?" Dawala ngajawab tandes.
Cépot ngawalon, "Salah siah!" pokna bari nyokot udud Dawala. Pok nyarita deui. "Sabab nu sok dibalikkeun mah TKW ilégal."
"Géhél téh, déwék katipu. Tah ayeuna bagian uing deui. Naon basa Arabna nyaah ka pamajikan?" Dawala nanya deui.
"Ana uhibbu ajwajina," témbal Cépot.
"Karep ilaing mah. Taluk ...?" ceuk Dawala.
"Lieur, taluk da kudu apal nahwu-shorof atuh!" ceuk Cépot semu kerung.
"Nyaah ka pamajikan basa Arabna, wa'as ku munu'una," ceuk Dawala teu kireum-kireum.
#SCS_Carpon_MR.

Yasana: J S HIDAYAT
Bulan Puasa harita téh, Minggu panungtung mun teu salah nginget mah. Di hiji désa nu perenahna aya di wewengkon Kabupatén Sumedang. Wanci geus muru ka burit, liwat ti waktu ngingsir ngulon. Di hiji lapang leutik paranti barudak méngbal, loba jalma nu keur ngaronyok. Kolot-budak, awéwé-lalaki, sarua padangagimbung di sisieun lapang.
Aya walungan nu teu pati lega, nu misahkeun dua désa éta.
Keur usum nyeungeut lodong harita téh. Malah jiga nu dihajakeun pisan, sok aya istilahna 'acara perang-perangan' di dua désa nu natangga bieu.
Désa Tarikolot Wétan, harita nu keur ngayakeun kamonésan di lapang téh, ngalawan Désa Tarikolot Kulon nu di peuntaseun walungan.
"Jadi saha anu rék wani nyeungeut ieu lodong téh, euy?" Kuwu Kusmana nanya ka anak buahna nu harita aya, maturan manéhna.
"Duka atuh pangersa. Ulah abdi ah, teu wantun, seun!" Hansip Usup nu di gigireun godeg, ngabirigidig.
"Jéh, silaing mah! Kumaha atuh ari euweuh nu wani mah, pasti dilélécé ku desa tatangga! Mangkaning geus jelegur deui-jelegur deui pan tuh batur mah!" Kuwu ngomong pinuh kakesel.
Jeung enyana tuda, Kampung nu peuntaseun mah geus ti tatadi mula ngamimitian ngayakeun serangan téh.
"Piraku euweuh nu wani ti désa urang?" deui-deui Pa Kuwu ngomong dibarung ku rasa hanjelu.
Tibang silihrérét papada baturna nu araya di dinya téh.
Tuda rék teu sawan kumaha nu nyeungeut lodong, ningali senjata nu kakara anggeus dijieun. Bahan lodong dijieun tina tangkal kawung nu geus kolot, diukir dialus-alus. Diteundeun na tangkal cau manggala nu kabeneran aya dua tangkal. Diselapkeun na lolongkrang tangkal, nyanghareup ka beulah kulon. Ka désa musuh.
Sangkan lodong teu hiber nalika diseungeut, ngahaja diheumpikan ku tatapakan imah panggung. Aya kana opatna pan. Dua di hareup, dua di beulah tukang.
Can aya nu ngomong. Can aya nu wani 'ngemban tugas nagara' ceuk paribasana. Kabéh ogé sebér haténa. Kabayang tuda pisakumahaeun eundeurna éta senjata. Sigana moal éléh ku bom sééng nu kamari ngageunjleungkeun puseur nagara.
"Hilik ku déwék!" ceuk hiji sora ti tukangeun nu keur ngaliud.
Kabéh ngalalieuk. Ana bréh téh katingali hiji aki-aki nu geus lumayan kolot. Mun dina umur mah, moal kurang ti tujuh puluh taun. Maké pakéan sarwa hideung. Maké kaén nu dibengkerkeun dina sirah nu katutupan ku buuk panjang nu geus ngeplak bodas. Maké kacapanon hideung. Ari ka handapna, maké sapatu bot nu geus dipotong, kari satengah jangkungna téh.
"Aééh ...! Abah Jumanta ning. Abah wantun nyah, ngemban tugas beurat ieu?" ceuk Kuwu, nanya meni daria.
"Heueuh. Cikan ku déwék wéh. Geus ayeuna mah ... kabéh malinggir ka sisi!" ngagantawang.
"Wu, geus dieusian can peluruna? Tong sok ngérakeun désa urang euy!" cenah, angger semu ngajorowok.
"Parantos Abah, kantun némbak waé panginten. Seueur da tadi mésér karbit téh. Aya kana dua kintalna, seun," Pa Kuwu méré béja.
"Sukur atuh ari loba mah! Méh nyerah désa batur téh, nyah? Cikan ka dieukeun tah oncorna, Katma!" maréntah RT Katma nu harita keur nyenyekel oncor.
"Jig ka ituh ayeuna mah geura nyarumput heula. Bisi kahébos deuleu!"
Atuh nu lainna téh meni teu sirikna balecir, nyumput ka nu rada buni bari anggang. Kari Abah Jumanta sorangan nu nyésa di médan laga téh. Memener sarung nu ditalikeun na cangkéngna, laju luak-lieuk sakedapan. Bisi aya kénéh nu nyésa di dinya, ceuk pamikirna. Jang Didi mah nu harita masih kénéh umur dua taun kurang, meni murungkut na aisan indungna, Néng Kenoh.
"Iiih ... Mamah tatut!" cenah, bari ngabebeskeun beungeutna kana beulahan dada nu jadi indung. Atuh indungna téh tuluy wé ngusapan nu jadi anak, laju babacaan. Istighfar.
Kaayaan sepi comrék. Ngan kadéngé hawar-hawar sora anjing babaung ti kajauhan. Matak kukurayeun pisan anu aya di dinya.
Abah Jumanta kaciri kunyam-kinyem, mapatkeun élmu panemu, jampé pamaké. Sanggeus dirasa aman tur teger haténa, atuh jorowok wé, ngajorowok tarik nakeranan.
"Merdeka, Allohu Akbar...!" laju nutugkeun oncor kana liang lodong nu kaciri ngaluarkeun haseup ipis.
"Jelegééér ...!" alam inggeung siga nu katiban ku bom atom, eundeur. Dunya ogé asa ngariyeg sakedapan, teu mampuh nahan rongkahna sora lodong. Atuh anu tadi nyarumput téh meni burial, ka luar tina bunkerna masing-masing. Kabéh melong ka palebah lodong nu ayeuna katutupan ku haseup bodas anu mulek mumbul ka jomantara. Arolohok ngembang kadu.
Abah Jumanta geus euweuh di dinya, jiga nu leungit ngahiang.
Patingkuciwes, nanyakeun ka papada baturna, nu dijawab ku gideug. Nya da kabéh ogé pan teu apal ka mana laratanana Abah Jumanta téh.
"Bah, Bah, Baaah ... di mana Abah ayeuna ...?" kitu rata-rata pananya nu aya di dinya. Nini Suminten mah, enya pamajikan Bah Jumanta, nu tadi mimilu nganteur pujaning ati ka médan danalaga, meni langsung adug-lajer, ceurik gogoléran. Teu maliré ka awakna nu pinuh ku kebul.
"Di dieu déwék mah. Tulungan dak euy, tulungan Abah ...!" ceuk hiji sora nu datangna ti jomantara.
Kabéh nu aya di dinya gasik ngalalieuk, muru ka tempat datangna sora. Ana bréh téh, kaciri Abah Jumanta keur nyangsaya dina dahan tangkal jambé. Pakéan rangsak, kacamata euweuh.
Buuk nu tadina gondrong téh kari sapasi. Nu sabeulah deui mah euweuh, teu nyésa. Ngan katingali tina sabeulah sirahna, haseup ipis anu ngelun.
Nini Suminten kocéak dengék, ningali salaki geus aya dina tangkal jambé nu sakitu luhurna téh. Lenggerek wé kapiuhan, teu inget di gaganda wiati. Kasubuhnakeun, Abah Jumanta bisa diturunkeun téh. Kitu sotéh sanggeus aparat kecamatan satempat ngahallow ka kabupatén, ménta supaya dikirim mobil Pemadam Kebakaran.
#SCS_Carpon_Jshidayat.

Yasana: Didih Setiadi
Poé Saptu bagian libur gawé teu ka mamana, itung-itung ngareureuhkeun awak tos gawé saminggu, tapi sok tara betah haté mah di imah téh, hayang indit ka nu tiiseun ngarah euweuh nu ngaganggu, tapi ka mana atuh, katambah awak carapé.
Jam dua beurang, pamajikan siga nu riweuh, pak-pik-pek kana pagawéan, malah kuring gé teu kapaliré, pajarkeun téh sieun katingaleun cenah, duka rék ka mana.
"Ah urusan awéwé meureun," pikir kuring.
Di lapangan nu teu jauh ti imah geus ngageder musik dangdut koplo, asa ku gararandéng.
Cenah saminggu dua kali, ngagederna téh unggal poé Rebo jeung Saptu, teu apal ieuh da jarang aya di imah.
Wanci ngeus ngagayuh ka Magrib, pamajikan karék hol, bari sura seuri.
“Tos t imana ari Mamah, mani poho kana nanaon?” tanya kuring.
“Tos senam, Pa," pokna bari gék diuk gigireun.
“Ka cai heula Mah ah! Éta barau késang kitu geuning,” ceuk kuring.
“Oh nya atuh ah," pokna bari cengkat deui tina diukna, tuluy ngaléos.
“Paingan atuh ari rék senam mah meni riweuh, nepi ka poho ka salaki,” gerentes téh.
Teu kungsi lila, pamajikan tos nyampeurkeun deui, ayeuna mah sareungit, teu cara tadi barau haseum.
“Naha pa, siga nu teu panuju Mamah ngiringan senam téh?" pokna bari ngarérét ka kuring.
“Mangga waé Mah badé senam mah, ngan ulah poho kana kawajiban! Ka salaki meni teu ngarérèt, padahal Bapa téh tara unggal poé aya di imah, hayang wé atuh sakali-kali mah di perhatikeun ku pamajikan, jeung lain miluan senam téh ngarah naon atuh, ceuk Bapa mah kacapé-capé?” tanya kuring bari jongjon lalajo tipi.
“Naha Bapa teu ningal ka Mamah, sakitu awak Mamah téh sagedé kieuna. Hyong langsing Pa matak ngiringan senam ogé, pan Bapa moal beurat panginten nyanyandak Mamah téh pami langsing mah," pokna
Kuring seuri bari ngarérét kana awak pamajikan. Mémang bener pamajikan téh awakna montok, sakalieun ménta di anteur balanja waé ka pasar, motor nu di tumpakan téh ngadeyenden beurateun.
“Ari Mamah, naha da tara diakod ieuh atuh, maké beurat sagala. Ari hayang langsing mah teu kudu senam, teu kudu diét, gampang atuh!" ceuk kuring bari nyéréngéh.
‘’Kumaha kitu, Pa?" pamajikan melong panasaran.
“Satujuan wé Bapa rékbnyandung, di jamin dua bulan gé langsing," ceuk kuring bari ngaléos ka kamèr..
Hawar-hawar kadéngé pamajikan kukulutus.
#SCS_Carpon_DS.

Yasana: Yulianti Hafiz
Rarasaan wawuh jeung manéhna karék tilu bulan, tapi asa geus wawuh mangtaun-taun. Unggal papanggih jeung manéhna teu weléh uplek mun ngobrol téh, da sakur topik obrolan nu diobrolkeun téh nyarambung waé. Éndah jeung bagja aya disagigireun manéhna. Silihpaheutkeun jangji, kembang tresna mangkak ligar na ati.
Kawas ayeuna, asa cikénéh gék dina jukut sintétis Alun-alun Bandung. Teu karasa érloji geus nuduhkeun wanci sariak layung, sakeudeung deui ogé bakal ngong adan Magrib.
Seunggah kacida rék cengkat téh, beuratna nataku asa mangku munding sarakit.
"Urang netepan magrib heula wéh yu!" Kang Galih nyarios bari cengkat.
"Hayu, Kang!" cekéng, ngiclik nuturkeun muru ka masigit.
Réngsé solat Magrib kuring jeung Kang Galih teu tuluy mulang, kalah gék deui di tempat nu tadi. Uplek deui waé, silihgonjakan. "Néng hayu atuh tos wengi!"
Kuring teu ngajawab kalah ngeluk, duka ku naon poé ieu asa ku teu wasa papisah jeung manéhna. Tapi dalah dikumaha waktu geus ngagayuh ka peuting. Bisi nu jadi indung arep-arepeun.
Sajajalan Kang Galih terus ngagonjakan kuring, ngerém motor gé ngahaja dicentok-centok da méh kuring tipepereket nangkeup ka manéhna. "Mangga geura lungsur geulis, parantos dugi! Akang teras wangsul nya," bari neuteup geugeut.
Belenyéh imut bari gugupay terus ngaléos.
Kring ... kring ... hapé disada. "Kang Galih," kuring ngagerentes. Laju diangkat, "Sareng Néng Ratna?" ceuk nu nalipun.
"Muhun, dupi ieu sareng saha?" kuring nanya bari kerung da lain Kang Galih nu ngomongna.
"Abdi ti Rumah Sakit Harapan, nu gaduh hapé ieu kacilakaan dicandak ka dieu. Mangga geura pilari!" leng, dunya asa tungkeb na luhur sirah.
Kang Galih, geuning gupay anjeun téh gupay panungtungan. Gupay katineung ti anjeun. Tresna anjeun, asih anjeun dibungkus ku lawon bodas. Kembang tresna nu karék mangkak ligar milu maluguran mapaésan gundukan taneuh beureum. Pileuleuyan panutan.
#SCS_Carpon_YH.

Yasana: Djamhur Ahmad
Tirilik, aya SMS, “Bunda, Gilang ngabantun cuti. Tos lami teu nyekar ka makam apa, sakantenan ngenalkeun Méméy. Calon mantu téa.” Ti harita, pikiran marojéngja. Rungsing pikir. Teu ngeunah saré. Teu genah haté. Indung mana, nu teu bungah diwanohkeun jeung piminantueunana. Tapi naha kudu Méméy. Duh, kumaha nerangkeun ka ibu-ibu majelis, ka tatangga upama piminantueun téh teu saiman, keun palebah sipitna mah. Haté can ihlas narimana. Teu mikeun. “Méméy téh geulis, cool and smart. Soantenna halimpu!” kitu nu apal ngeunaan Méméy tina SMS-na Gilang.
Nyaah ka anak jeung keuheul ku statusna Méméy, pagalo dina perang batin. Teu karasa, cimata mimiti nyitu.
“Ya Allah, pasihan pituduh. Kang Cécép, Euis neda dihapunten. Teu tiasa ngatik sareng ngadidik Gilang. Teu tiasa nyumponan kahayang Akang. Hoyong gaduh minantu saléha téh moal laksana!”
Ciiit ... sora mobil eureun. Diintip tina hordéng. Gilang turun tina mobil, bareng jeung mojang geulis jangkung lénjang.
“Gusti, pasihan kakiatan!”
Gilang anun. Disusul ku Méméy. Kuring nangkeup piminantueun. “Mani geulis. Satadina mah, Bunda téh ...,” teu wasa neruskeun. Cimata nu nyitu bedah saharita maseuhan hijab Méméy.
#SCS_Carpon_DjamhurA.

Yasana: Sumarni Rachman
Ngaran kuring Nie, buuk dibeungkeut siga kuncir kuda, erok pondok, leungeun baju ditikel geus jadi ciri has kuring. Boga sobat tiluan, sarua nyalaléntrik. Aris boga awak jangkung badag ngan mun ngomong sorana leutik jeung cempréng deuih. Iwan, pangawakan pernékel pendék jeung busekel ngabogaan sora nu gedé jeung resep heureuy , mun aya Iwan pasti wéh bakal ramé. Rahmat, nu hiji ieu mah boga kumis ipis, kabisana imut jeung imut dilandih Si Ustad, da jago kana agama, sagala hal sok dipatalikeun jeung agama. Paribasa "Teu kénging saur agama gé! ". Sapopoe kuring layeut jeung maranéhna téh. Cepel kawas parangko, ceuk jaman harita mah.
Hiji waktu pas poé Saptu, kuring sabalad-balad ngariung di kantin sakola, biasa wé éak-éakan saruka bungah bari jeung nembang lagu lawas.
Pas waktu istirahat rék béak, Iwan nanya ka kuring.
"Nie, rék milu Pramuka moal? " ceuk Iwan.
"Teuing ah, asa horéam Nie mah, ari nu lain kumaha, rék marilu moal? " ceuk kuring.
"Nya ari Nie moal mah nu lain gé sigana maroal, kumaha nya carana ngarah urang bisa kabur, pan gerbang mah sok ditulak jaba dijaga ku Satpam?" ceuk Aris bari culang-cileung.
"Ah ... kuring mah moal milu kabur, rék Pramuka waé, da saur agama gé teu meunang kabur! " ceuk Rahmat bari imut.
"Ih ... manèh mah teu solidér! " ceuk Iwan bari muncereng.
"Nie kumaha, Si Ustad moal milu kabur, euy?" tanya Aris.
"Ari Nie mah terserah. Nu rêk milu kabur engké pas palajaran Pramuka kumpul di deukeut gudang nya, hayu urang asup heula ayeuna mah! " ceuk kuring.
Bél geus ditakol tandana kudu bararis di lapang. Aris, Iwan, jeung kuring mah nyalingker mawa kantong ka deukeut gudang. Teu lila kuring badami jeung maranéhna. Kuring culang-cileung néangan akal ngarah bisa kabur.
Nyéh kuring seuri leutik ningali aya tarajé di juru gudang.
"Wan, cokot tarajé ka dieu, sarandékeun kana bénténg! " kuring maréntah Iwan.
"Rék naon euy, maké tarajé sagala?" tanya Aris.
"Geus buru, ulah loba omong! Bisi kaburu kapanggih ku Pembina Pramuka," kuring rada muncereng.
Tarajé geus disarandékeun ku Aris. Térékel kuring naék kana tarajé. Bari culang cileung. Dina luhur bénténg kuring ningali Rahmat lumpat ngadeukeutan. Tuluy kuring ngagajleng ka luar bénténg. Geus nepi kana taneuh kuring ngajorowok.
"Alungkeun kantong euy! Kaayaan aman terkendali."
Lung, lung kantong dialungkeun ti jero, kuring nyanggap di luar.
Kuring rada mésem ningali kantong jadi aya opat.
#SCS_Carpon_Niearcana.

"Montong dibawa budak mah, antep sina diurus ku bapana! Bongan geus nganyenyeri manéh! Buru milu ka Abah, teu nurut moal diaku anak siah ...!" sora lalaki sesengor bari kerewek ngalésotkeun aisan nu napel dina awak hiji awéwé. Laju éta awéwé dibetot paksa ka luar nyingkahan imah. Budak dirawu, dipangku.
"Ku naon geulis, Nyai téh lapar? Tos ah tong ceurik, urang ngala deui cécéndét sareng Tétéh ayeuna mah!" sora budak awéwé umur tujuh taunan ngupahan. Koloyong ka luar muru galengan sawah. Di dinya loba tangkal cécéndét, buahna leubeut karonéng. Tap, diala. Hiji-hiji dihuapkeun ka adina nu keur ceurik tepi ka répéhna.
Wanci beuki nyérélék, teu karasa peuting geus datang.
"Ka mana atuh ema téh? Apa gé tos lami teu uih ...!" kitu gerentesna. Lieuk kana dipan, adina teu kecét-kecét, saré tibra. Gur, seuneu hurung.
"Ema, Euis gé tos tiasa mirun seuneu ayeuna mah," nyéréngéh bungah. Sok, kastrol eusi béas ditumpangkeun na liang hawu. Manéhna ngadeluk pipir hawu bari ngasur-ngasur seuneu. Sakapeung digeber, sakapeung dikepohan. Ari ku sabar mah teu wurungan asak ogé liwet téh. Seduk, nyiuk sapiring tuluy dipurulukan uyah. Celebek, celebek manéhna dahar semu ni'mat pisan.
Tengah peuting ngewang-ngewing, hawa beuki karasa tiis, angin tarik ngagelebug. Kulisik manéhna lilir, koréjat hudang. Berengbeng ka tengah imah, luak-lieuk.
"Ema ... di mana ema ...?" ngahinghing na lawang panto.
"Cééh ... cécéh ...!" sora adina nu kakara diajar leumpang jajarigjeugan muru manéhna. Budak dipangku, karasa panas nyebrak saawak-awak. Gap, kana samping aisan, budak diais diéyong-éyong. Beuki lila awakna beuki panas. Ras inget, mun manéhna gering panas ku indungna sok dikomprés. Cag, budak diécagkeun, kilicid nyokot cai jeung lamak urut samping. Lamak dikunclumkeun kana cai tuluy dipeureut. Pel, ditapelkeun kana tarang budak.
Wanci ngagayuh ka Subuh, budak panasna angger teu turun. Budak téh aya ku soléh, teu hariwuk, teu ceurik. Ngalelempréh waé dina lahunan, leungeunna muntang pageuh ka manéhna. Teu lila, kerejet, kulapés!
Teu karasa cipanon ngalémbéréh maseuhan pipina. Sanajan geus lila, kasedih, kapeurih nu baheula tumiba masih kénéh nanceb dina ati pangjerona. Dua puluh taun kalarung teu bisa nyinglar kangéwa ka nu jadi bapa. Bapa nu jadi alatan hirupna katalangsara. Sanggeus bapana kawin deui, manéhna sasat dialung-alung, ditatawarkeun ka unggal jalma. Geus puguheun indungna mah saprak adina tilar dunya téh apan hirupna gé teu normal deui. Walahwah-weuleuhweuh matak watir.
Ayeuna manéhna geus rarabi, hirup normal siga batur. Teu munapik, bisa tepi ka kitu téh sabab aya pitulung ti Gusti ngaliwatan kulawarga bageur nu haat ngurusan manéhna.
"Kumaha Téh, kersa ngarawatan abdi? Ka saha deui abdi minangsaraya? Da puguh dulur nu saindung mah geuning taya nu haat, kabéh gé haré-haré,' sora budak lalaki semu ngingsreuk.
"Ti iraha bapa ngilesna Jang?"
"Ti tujuhna ema gé tos teu aya, Téh ...!" budak dirangkul pageuh.
"Duh, Gusti ... énggal sadarkeun pun bapa téh!" duaan paungku-ungku.

Sabtu, 29 Juli 2017
Yasana: Abie Zekka
Wanci sareupna, kuring cicing dipatamanan. Katingali kukupu nu rék ngampih, mani ngaleut eungkeuy-eungkeuyan. Ngulinting malipir kebon, ngalingkung kembang. Hanjakal wanci kieu mah kembang tas nutupkeun éndahna.
Cleg, kukupu téh kalah eunteup na leungeun. Hiji, dua, tilu tuluy ngalobaan ngagimbung kabéh ngabébérkeun jangjangna hayang ditulisan. Kukupu jiga nu surti kana kahayang diri.
Heueuh, kuring teu nampik rék nuliskeun talatah kasono, rék néplakkeun kacinta ka panutan ati nu jauh duka di mana. Kukupu dipapaés, dipapay, ditulisan hiji-hiji. Lain tulisan samanéa, ogé lain sajakna sang pujangga. Tapi kuring nulisna ku rasa kadeudeuh jeung kanyaah nu taya hinggana. Dipulas ku kelir kasono, nu éndah pisan.
Trét, kuring nuliskeun dina jangjang nu sabeulah.
"Jungjunan, Akang sono." Pung, dihiberkeun. Heuleut sarénghapan kukupu datang deui. Jangjangna nu sabeulah deui jadi aya tulisan.
"Abdi gé sono panutan." Haté kacida bungahna geus nampa béja ti manéhna. Les, kukupu ngarampih.
Hatur nuhun kadeudeuh, hatur nuhun kukupu geus nepikeun talatah kuring ka nu dipikacinta.
#SCS_Carpon_AZ.
Balil deui ka beranda, kik di dieu!

Bulan Dèsémber katompérkeun harita téh, bareng hudang leungeun keram, biwir karasa baal teu bisa kéom-kéom acan. Gancang lumpat ka kamér rék ngeunteung. Na ari bréh téh biwir jadi béngo. Hanjakal mah tara ti heula, nya teu nurut ka nu jadi salaki, titah uubar teu deui-teu deui disangka téh panas tiris biasa. Diupah-apéh ulah ceurik, ké gé bakal cageur sabihari. Tapi nya kitu nu keur ngarandapan gering mah teu cukup ku dibeubeurah. Tangtu kuring bakal éra panggih jeung batur. Bakal diseungseurikeun jeung pasti padananya kana éta mah panyakit ajab ti Gusti.
Uubar mah uubar tapi Gusti can marengkeun. Kuring beuki sadar yén ieu mah cocoba ti Gusti. Rumasa sok rumatu, kabadéga ari nitah kudu pok torolong, ka salaki wani nitah
Adan Magrib ngalanglaeung ti ka jauhan, kuring muru ka cai rék abdas. Kuring nyuuh dina amparan sajadah, nyuhunkeun pangampura dosa nu dilakonan ku kuring boh nu karasa boh nu teu karasa. Kakara haté ngarasa longsong. Kuring yakin moal samata-mata Gusti nibankeun ieu cocobi mun kuring teu mampu pikeun nandanganna.
Peuting ieu, rarasaan téh teuing asa ku tingtrim. Angin tingtrim geus nyaliara kana haté sagemblengna. Lantaran kuring geus tumarima.
Enya tingtrim. Langit cangra narawangan, béntang-béntang tingkaretip narémbongan. Lir nu ngabéjaan. Naon nu kasorang geus tangtu, urut tatapakan diri sorangan.
“Hampura abdi, Kang!" kuring ngagerendeng. Cimata bulan Désémber, malidkeun kasombongan diri.

Yasana: Ardhie DA Setiana
"Wilujeng énjing Aki!" ceuk saurang awéwé pagawé salon anu katelah ngarana Enok. Manéhna soméah pisan dina narima palanggan salon, keur mah geulis soméah ongkoh, matak kayungyun.
"Wilujeng enjing ogé Enéng!" walon Si Aki.
"Badé diparas aki téh?" tanya Enok ka éta aki-aki.
"Muhun Enéng badé diparas aki téh."
"Mangga aki kapalih dieu calik heula!" gék si Aki diuk na korsi hareupeun eunteung badag. Teu kungsi lila Enok nyampeurkeun ka Si Aki bari pok nyarita.
"Aki rambutna urang wasuh heula supados beresih!"
"Aéh ... mangga Néng! Aki mah ngiringan wé kumaha saéna," témbal Si Aki.
"Aki, mani saé rambutna gomplok kénéh sanaos tos sepuh gé, ari yuswa sabaraha Aki téh?" ceuk Enok ngajak ngawangkong ka éta aki-aki.
"Aki mah yuswa 73 taun, Néng."
"Euleuh geuning tos sepuh, tapi katawis jagjag kénéh, aki rambutna tos bodas nya, kumaha pami urang cét wé ku warna hideung supados katingal anom?" ceuk Enok basa-basi.
"Aaah ... mangga Néng! Aki mah ngiringan wé kumaha saéna."
Sanggeus bérés dikujamas jeung dipikok hideung, Enok nyokot gunting jeung sisir maksudna mah rék nyukuran Si Aki.
"Aki, dikujamas atos, dipikok ku warna hideung atos, tah ayeuna kantun diparasna, Aki hoyong diparas modél kumaha?" ceuk Enok nanya deui.
"Aéh ... Néng, Aki mah dibotakan wé, da geuning hareudang ari buuk panjang téh!" walon Si Aki teu kireum-kireum. Enok beungeutna ngadadak euceuy beureum bari kukulutus.
"Koplok sia ah ... dasar aki-aki, hanas capé-capé aing ngumbah sirahna mikokan buuk, na kalah ménta dibotakan, mun ti kaheuleutan!" peletuk sirah Si Aki ditéké.
#SCS_Carponn_AS.

Yasana: Ahmad Firdaus
Luhureun lawang asup ka warungna aya plang maké aksara gedé diraéh "WARUNG SURABI BANDUNG". Harita diajak ku babaturan basa balik lalajo lomba kréasi seni. "Néng, tilu nya!" harita babaturan pesen nu maksudna tilu porsi. Méméh ka luar ti warung kuring nyampeurkeun ka awéwé palayan nu tadi.
"Neng, pami pesen tiasa henteu kanggé dina acara rapat atanapi kempelan, nya sapertos kitu lah?" tanya kuring.
"Oh, tiasa atuh, Pa, mangga mung kedah dua dinten sateu acanna supados teu kabebereg di dieuna," manéhna némbalan.
"Pami badé pesen ka saha nya?" kuring nanya deui.
"Ka nomer abi wéh nya, Pa!" manéhna imut bari ngasongkeun hapé, katémbong ngaran Yunita jeung nomer hapéna. Sanggeus beres babayar langsung saréréa ka luar ti warung.
Ti harita geus dua kali pesen surabi minangka senékna dina raraga kumpulan guru-guru nu husus ngokolakeun duit sakola. Tapi ari SMS-an mah jeung nalipun ampir unggal poé.
"Tos kulem teu acan?" manéhna nga-SMS jam dua welas peuting.
"Teu acan atuh," kuring malesan.
Kitu wéh ampir unggal peuting SMS jeung inbokan, panon gé asa carindul balas teuing kurang saré. Rarasaan mah asa buni wawuh jeung manéhna téh, padahal loba nu apaleun geuning. Da éta wéh basa dina ondangan kawin manéhna babaturan loba nu dédéhéman pas keur sasalaman jeung manéha waktu rék pamitan.
"Surabi, surabi yeuh, héhéhé!" babaturan ngalédék minangkana mah.
"Ah da barina gé ukur heureuy," kuring némbalan neger-neger manéh. Mémang salah kuring waktu manéhna geus méréan daék didua, kuring teu wani méré kapastian.
Harita kungsi geus ngalamun, malah boga pikiran nu rada ngeres. Cacakan surabi nu ukur dijieun tina tipung béas sakitu pelemna, komo surabi aslina mah. Geduk! Karasa helem nu diboncéng ngageduk kana punduk. "Eueuh, tong ngalamun atuh bisi nabrak tukang surabi hahaha!" ceuk nu diboncéng nyarita tuluy ngahaha.
Kasebelan, teu ngarasakeun batur keur handeueul surabi nu dipicangcam kiwari kapimilik ku batur.
#SCS_Carpon_AF.

Keur ramé usum PILKADA ayeuna téh. Di unggal lembur kaasup di Désa Nyolotod, malah geus diistrenan Kepala Désana ogé nya éta Jang Omad.
Teu kaasup jalma pinter jeung gaul ogé Jang Omad téh ngan muji ari kana kawani jeung kawantér mah.
Hiji mangsa Pa Kadés Omad kapéto pidato dina acara peresmian pabrik nu anyar ngadeg. Atuh naskah geus sayagi cacak bari beunang ngéngkén gé rédaksina, diapalkeun.
Cunduk waktu Kadés dihancengan waktu biantara, atuh jug golontang wé katalar nepi ka puncak pidato.
"Parawargi sadaya, ngalangkungan acara ieu maka pabrik TEKTIL ku simkur ...." Ditoél ku Sékdés bari ngaharéwos.
"Pa, S na kakantun?"
"Oh parahadirin sadaya, ngalangkungan acara ieu, maka pabrik TEKTIL ogé pabrik S ku sim kuring resmi dibuka," dipapag keprok jeung surak nu hadir dina éta acara.
(Sareuri atuh lah, karunya ka nu mosting).
#SCS_Carpon_Rump.

Yasana: Listati Sunarti
"Aduh ... Dédé ganteng, kasé sini sama ibu!" kuring ngadeukeutan budak lalaki umur lima taunan. Ana goak budak soak bari undur-unduran panonna mencrong seukeut ka kuring tuluy lumpat nyampeurkeun bapana.
"Ayaaah ... awas jangan deket sama ibu itu, dia jahat ayah, jahat!" teuteupna beuki seukeut bari rut-rét ka kuring niténan ti luhur nepi ka handap, bari panon muncereng teu leupas, tuluy ngagugunyéng bapana nu saukur olohok teu ngarti ku pamolah budak, nu teu pupuguh ngadat.
Kuring gé reuwas nataku, ningali kalakuan budak nu teu pupuguh siga nu ambek jeung keuheul ka kuring. Rét kuring neuteup paroman bapana teup silihpencrong, nyéh seuri maur, tuluy ngarérépéh budak bari mangku, budak tetep amuk-amukan.
"Ayah ... ayo pulang, jangan deket sama ibu itu lagi, dia jahat, jahaaat ...!" budak beuki rosa ngamukna, mangkaning harita keur kaayaan istirahat jam kantor, batur silihrérét ningali budak ngamuk.
"Ayo sini Dé, yu beli jajan sama ibu ...!" kuring ngupah-ngapéh, tapi budak beuki ngadat teu répéh panonna tuluy mencrong bangun nyimpen kaceuceub ka kuring.
"Sana ... pergi! ibu jahat, jahat, aku gak mau ayah deket sama ibu jahat ...!" mingkin kocéak dengék.
Bapana keukeuh teu ngarti ku naon ieu budak ngadat jeung keukeuh pisan ngéwa ningali kuring, padahal kuring karék panggih munggaran jeung bungsuna Kang Arya, nu salila ieu jadi bébéné kuring di pagawéan.
Teu lila Tita batur sakantor kuring kurunyung, sigana kagareuwahkeun ku sora budak nu ngadat.
"Aduh, ku naon atuh Kang Arya Si Dédé bet ngamuk kitu ...? Ayo sini sayang sama tanteu, yu!" teu sakara-kara budak répéh sanggeus dipangku ku Tita babaturan kuring.
"Wah ieu mah Téh, budak téh masih polos, batinna bisa ngarasakeun yén Tétéh tos ngarebut bapana, sanajan Kang Arya sareng Tétéh teu balaka, tapi budakmah suci, bisa ngarasakeun kajadian antara Tétéh sareng Kang Arya ...." Tita ngabéléhém ka kuring jeung Kang Arya. Kuring saukur silihpelong jeung Kang Arya. Nya ukur Tita sobat kuring nu apal yén kuring jeung Kang Arya aya patali ati, anu sabenerna nu disebut cinta terlarang téa, lantaran séwang-séwang boh kuring boh Kang Arya sarua pada-pada geus kulawargaan. Meureun ku sering panggih di pagawéan sanajan béda bagian gé, kuring di kantorna ari Kang Arya bagian lapangan, malah sok dines ka luar, tapi kuring jadi deukeut jeung Kang Arya, nu saban usik manéhna curhat ka kuring ngeunaan rumah tanggana, sanajan cenah bagja jeung pamajikanana, tapi ka mamana unggal usik ditaringakeun, balik ulah laat, mun geus waktuna mulang jam sakitu kudu geus aya di imah.
Kang Arya lalaki anu nyaah ka kulawargana, oge daékan bunta-bantu kana naon waé pagawéan rumah tangga, nyeuseuh, beberesih imah jeung sajabana, ogé mantuan usaha pamajikanana nu pinter tur lincah dina ngajalankeun usaha kana konféksi.
Kuring gé reueus ku motékarna pamajikan Kang Arya. Tapi kuring meunteun Kang Arya téh susis ceuk kuring mah, nya éta suami takut istri téa meureun.
#SCS_Carpon_List.

Yasana: Basyar Isya
Mun keur diuk nyorangan kieu téh, uingah sok tuluy anteng ngalamun. Nu matak ulah héran mun sakapeung uing sok nyéréngéh sorangan. Lain pédah keur ngalamunkeun éndahna bobogohan jeung Syahrini. Omat ulah hadé sangka kitu, Lur. Ngan ieu mah sok inget kana talajak sobat uing, ngaran Si Rahul. Lain urang India ki sobat téh, euy. Da éta mah ukur ngaran landihan. Ari ngaran aslina mah ... teu kudu nyaho kétang. Nu jelas, pasti geus kateguh ku didinya gé meureun, yén si éta mah mun ngawangkong téh sok teu jauh-jauh ti ngarahul. Samalah mah éta panyakit rahulna téh bakal beuki maceuh mun keur ditanggap ku balaréa.
Tah ieu yeuh di antara ketakna ki sobat mun keur ngawangkong jeung saha waé. Hiji waktu basa keur ngariung jeung uing sabatur-batur, jug celengkeung wé manéhna muka paguneman.
“Éta mah, euy, kajadian nu karandapan ku uing. Moal bisa dipopohokeun saumur hirup gé jigana mah …,” pokna.
“Mémangna pangalaman naon kitu, Hul? Cik dongéngkeun atuh!" uing sabatur-batur ngawalon méh saur manuk. Panasaran tuda.
“Kieu geura dongéngna téh: Hiji waktu pasosoré, uing ulin ka hiji tegalan nu loba jukutna. Maksud téh rék néangan simeut keur parab domba adu nu uing. Keur anteng dodongkoan, na atuh ari jelengéng téh ceuli asa katorékan. Jaba karasa peureus pisan jiga aya nu nyintreuk. Bari ngagoak bawaning ku nyeri, uing ngalieuk ka tukang. Ari bréh téh aya buta keur ngabedega bari nyolodorkeun deui leungeunna. Tayohna rék mindo nyintreuk deui ceuli uing meureun. Maranéh hayang nyaho, jiga kumaha dedeganana éta buta téh?”
“Enya jiga kumaha atuh? Teruskeun dongéngna euy …!”
“Éta buta téh awakna badis sagedé beus kota. Jangkungna mapakan tugu Monas. Jaba éta mah curukna euy, mun dilempengkeun, aya meureun satangtung awak uing mah. Ah ... tapi uing mah teu ngarasa sebér saeutik-eutik acan. Babakuna mah éta ku hayang males kanyeri euy. Tuluy uing téh ngarénghap, narik napas panjang. Puuuh! Éta raksasa ku uing ditiup satakerna. Na atuh ari belewer téh si raksasa mecleng jauh pisan bari kocéak dengék. Ngadéngé béja mah muragna gé pas pisan di tengah-tengah Situ Paténggang, di Ciwidéy."
“Bel siah, ngawadul téh teu kapalang. Hanas didéngékeun,” babaturan uing méh rampak arambek.
“Na ari maranéh? Pan tadi maranéh nitah uing ngadongéngkeun. Na di mana uing salahna?” pokna téh teu euleum-euleum.
Dina poé nu séjénna deui, kasampak Si Rahul keur dirariung di hiji buruan nu lega. Teuing ti mana daratangna éta jalma-jalma téh, da mani sakitu noyékna. Jeung deuih, teuing kumaha carana Si Rahul ngondang éta balaréa. Naon cik, nu diomongkeun ku ki sobat? Ukur ieu yeuh, teu kurang teu leuwih:
“Cik teguh. Barang naon nu gampang pisan mecleng?” ceuk Si Rahul. Tapi, tétéla aya wé geuning nu haat ngajawab. “Korong dina tungtung curuk disintreuk,” jawab salasaurang nu lalajo.
“Huuu ... teu ramé ah. Langsung kateguh,” ceuk nu séjénna mani rampak bawaning ngarasa kuciwa meureun. Laju sakabéh nu ngariung mani noyék téh bubar marulang ka lemburna séwang-séwangan. Sawaréh kana treuk. Sawaréh deui kana karéta api. Sésana mah aya nu laleumpang. Aya ogé nu baroncéngan kana motor.
Tah, ayeuna uing rék nanya ka maranéh sakabéh pamaca. Logis henteu ieu “laporan réportaseu” beunang uing téh? Naon, teu logis? Majar uing ngabohong? Naha atuh maké dibaraca? Na ari nyanéh ...?
#Carpon_BI.

Angin ngahiliwir niupan awak nu karasa panas jeung hareudang. Pangaruh halodo geus lima bulan. Cai geus mimiti hésé, taneuh ngarebul, sawah-sawah garapan geus padangantep antukna jadi leuweung.
Handapeun tangkal mahoni Rusja keur ngiuhan tina nyongkabna hawa panas panonpoé. Bari ngararasakeun hiliwirna angin, matak nundutan. Lengut Rusja peureum bakating ku nikmat.
"Kang calikna palih dieu atuh!" ceuk hiji sora awéwé ngagareuwahkeun Rusja nu keur lelengutan satengah sadar.
"Hatur nuhun Néng, teu sawios Akang ngiring ngiuhan sakedap," ceuk Rusja bari nangtung muru imah éta awéwé.
"Hapunten Kang! Geuning mung sakieu kaayaanana matak isin," ceuk éta awéwé bari nyampeurkeun. Gék diuk deukeut Rusja.
Selengseng seungit kembang malati. Haté Rusja norowéco teuing ngomongkeun naon.
"Aéh, nepangkeun Akang Rusja," tanya Rusja bari nyolongkrong leungeun sasalaman.
"Nepangkeun deui abdi Nurma," pokna bari nampanan leungeun Rusja.
Sup Rusja asup ka patengahan imah jiga karaton, Rusja ngahuleng bari gék diuk dina korsi empuk ngadelewo. Sor Nurma nyuguhan lalawuh. Aranéh lalawuh téh. Rusja nginum sirop warna beureum anu disuguhkeun leguk-leguk saking hanaang sagelas érép. Bray tetempoan Rusja asa caraang, rét ka Nurma nu keur diuk hareupeun.
"Kang icalan tos lami?" ceuk Nurma bari ngarindat imut.
"Lumayan lami Néng, palih dieu kinten-kinten aya nu peryogieun barang kelontong teu nya?" ceuk Rusja bari ngarérétan ka luar.
"Seueur Kang, atos wé icalan di dieu atuh!" ceuk Nurma bari ngaléndéan Rusja. Rusja teu puguh rasa da puguh manéhna mah masih bujang can pangalaman.
"Muhun jigana ramé di lembur ieu mah tapi kumaha Akang rereb di saha?" walon Rusja.
"Ari Akang sok di abdi atuh di dieu, tempat mah lega mangga téh teuing," walon Nurma atoh.
Rusja ahirna cicing di imah Nurma usaha kana barang kolontong, asalna ngiriditkeun lila-lila boga toko muka di imah Nurma. Nurma ka Rusja geus jiga ka sakakina, nyakitu deui Rusja geus teu asa-asa deui. Rusja nurut kana sagala panitah jeung kahayang Nurma. Rusja boga anak ti Nurma awéwé, ayeuna geus umur opat taun.
Hiji poé Rusja ulin jeung budakna kapilemburan beulah wétan. Asa kakarék Rusja ka éta lembur. Keur leumpang nuyun budakna, reg manéhna eureun bari nyidik-nyidik dedegan nu keur muru ka manéhna.
"Jang Rusja, ieu Jang Rusja?" pokna bari ngadeukeutan.
"Aéh, Mama Ajengan, badé ka mana?" pokna bari sasalaman. Ajengan Yusup nungtun Rusja ka saung sisi jalan.
"Bener ieu Jang Rusja?" ceuk Ajengan Yusup bari babacaan.
"Alhamdulillah, Jang Rusja hayu mulang, Jang, Ma Esih keur gering parna. Ieu budak saha?" Ajengan nanya bari ngarérét ka budak awéwé.
"Pun anak Mama Ajengan," ceuk Rusja.
"Ma Esih teu damang, teu damang naon?"
"Hayu ayeuna mah, Jang Rusja longok heula Ma Esih!" Ajengan Yusup sasat ngagusur Rusja bari terus babacaan ngajauhan éta tempat. Rusja hémeng, manéhna dipaksa kudu milu, antukna nuturkeun bari mangku budak. Pikiran Rusja asa ngalayang, suwung.
Anjog ka imah Ma Esih loba jalma keur ngaji, Rusja asup alak-ilik jiga nu hémeng teu warawuh, rét kana dipan Ma Esih keur ngagolér diriung-riung.
"Ema, Ema ku naon Ema téh?" ceuk Rusja bari nyekelan leungeun Ma Esih. Bray Ma Esih beunta neuteup nu ngagentraan. Rusja ngarangkul indungna bari ceurik. Paungku-ungku. Geus leler Ma Esih nanya ka Rusja "Ka mana teu balik geus genep taun?" Rusja ngahuleng. Da rarasaan na mah can lila. Indit ti imahna. Rusja derekdek ngadongéngkeun lalampahanana, saréréa ngahuleng da Ma Esih mah can pernah ngawinkeun Rusja. Ajengan Yusup tuluy ngubaran Rusja sangkan pikiranna teteg, budak nu dibawa ogé diurusanan. Rusja téh kabawa ka alam lain, untung manéhna ayeuna salamet.
Mang Gani mikeun tanggungan wadah dagangan kolontong anu ngagolér handapeun tangkal mahoni waktu Rusja eureun ngiuhan. Rusja inget, harita manéhna kapulesan satengah sadar aya nu ngajak eureun di hiji imah.

Mistis
|
0
koméntar
Yasana: Ambu Lies
Teu karasa, umur téh geus tengah tuwuh. Sadar soténan, ku incu padanyebut ema jeung ambu. Jeung salaki gé, geus ganti nyebut jadi abah jeung ambu. Rumah tangga geus ampir tilu puluh taunan. Asa tingtrim wé, tara cékcok, sanajan pangadatan salaki rada alus ogé. Diparengkeun boga turunan salima-lima. Nu kahiji jeung nu kadua mah geus kurénan.
Hirup téh asa ngaguluyur, unggal poé kitu jeung kitu wé. Ka béh dieunakeun rada gaul, maké jeung boga akun Pésbuk. Niat awal mah tamba kesel teuing, gawé ukur nguwek di imah. Salaki gé teu garah-geureuh kajeun wé cenah ari tamba kesel mah. Beuki lila asa beuki resep, komo mun pareng silihtempas dina pairan mah. Asa poho wé kana umur mah, salaki gé rada béda budi karasana téh. Sabodo, kuring angger, unggak poé téh ukur riweuh jeung hapé.
Isuk-isuk geus haliwu, kokotéténgan néangan hapé kameumeut, lebeng teu kapanggih.
"Baah ... mendakan hapé Mbu?" nanya ka salaki.
"Hhmmm ...," ukur kitu.
"Ari Abah, di taros téh. Padu waé ngawaler téh ...?" rada keuheul.
"Tuh, dina gelas. Tadi téh hoyongeun ngopi cenah!" jongjon. Kojéngkang ka dapur, rét kana méja. Enya wé hapé téh aya dina emuk nu pinuh ku cikopi. Ngahuleng, leketey kakara sadar. Paingan salaki béda budi, da geuning kuring téh salah.
Ku lantataran katungkulkeun pangaresep, ngaulaan salaki ogé tangka kapopohokeun. Hayang ngopi gé werat ninyuh ku sorangan.
"Hampura Abaaah, Ambu rumasa salah." Aya nu ngeclak, basa nyuuh kana lahunan salaki.
"Sukur, ari Mbu geus sadar mah ...." Aya usap héman kana buuk nu geus carambang.
#SCS_Carpon_Lies.

Langganan:
Postingan (Atom)